Bible in one year
Oktober 6

1. ”Saha ieu nu sumping ti Bosra tanah Edom? Saha ieu, anu anggoanana murub mubyar warna beureum, gagah rosa angkatna gandang?” PANGERAN! Nu geus iasa nyalametkeun. Sumpingna seja ngembarkeun yen Mantenna geus unggul.
2. ”Ku naon raksukana-Na mani beureum kawas tas ngaluluh buah anggur leueuteun?”
3. PANGERAN ngawaler, ”Kami tas ngaluluh bangsa-bangsa. Diluluh kawas buah anggur. Diluluh ku Kami sorangan teu dibantuan ku saha-saha. Kami wera, bangsa-bangsa teh dileyek, getihna keuna kana pakean Kami.
4. Sabab geus waktuna Kami nyalametkeun umat, geus waktuna musuh-musuhna dibasmi.
5. Kami heran kacida bet euweuh anu ngabantu ka Kami. Tapi ku bawaning wera Kami jadi rosa, sorangan ge bisa unggul.
6. Nya ku bawaning wera, sakabeh bangsa ku Kami diluluh nepi ka ajur, getihna tamplok kana taneuh.”
7. Kaula rek nyaritakeun kaasih PANGERAN anu teu keuna ku robah. Kaula muji sukur ku sagala damel-Na pikeun urang. Berkah-Na ka urang Israil taya wiwilanganana, welas asih-Na langgeng sapapanjangna.
8. PANGERAN ngadawuh, ”Maranehna teh umat Kami, moal ingkar ti Kami.” Ku karana eta maranehna ku Mantenna dijait
9. tina sagala kasangsaraanana. Anu nyalametkeun maranehna teh lain malaikat, tapi PANGERAN ku manten. Mantenna kersaeun nyalametkeun teh ku karana nyaah jeung welas ka maranehna. Ti baheula keneh maranehna teh ku Mantenna diasuh-asuh,
10. tapi maranehna ngalawan bae, nganalangsakeun manah-Na. Ku sabab kitu maranehna teh ku PANGERAN disusuker, diperangan.
11. Ti dinya maranehna aringeteun ka jaman baheula, ka jaman Musa abdi PANGERAN tea. Timbul pertanyaanana, ”Ayeuna di mana eta PANGERAN anu bareto nyalametkeun para pamingpin umat-Na ti laut teh? Di mana ayeuna PANGERAN anu bareto maparin sumanget ka Musa teh?
12. Di mana ayeuna PANGERAN anu bareto ngadamel kaajaiban-kaajaiban anu dilaksanakeunana ku Musa teh, anu meulah cai laut, anu nuyun umat-Na nyorang cai jero, datang ka Mantenna kamashur salalawasna?” Maranehna ku sabab dituyun ku PANGERAN, lengkahna tara nyalahan, tara tijalikeuh, lir kuda umbar bae.
13.
14. Maranehna ku PANGERAN dituyun, dibawa ka tempat reureuh, kawas ingon-ingon ditungtun ka lebak anu lendo. PANGERAN nuyun umat-Na, jadi matak mulya kana pajenengana-Na.
15. Nun PANGERAN anu linggih di sawarga anu suci sareng mulya, tingali ieu abdi-abdi. Ku naon nu mawi teu kersa geten deui ka abdi-abdi, teu kersa mintonkeun deui kakawasaan, henteu kersa mikawelas sareng mikanyaah deui? Nun, mugi ulah ngantep!
16. Gusti teh rama abdi sadaya. Karuhun abdi-abdi, Ibrahim sareng Yakub, ka abdi-abdi teu tarerangeun. Nanging PANGERAN mah rama abdi-abdi anu salamina nulung nyalametkeun.
17. Ku naon Gusti ngantep abdi-abdi nyimpang tina jalan Gusti? Ku naon abdi-abdi didamel jadi sakieu wangkelangna dugi ka mungkuran ka Gusti? Mugi kersa nyumpingan deui. Mugi sing emut ka anu ngarabdi, ka umat kagungan Gusti ti kapungkur keneh.
