Gen Goliat ngajanteng, tuluy susumbar ka urang Israil, ”Keur naraon di dinya, arek perang? Maraneh badega-badega Saul, kami urang Pelisti! Pilih ti dinya jagona, urang perang tanding jeung kami.
Lamun tarungna meunang sarta bisa maehan kami, kami sarerea daek jadi badega maraneh; tapi lamun kami anu meunang sarta bisa maehan eta, maraneh kudu jaradi badega kami.
Dina hiji poe Isai misaur ka Daud, ”Teang akangna ka pasanggrahan, bawakeun sanggray gandum sapuluh kilo jeung roti sapuluh siki. Jung buru-buru longok ka pasanggrahan.
Jeung ieu bawa kiju sapuluh siki keur kapala perjurit. Balik ti ditu kudu mawa tanda yen hidep enggeus ka ditu jeung geus papanggih jeung akangna, salamet henteuna.
Isukna isuk-isuk Daud hudang, tuluy nitipkeun domba ka nu sejen, bral iang mawa bebekelan sakumaha parentah ramana. Barang jol ka pasanggrahan, nyampak balad Israil keur arindit ka medan jurit bari ngagorowokkeun jerit perang.
”Tenjo itu jelema!” aromongna ka pada batur. ”Dengekeun tah susumbarna! Saha-saha anu bisa maehan eta, saur Raja Saul bakal diganjar, malah rek ditikahkeun ka putra istrina sarta kolotna rek dibebaskeun tina upeti.”
Daud naros ka hiji jelema, ”Bade dikumaha jalmi anu tiasa maehanana sareng anu tiasa nyingkirkeun kahinaan ti urang Israil teh? Sareng saha eta urang Pelisti umat brahala teh, mani kacida ngahinana ka balad Allah anu jumeneng?”
Kadengeeun ku Eliab, rakana anu pangkolotna. Eliab kacida keuheuleunana ka Daud, tuluy nyarekan, ”Rek naon los-los ka dieu? Ku saha domba diurusna di ditu di tanah gurun? Bandel! Cologog! Ka dieu teh maneh mah ngan rek lalajo perang!”
Parantos seueur singa sareng biruang anu paeh ku abdi. Eta urang Pelisti umat brahala anu sakitu ngahinana ka balad Allah anu jumeneng oge tangtos bakal tiwas ku abdi.
PANGERAN parantos ngaraksa abdi ti singa sareng biruang, ayeuna ge tangtos ngaraksa ti eta urang Pelisti.” Waler Saul, ”Heug atuh, jung! Muga ditangtayungan ku PANGERAN.”
Luareun raksukan nyoren pedang Raja Saul, prak ngajaran ngalengkah. Teu iasa, da teu tuman nganggo nu kitu. Pok miunjuk ka Saul, ”Abdi gamparan teu tiasa nganggo anu kieu, teu biasa.” Tuluy raksukan perang teh dilaanan.
Geus kitu ceg kana iteuk parantina ngangon, top mulung batu reok lima siki ti susukan diasupkeun kana koja. Kencling ngabujeng ka Goliat bari ngajingjing bandring.
Daud ngawaler, ”Maneh datang mawa pedang, tumbak, jeung tohok. Kami mah mawa pajenengan PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah panutan wadya balad Israil anu ku maneh dihinakeun.
Poe ieu keneh maneh ku PANGERAN diselehkeun ka leungeun kami. Hulu maneh ku kami rek diteukteuk. Bangke-bangke urang Pelisti ku kami rek diparabkeun ka manuk jeung sato galak. Satangkaraking jagat bakal nyaraho yen di Israil aya Allah.
Sarta unggal jelema bakal nyaksian, PANGERAN nyalametkeun umat-Na lain ku pedang atawa tumbak. Mantenna tukang unggul saban tarung. Maraneh kabeh bakal ragrag kana kakawasaan kami!”
bari ngodok batu kana koja; seleber dibandringkeun, beletak, meneran pisan kana tarang Goliat datang ka sirahna bejad. Goliat ngajungkel, beungeutna nyuksruk kana taneuh.
Daud muru ka Goliat, tuluy nangtung deukeutna. Pedang Goliat ku Daud dicabut tina sarangkana, dipake neukteuk sirah Goliat. Barang narenjo pamukna tiwas, balad Pelisti kalabur.
Ger urang Israil jeung urang Yuda sarurak, tuluy ngabeledig ngudag-ngudag sapaparat jalan ka Gat nepi ka lawang-lawang Ekron. Urang Pelisti anu kasarambut bangkena pating jaropak, bacacar sapaparat jalan anu ka Saaraim nepi ka Gat jeung Ekron.
Basa Daud enggeus jung arek ngalawan Goliat, Saul mariksa ka Abner panglima perangna, saurna, ”Abner, anak saha eta teh?” Wangsul Abner, ”Duka Gusti, abdi teu terang.”