× Language Europe Russian Belarusian Ukrainian Polish Serbian Bulgarian Slovakian Czech Romanian Moldovian Azerbaijan Armenian Georgian Albanian Avar Bashkir Tatar Chechen Slovenian Croatian Estonian Latvian Lithuanian Hungarian Finnish Norwegian Swedish Icelandic Greek Macedonian German Bavarian Dutch Danish Welsh Gaelic Irish French Basque Catalan Italian Galacian Romani Bosnian Kabardian North America English South America Spanish Portuguese Guarani Quechuan Aymara Central America Jamaican Nahuatl Kiche Qeqchi Haitian East Asia Chinese Japanese Korean Mongolian Uyghur Hmong Tibetian South East Asia Malaysian Burmese Chin Nepali Cebuano Tagalog Cambodian Thai Indonesian Sundanese Vietnamese Javanese Lao Iban IuMien Kachin Lahu Aceh Balinese Bugis Pampanga Sasak Shan Waray South Asia Hindi Оdia Awadhi Mizo Kannada Malayalam Marathi Gujarati Tamil Telugu Punjabi Kurukh Assamese Maithili Bengali Urdu Sinhala Dogri Haryanvi Meitei Konkani Santali Sindhi Koya Thado Sanskrit Devanagari Adilabad Gondi Ahirani Balochi Bundeli Chhattisgarhi Garhwali Kangri Kumaoni Mewari Munda Sadri Seraiki Shekhawati Sylheti Bagri Bhilali Bodo Braj Tulu Central Asia Kyrgyz Uzbek Tajik Turkmen Kazakhstan Karakalpak Middle East Turkish Hebrew Arabic Persian Kurdish Mazanderani Pashto Coptic Africa Afrikaans Xhosa Zulu Ndebele Sotho Amharic Wolaytta Nigerian Mossi Ika Dinka Kabyle Ewe Swahili Morocco Somalian Shona Madagascar Igbo Lingala Baoule Siswati Tsonga Tswana Gambian Yoruba Kamba Kinyarwanda Hausa Chewa Luo Makhuwa Dyula Fulfulde Kalenjin Kikuyu Kikwango Kirundi Krio Nigerian Pidgin Oromo Tshiluba Tshivenda Twi Umbundu Lugbara Luguru Pular Gussi Maasai Turkana Moba Nuer Shilluk Tamasheq Makonde Bemba Fon Hadiyya Ibibio Kimbundu Kimiiru Lango Liberian Kreyol Lomwe Mende Morisyen Ndau Nyankole Sena Sidamo Soga Songe Sukuma Tarifit Teso Tiv Zande Dagbani Edo Kituba Australia Continent New Zealand Papua New Guinea Old Languages Aramaic Latin Esperanto 1 1 1 KITAB SUCI (LAISUN) KITAB SUCI (LAISUN)1 1 1 ESRA KAJADIANBUDALANIMAMATBILANGANPAMINDOYOSUAHAKIM HAKIMRUT1 SAMUEL2 SAMUEL1 RAJA RAJA2 RAJA RAJA1 BABAD2 BABADESRANEHEMIAESTERAYUBJABURSILOKAPANDITAKIDUNG AGUNGYESAYAYERMIATANGIS YERMIAYEHESKELDANIELHOSEAYOELAMOSOBAJAYUNUSMIKANAHUMHABAKUKSEPANYAHAGAIJAKARIAMALAKI--- --- ---MATEUSMARKUSLUKASYOHANESRASULRUM1 KORINTA2 KORINTAGALATAEPESUSPILIPIKOLOSA1 TESALONIKA2 TESALONIKA1 TIMOTEUS2 TIMOTEUSTITUSPILEMOIBRANIYAKOBUS1 PETRUS2 PETRUS1 YOHANES2 YOHANES3 YOHANESYUDASWAHYU1 1 1 7 123456789101 1 1 : 1 12345678910111213141516171819202122232425261 1 1 KITAB SUCI (LAISUN) 1991 ESRA 7 Save Notes 1Heuleut mangtaun-taun ti harita, sanggeus Artahsasta jadi raja Persia, aya hiji jelema jenenganana Esra. Anjeunna turunan Harun, Imam Agung tea. Jujutan ka dituna kieu: Esra putra Seraya. Seraya putra Asarya. Asarya putra Hilkia.2Hilkia putra Salum. Salum putra Sadok. Sadok putra Ahitub.3Ahitub putra Amarya. Amarya putra Asarya. Asarya putra Merayot.4Merayot putra Serahya. Serahya putra Usi. Usi putra Buki.5Buki putra Abisua. Abisua putra Pinehas. Pinehas putra Elasar. Elasar putra Harun.6Esra rea kauningana tina hal papakon PANGERAN, Allah Israil, anu ku Mantenna dipaparinkeun ka Musa tea. Ku berkahing PANGERAN Allahna, sapanuhun anjeunna ka raja, ku raja dikabul. Dina taun anu katujuh pamarentahan Raja Artahsasta, Esra ngantunkeun Babul, mulih ka Yerusalem jeung hiji rombongan urang Israil, di antarana aya imam-imam, kaom Lewi, tukang mamaos, tukang jaga Bait Allah jeung tukang digarawe di Bait Allah.7Angkatna ti Babul tanggal hiji