Enjing ama bade ka tegalan anu dianggo nyumput ku Rayi, ari Akang bade nyarengan ama sareng bade unjukan perkawis Rayi. Kitu kieuna engke ku Akang diwartoskeun.”
Yonatan ngunjukkeun perkara Daud ka Saul, piunjukna, ”Mugi Daud ku Raja henteu dikitu kieu. Daud teh teu aya pisan lepatna, malah sugri lampahna jadi pitulung ka Sang Raja.
Waktos ngarubuhkeun Goliat, Daud dugi ka naruhkeun nyawana, jadi lantaran Israil kenging kaunggulan sakitu ageungna ti PANGERAN. Waktos eta Sang Raja bingah ningalina. Ku naon ayeuna kagungan maksad teu sae ka nu teu aya dosana, bade maehan Daud kalayan teu aya lantaran?”
Peutingna bumi Daud ku Saul dipiwarang ditingker, maksadna dina isukna Daud rek ditelasan. Tapi anjeunna diwartosan ku Mikal geureuhana, ”Akang wengi ieu keneh kedah ngalolos, margi enjing aya anu rek maehan.”
Ku Saul dipiwarang disusul, kudu ditangkep. Barang daratang ka Nayot, anu nyarusul teh narenjo nabi-nabi keur ngarigel jeung tinghaleuang, diluluguan ku Samuel. Ku kersaning Roh Allah, jalma-jalma anu rek nangkep Daud teh marilu tingrengkenek jeung tinghaleuang.
Kawartoskeun ka Saul, seug anjeunna ngirimkeun deui jelema leuwih loba. Tapi anu ieu oge marilu ngarigel jeung tinghaleuang. Saul ngirimkeun deui jelema katilu kalina, tapi anu ieu oge sarua kawas anu ti hareula.
Geus kitu mah anjeunna ku anjeun nyusul ka Ramah. Geus sumping ka sumur di Seku anjeunna mariksakeun di mana Samuel jeung Daud. Dibejakeun yen aya di Nayot.
Sumping ka Nayot anggoanana dicuculan, terus ngigel deui bari hahaleuangan di payuneun Samuel. Geus kitu bru bae ngalonjor sapoe eta jeung sapeuting jeput bari purucul. (Ti harita di dinya aya kacapangan, ”Kutan Saul oge jadi nabi?”)