Diwaler ku Daud, ”Nuju ngemban timbalan raja. Timbalanana ieu perkawis anu diemban teh ulah aya anu terangeun. Rerencangan mah dipiwarang ngarantosan di Anu.
Ceuk imam, ”Roti biasa mah teu gaduh, aya oge roti suci. Eta bae candak, kitu soteh upami hidep sareng rencang-rencang parantos nyegah anjeun ti istri.”
Saur Daud, ”Kantenan! Sarengna deui sadayana oge pimanaeun ka istri! Bujeng-bujeng keur ngemban timbalan anu sakieu pentingna, keur ngemban perkawis anu biasa ge rerencangan sok susuci heula.”
Tuluy roti suci teh ku imam diserenkeun ka Daud, da ngan eta anu aya, nya eta roti anu dipake ngahaturanan ka Allah. Ngan rotina geus diangkat tina meja suci, geus diganti ku nu anyar. (
Daud misaur deui ka Ahimelek, ”Manawi kagungan tumbak atanapi pedang keur cekeleun putra? Putra teu kabujeng ngabantun heula pakarang ka rorompok, margi ku raja ditimbalan rurusuhan.”
Saur Ahimelek, ”Aya oge pedang Goliat urang Pelisti tea, anu ku hidep ditiwaskeun di Lebak Ela. Mung eta-etana. Ari diperyogikeun mah mangga bae, itu pungkureun epod dibungkus ku lawon.” Saur Daud, ”Leres eta bae. Pedang pangsae-saena eta teh di mana-mana oge.”
Ponggawa-ponggawa Raja Akis unjukan ka rajana, pokna, ”Eta teh sanes Daud tea, raja di nagarana? Kapan eta anu ku awewe-awewe dipapag ku igel sareng kawih anu pokna, ’Saul maehan mangrebu-rebu, Daud maehan manglaksa-laksa.’ ”