bulan kahiji, sarta kalawan pangjaring Allah, dina tanggal hiji bulan lima anjeunna geus sumping ka Yerusalem.8Manahna geus gilig seja ngulik jeung ngalakonan Hukum PANGERAN, sarta seja ngajarkeun eta hukum-hukum jeung katangtuan-katangtuanana ka urang Israil.9Raja Artahsasta maparinkeun hiji piagem ka Esra, imam tur ahli Hukum, anu pepek kauningana tina sual hukum-hukum katut timbalan-timbalan anu ku PANGERAN dipaparinkeun ka urang Israil. Eta piagem eusina kieu:10”Surat kami Artahsasta, raja sagala raja. Kahatur Imam Esra, ahli Hukum Allah sakumna langit.11Kami marentahkeun: Urang Israil nu aya di sakuliah karajaan kami, imam-imam, jeung kaom Lewi, anu harayang mulang ka Yerusalem, ku kami diidinan marulang milu jeung maneh.12Kami jeung anggota dewan pertimbangan tujuhan, ngutus maneh ka Yerusalem jeung Yuda pikeun ngadongdon hal Hukum Allah maneh anu ku Mantenna dipercayakeun ka maneh, ditarurut henteuna di ditu.13Bawa ku maneh emas jeung perak ti kami jeung ti anggota-anggota dewan pertimbangan, ku kami dibaktikeun ka Allah Israil anu Bait-Na di Yerusalem.14Oge perak jeung emas beunang maneh ngumpulkeun ti sakuliah Babul, katut sumbangan-sumbangan pangbakti ti urang Israil, ti imam-imamna, anu disumbangkeun pikeun Bait Allah, Allahna di Yerusalem.15Duit balanjakeun masing ati-ati, beulikeun sapi, domba, anak domba, tarigu jeung anggur, kurbankeuneun dina altar Bait Allah di Yerusalem.16Perak jeung emas anu sesana, pake kana naon bae hadena ceuk pangrasa maneh jeung dulur-dulur, asal cocog jeung pangersa Allah maraneh.17Paparabotan anu dipasrahkeun ka maneh pikeun kaperluan Bait Allah, baktikeun ka Allah.18Naon-naon anu dipikabutuh pikeun Bait Allah, baris dicumponan tina dana karajaan.19Ka sakabeh bendahara nagara di wewengkon Eprat Kulon kami mere parentah, sangkan sagala kaperluan anu baris disodorkeun ku Imam Esra anu ahli dina Hukum Allah sakumna langit, kudu gancang dicumponan.20Kami ngawidian ngaluarkeun dana: perak nepi ka wates 3.400 kilo, tarigu wates 10.000 kilo, anggur 2.000 liter, minyak jetun wates 2.000 liter jeung uyah sakumaha bae perluna.21Naon bae anu dipundut ku Allah sakumna langit pikeun kaperluan Bait-Na ku maraneh kudu dicumponan masing tigin, sangkan Mantenna henteu ngabenduan ka kami atawa ka raja-raja gaganti kami ka hareup.22Maraneh ku kami dilarang narik pajeg ti imam-imam, ti kaom Lewi, ti tukang mamaos, ti tukang-tukang jaga Bait Allah, ti pagawe-pagawe Bait Allah, atawa ti saha bae anu aya patalina jeung urusan kaperluan Bait Allah.23Ari maneh, Esra, anu boga hikmah ti Allah, maneh kalawan make eta hikmah kudu ngajenengkeun pamong-pamong praja jeung hakim-hakim, pikeun ngatur rahayat di wewengkon Eprat Kulon anu ngalampahkeun Hukum Allah maneh. Rahayat anu acan nyaho kana eta Hukum, ajar ku maneh.24Sing saha anu baha kana timbalan-timbalan Allah maneh, atawa kana undang-undang karajaan, kudu buru-buru dikeunaan hukuman, dipaehan, atawa dibuang, atawa dijabel kakayaanana atawa dibui.”25Seug Esra sasauran, ”Sagala puji ka PANGERAN, Allahna karuhun. Ku karana pangersa Gusti, Raja jadi sakitu ngajenanana ka Bait PANGERAN di Yerusalem.26Nun Allah, ku karana sih kurnia Gusti, Raja sareng dewan pertimbanganana katut para gegedenna anu kawasa, jadi pohara heman asihna ka abdi. Nun PANGERAN Allah panutan, jisim abdi ku Gusti parantos dipaparin wawanen dugi ka tiasa ngajak mulang kapala-kapala kaom Israil.”Sundanese Bible 1991 @LAI 1991 KITAB SUCI (LAISUN) 1991 ESRA 7 00:00:00 00:00:00 0.5x 2.0x https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/ezra/007.mp3 10 7