Menta supaya aya anu ngatur geus aya. Balikanan Bapa mah geus kolot ngan kari huis. Sukur anak-anak Bapa barisaeun keneh marengan ka maraneh. Bapa ngapalaan maraneh teh ti ngongora nepi ka ayeuna.
Ayeuna, ieu Bapa hareupeun maraneh. Bisi Bapa geus nyieun kasalahan, pek geura salahkeun ayeuna, didieu, di payuneun PANGERAN jeung di payuneun raja pilihana-Na. Saha anu sapina atawa kaldena kungsi dicokot ku Bapa? Saha anu geus kungsi dinyenyeri atawa diteungteuinganan ku Bapa? Ti saha Bapa kungsi nampa panyogok? Bisi kungsi Bapa ngajalankeun salah sarupa ti nu bieu disebutan, arek ditebus ayeuna.”
Saur Samuel, ”Lamun kitu tetela Bapa henteu boga salah naon-naon ka maraneh. PANGERAN jeung raja pilihana-Na saksina.” ”Leres, PANGERAN saksina,” jawab maranehna.
Ayeuna pek narangtung heula urang urusan, kasaksian ku PANGERAN. Bapa arek mulangkeun ingetan maraneh kana sagala padamelan PANGERAN anu aragung enggoning nulungan maraneh jeung karuhun.
Waktu Yakub sapala putra sumping ka Mesir, waktu karuhun maraneh dikaniaya ku urang Mesir, waktu nyambat pitulung PANGERAN, Mantenna ngutus Musa jeung Harun anu nginditkeun maranehanana ti Mesir nepi ka bisa maratuh di ieu tanah.
Tapi tuluy maropohokeun ka PANGERAN Allahna. Mana ku Mantenna diantep diperangan ku urang Pelisti, ku raja Moab, jeung ku Sisera panglima perang kota Hasor. Areleh.
Mantenna ngutus Gidion, tuluy Barak, tuluy Yepta, pangahirna Bapa, masing-masing geus ngajait maraneh ti musuh-musuh, nepi ka maraneh bisa hirup tengtrem.
Tapi barang diancam ku Raja Nahas ti Amon, maraneh bet noker ka PANGERAN, raja maraneh anu geus aya, bari tuluy marenta ka Bapa. Ceuk maraneh, ’Hayang gaduh raja, hayang aya anu ngatur.’
Upama maraneh ngagungkeun ka PANGERAN Allah, sumembah, gumusti, henteu mungpang kana sagala timbalana-Na, sarta raja maraneh anut ka Mantenna, maraneh tangtu jamuga.
Ayeuna usum katiga, lain? Tapi Bapa rek nyuhunkeun hujan dibarung ku guludug ka PANGERAN. Lamun kabuktian, eta nyirikeun maraneh teh dosa gede geus menta raja ka PANGERAN.”
Seug arunjukan, ”Abdi sadaya pangnedakeun ka PANGERAN Allah panutan Bapa supados ulah tariwas. Leres pisan abdi-abdi teh dosa ka PANGERAN, nya ku rupi-rupi perkawis, nya ku nyuhunkeun raja.”
Atuh bapa oge paliyas nepi ka cul mangnedakeun, sabab matak dosa ka PANGERAN. Bapa teh hayang ngawurukan ka maraneh, nuduhkeun kalakuan anu hade jeung bener.