18. Abdi-abdi, umat suci Gusti, diudag-udag ku musuh. Tempat kasucian Gusti oge diluluh ku musuh.
19. Abdi-abdi bet didamel sapertos sanes umat erehan Gusti, sapertos sanes umat kagungan Gusti.
1. Ku naon Gusti henteu nyingraykeun langit lajeng lungsur? Gunung-gunung sina ngadaregdeg kasieunan naringal Gusti.
2. Sina ampul-ampulan sapertos cai ngagolak keur digodog di luhur seuneu. Geura sumping mintonkeun kakawasaan ka musuh-musuh. Bangsa-bangsa teh sina tingsareblak di payuneun Gusti.
3. Sapertos kapungkur, kalayan teu kasangka-sangka Gusti ngayakeun rupi-rupi pikasieuneun, gunung-gunung oge dugi ka inggeung-inggeungan ku Gusti.
4. Teu acan aya anu ningal atanapi nguping yen aya deui Allah nu sapertos Gusti, anu iasa midamel kaahengan-kaahengan kitu kangge nulungan jalmi-jalmi anu nyuhunkeun pitulung.
5. Gusti ngabageakeun jalmi-jalmi anu daek ngalampahkeun anu leres sareng eling kana jalan pituduh ti Gusti. Gusti sok ngabenduan, nanging kalakuan abdi-abdi teu weleh awon bae. Sanaos ku Gusti sok kacida dibenduanana, ti kapungkur keneh angger bae abdi-abdi nyieun kalepatan.
6. Ku margi abdi pinuh ku dosa, kalakuan anu sae oge jadi awon saterasna. Ku karana eta dosa, abdi-abdi jadi sapertos daun, perang teras maruragan katebak ku angin.
7. Abdi-abdi teu aya anu emut sareng neneda ka Gusti, teu aya anu nyuhunkeun pitulung ka Gusti. Ku karana eta dosa-dosa, abdi-abdi ku Gusti disingkiran sareng dikantunkeun.
8. Nanging nun PANGERAN, Gusti teh rama abdi sadaya. Abdi-abdi teh dadamelan Gusti, sapertos taneuh lempung ku panjunan.
9. Nun, mugi Gusti ulah bendu kateterasan, ulah teras bae mikaemut kadorakaan abdi sadaya. Abdi-abdi teh umat Gusti, mugi dipikawelas.
10. Tingali kota-kota Gusti anu suci jadi sakitu suwungna. Yerusalem jadi bukrak-bakrek.
11. Bait Allah anu suci sareng agreng, anu ku karuhun abdi-abdi dianggo paranti muji sukur ka Gusti parantos seep ku seuneu. Tempat-tempat anu ku abdi-abdi dipikameumeut parantos rareksak.
12. Naha Gusti tega ningalina? Moal midamel naon-naon? Bade ngajeunkeun ka abdi-abdi anu parantos teu kiat nandangan kabalangsakan?
