× Language Europe Russian Belarusian Ukrainian Polish Serbian Bulgarian Slovakian Czech Romanian Moldovian Azerbaijan Armenian Georgian Albanian Avar Bashkir Tatar Chechen Slovenian Croatian Estonian Latvian Lithuanian Hungarian Finnish Norwegian Swedish Icelandic Greek Macedonian German Bavarian Dutch Danish Welsh Gaelic Irish French Basque Catalan Italian Galacian Romani Bosnian Kabardian North America English South America Spanish Portuguese Guarani Quechuan Aymara Central America Jamaican Nahuatl Kiche Qeqchi Haitian East Asia Chinese Japanese Korean Mongolian Uyghur Hmong Tibetian South East Asia Malaysian Burmese Chin Nepali Cebuano Tagalog Cambodian Thai Indonesian Sundanese Vietnamese Javanese Lao Iban IuMien Kachin Lahu Aceh Balinese Bugis Pampanga Sasak Shan Waray Madurese South Asia Hindi Оdia Awadhi Mizo Kannada Malayalam Marathi Gujarati Tamil Telugu Punjabi Kurukh Assamese Maithili Bengali Urdu Sinhala Dogri Haryanvi Meitei Konkani Santali Sindhi Koya Thado Sanskrit Devanagari Adilabad Gondi Ahirani Balochi Bundeli Chhattisgarhi Garhwali Kangri Kumaoni Mewari Munda Sadri Seraiki Shekhawati Sylheti Bagri Bhilali Bodo Braj Tulu Central Asia Kyrgyz Uzbek Tajik Turkmen Kazakhstan Karakalpak Middle East Turkish Hebrew Arabic Persian Kurdish Mazanderani Pashto Coptic Africa Afrikaans Xhosa Zulu Ndebele Sotho Amharic Wolaytta Nigerian Mossi Ika Dinka Kabyle Ewe Swahili Morocco Somalian Shona Madagascar Igbo Lingala Baoule Siswati Tsonga Tswana Gambian Yoruba Kamba Kinyarwanda Hausa Chewa Luo Makhuwa Dyula Fulfulde Kalenjin Kikuyu Kikwango Kirundi Krio Nigerian Pidgin Oromo Tshiluba Tshivenda Twi Umbundu Lugbara Luguru Pular Gussi Maasai Turkana Moba Nuer Shilluk Tamasheq Makonde Bemba Fon Hadiyya Ibibio Kimbundu Kimiiru Lango Liberian Kreyol Lomwe Mende Morisyen Ndau Nyankole Sena Sidamo Soga Songe Sukuma Tarifit Teso Tiv Zande Dagbani Edo Kituba Australia Continent New Zealand Papua New Guinea Old Languages Aramaic Latin Esperanto 1 1 1 KITAB SUCI (LAISUN) KITAB SUCI (LAISUN)1 1 1 ESRA KAJADIANBUDALANIMAMATBILANGANPAMINDOYOSUAHAKIM HAKIMRUT1 SAMUEL2 SAMUEL1 RAJA RAJA2 RAJA RAJA1 BABAD2 BABADESRANEHEMIAESTERAYUBJABURSILOKAPANDITAKIDUNG AGUNGYESAYAYERMIATANGIS YERMIAYEHESKELDANIELHOSEAYOELAMOSOBAJAYUNUSMIKANAHUMHABAKUKSEPANYAHAGAIJAKARIAMALAKI--- --- ---MATEUSMARKUSLUKASYOHANESRASULRUM1 KORINTA2 KORINTAGALATAEPESUSPILIPIKOLOSA1 TESALONIKA2 TESALONIKA1 TIMOTEUS2 TIMOTEUSTITUSPILEMOIBRANIYAKOBUS1 PETRUS2 PETRUS1 YOHANES2 YOHANES3 YOHANESYUDASWAHYU1 1 1 8 123456789101 1 1 : 1 12345678910111213141516171819202122231 1 1 KITAB SUCI (LAISUN) 1991 ESRA 8 Save Notes 1Para pamingpin golongan-golongan anu bareng marulang jeung Esra ti pangbuangan di Babul jaman Raja Artahsasta marentah nya eta:2Gersom, ti golongan Pinehas. Daniel, ti golongan Itamar. Hatus bin Sekanya, ti golongan Daud. Jakaria, ti golongan Paros jeung 150 urang kulawargana (sajarah katurunanana kacatet). Elyunai bin Serahya, ti golongan Pahat Moab jeung 200 urang kulawargana. Sekanya bin Yehasiel, ti golongan Satu jeung 300 urang kulawargana. Ebed bin Yonatan, ti golongan Adin jeung 50 urang kulawargana. Yesaya bin Atalya, ti golongan Elam jeung 70 urang kulawargana. Sebaya bin Mikael, ti golongan Sepaca jeung 80 urang kulawargana. Obaja bin Yehiel, ti golongan Yoab jeung 218 urang kulawargana. Selomit bin Yosipiya, ti golongan Bani jeung 160 urang kulawargana. Jakaria bin Bebai, ti golongan Bebai jeung 28 urang kulawargana. Yohanan bin Hakatan, ti golongan Asgad jeung 110 urang kulawargana. Elipelet, Yehiel jeung Semaya ti golongan Adonikam jeung 60 urang kulawargana (marulangna rada pandeuri). Utay jeung Sakur ti golongan Bigwai jeung 70 urang kulawargana.3Dulur-dulur teh ku sim kuring sina kumpul di hiji walungan anu ngocor ka Ahawa. Di dinya marondok heula meunang tilu poe. Di antara dulur-dulur katilik aya imam-imam, tapi teu katingal aya kaom Lewi.4Seug sim kuring menta tulung ka salapan kokolot nya eta Elieser, Ariel, Semaya, Elnatan, Yarib, Elnatan, Natan, Jakaria, Mesulam, jeung dua urang guru nya eta Yoyarib jeung Elnatan.5Ku sim kuring dijurung nepungan Ido anu ngapalaan dulur-dulur di Kasipia. Ka anjeunna sadudulur tukang digarawe di Bait Allah, sim kuring menta jelema anu baris baku ngalalayanan Allah di jero Bait Allah.6Ku berkahna Allah, aranjeunna ngirimkeun Serebya, ti kaom Lewi anu pinter, ti golongan Mahli, katut anakna dalapan belas urang jeung dulur-dulurna.7Lian ti eta ngirimkeun Hasabya jeung Yesaya ti golongan Merari jeung baraya-barayana dua puluh urang.8Malah ditambah 220 urang tukang digarawe di Bait Allah, anu karuhun-karuhunna ku Raja Daud jeung para gegedenna dibakukeun kana ngalaladenan kaom Lewi. Ngaran-ngaranna kabeh aya catetanana.9Di sisi Walungan Ahawa sim kuring ngajak dulur-dulur paruasa jeung ngarendahkeun diri di payuneun Allah, seja neneda ka Mantenna, sangkan sim kuring jeung dulur-dulur katut barudak kitu deui babawaan ditangtayungan di jalan.10Arek nyuhunkeun dikawal ku hiji pasukan kuda teh bisi di jalan diganggu musuh, sim kuring isin ku raja, lantaran ka anjeunna geus micatur yen Allah urang tangtu nyarengan ka sakur anu ngandel ka Mantenna, sarta tangtu ngahukum ka sakur anu mungkur ti Mantenna.11Prak sim kuring jeung dulur-dulur paruasa, sarta neneda ka Allah nyuhunkeun ditangtayungan. Ku Mantenna dikabul.12Geus kitu sim kuring milih dua belas imam kapala, nya eta Serebya, Hasabya jeung sapuluh urang deui.13Ku sim kuring dipangnimbangkeun perak jeung emas, jeung barang-barang lianna kurnia ti raja, ti dewan pertimbangan raja, ti para gegeden jeung ti sasama urang Israil, anu maksudna keur baktikeuneun ka Bait Allah. Sanggeus ditimbang dipasrahkeun ka aranjeunna.14Ari barang-barangna nya eta: Perak 25 ton Barang-barang tina perak 100 siki Emas 3.400 kilogram Pinggan emas 20 siki, beuratna 8,4 kilogram Pinggan tambaga anu kacida alusna 2 siki, ajenna sarua jeung pinggan-pinggan emas.15Ceuk sim kuring ka aranjeunna, ”Aranjeun parantos suci di payuneun PANGERAN, Allah karuhun aranjeun. Kitu deui ieu barang-barang paparabotan tina perak sareng emas pangabakti ti sakur anu rarido, ieu oge suci di payuneun PANGERAN.16Jaga masing ati-ati nepi ka Bait Allah. Di ditu ditimbang di kamar imam, teras sanggakeun ka imam-imam kapala, ka urang Lewi, ka para sesepuh Israil di Yerusalem.”17Seug eta perak, emas jeung paparabotan ku para imam jeung kaom Lewi ditarima, dibawa ka Bait Allah di Yerusalem.18Dina tanggal dua belas bulan kahiji, sim kuring jeung dulur-dulur ninggalkeun Walungan Ahawa, ngajugjug ka Yerusalem. Di jalan berekah disarengan ku Allah urang, diraksa ti musuh.19Sacundukna ka Yerusalem, ngareureuh heula tilu poe.20Dina poe kaopatna terus ka Bait Allah. Perak, emas jeung barang-barang teh ditimbang di Bait Allah, tuluy dipasrahkeun ka Imam Meremot bin Uria, anjeunna disarengan ku Elasar putra Pinehas, jeung ku duaan ti kaom Lewi nya eta Yosabat bin Yesua jeung Noaja bin Binui.21Barang-barang kabeh geus diitung jeung ditimbang sarta dicatet-catetkeun taya nu kaliwat.22Geus kitu dulur-dulur nu kakara marulang teh ngaduruk kurban haturan Allah Israil. Sato-sato anu dikurbankeun nya eta: sapi 12, kurban ka sakumna urang Israil, domba jalu 96, anak domba 77, embe 12, pikeun kurban panebus dosana. Kabeh diduruk jadi kurban haturan PANGERAN.23Piagem ti raja disanggakeun ka para gupernur jeung para gegeden di Eprat Kulon, seug aranjeunna ngabantu ka bangsa urang, marere sokongan pikeun sagala kaperluan Bait Allah.Sundanese Bible 1991 @LAI 1991 KITAB SUCI (LAISUN) 1991 ESRA 8 00:00:00 00:00:00 0.5x 2.0x https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/ezra/008.mp3 10 8