14. Mugia maraneh dibarere anak ku PANGERAN, boh maraneh, boh turunan maraneh.
15. Mugia maraneh diberkahan ku PANGERAN, anu ngadamel langit jeung bumi!
16. Langit keur PANGERAN nyalira, tapi bumi mah ku Mantenna diserenkeun ka manusa.
17. PANGERAN henteu dipuji ku nu geus paraeh, ku nu geus tarurun ka enggon nu simpe.
18. Tapi urang, anu harirup, kudu muji sukur ka Mantenna, ti ayeuna nepi ka salalanggengna. Agungkeun PANGERAN.
27. Anu julig ka batur tangtu cilaka ku kajuliganana sorangan, cara anu ngali gawir tangtu kaurugan.
1. Dumateng dulur-dulur sakumna umat Allah dina kasatunggalan jeung Yesus Kristus, para pamingpin jeung pangbantu jamaah di Pilipi. Sim kuring Paulus jeung Timoteus abdina Kristus Yesus, mangnedakeun aranjeun:
2. Mugia aranjeun ginanjar rahmat rahayu ti Allah Rama jeung ti Gusti Yesus Kristus.
3. Unggal inget ka aranjeun sim kuring sok muji sukur ka Allah.
4. Kitu deui saban mangnedakeun aranjeun hate sok bungah,
5. lantaran aranjeun geus mantuan sim kuring ngamajukeun Injil Kasalametan ti Allah, ti barang mimiti nepi ka ayeuna.
6. Ku hal eta sim kuring yakin ieu pagawean anu diawitan ku Allah teh bakal tumuluy jeung bisa anggeus dina poean Gusti sumping.
7. Munasabah perasaan sim kuring ka aranjeun kitu, sabab hate kacida cumantelna. Tur aranjeun geus mareunang kahormatan ti Allah saperti anu katarima ku sim kuring ayeuna di jero panjara jeung keur waktu bebas keneh, nya eta ngabela jeung nguatkeun eta Injil Kasalametan.
8. Kacida tibelatna sim kuring ka aranjeun teh, lir tibelatna Kristus Yesus ku anjeun. Saestuna, Allah saksina!
9. Didoakeun, aranjeun sing beuki gede kanyaah, sing tambah kaweruh anu sayakti, sing beuki bijaksana timbangan,
10. supaya terang ka anu panghadena. Lamun kitu, engke dina poean Gusti sumping teh aranjeun mulus beresih taya cawadeunana,
11. hirup pinuh ku sipat-sipat anu mulus, anu jadina ngan ku karana berkahna Yesus Kristus bae. Geus tangtu matak jadi puji jeung hormat ka Allah.
12. Perlu aranjeun terang, sakur anu karandapan ku sim kuring teh malah ngalantarankeun eta wawaran hal Injil Kasalametan leuwih maju.
13. Para pangawal karaton jeung urang ditu salian ti eta jadi nyarahoeun, yen nu matak sim kuring dipanjara teh dumeh jadi abdina Kristus.
14. Jeung ku hal sim kuring dipanjara teh karereaanana dulur-dulur jadi leuwih yakin percayana ka Gusti, jeung jadi leuwih warani nguarkeun eta amanat Allah, teu risi-risi.
15. Memang aya anu ngawawarkeunana hal Kristus teh kajurung ku hate sirik jeung hayang cekcok. Tapi karereaanana mah kajurung ku kaihlasan
16. jeung ku kanyaahna, dumeh tarerangeun yen sim kuring keur ngalakonan papancen ti Allah ngabela eta wawaran.
17. Ari nu ngawawarkeun lain kajurung ku maksud murni mah demi kapentingan pribadina, jeung ngarah sim kuring anu keur dipanjara tambah susah hate.
18. Keun bae! Malah matak bungah, da boh ku nu kajurung ku kaiklasan boh ku nu boga maksud sejen, Kristus mah tetep dimashurkeun. Tur kabungah sim kuring moal semet kitu bae,
19. sabab yakin ku pangdoa aranjeun jeung ku pitulungna Roh Yesus Kristus sim kuring bakal bisa bebas.
20. Nu dicileuk jeung diharep teh hayang ulah gagal ngalakonan kawajiban. Unggal waktu, komo ayeuna, hayang wani ngamulyakeun Kristus sakuat jiwa raga, paeh paeh hirup hirup.
21. Sabab naon saenyana ari hirup? Keur sim kuring mah hirup teh nya eta Kristus. Jadi lamun maot teh sim kuring mah ngarasa untung.
22. Tapi upama hirup sim kuring di dunya bisa migawe hal-hal anu leuwih penting, sim kuring teu bisa milih.
23. Dina hal ieu sim kuring asa dipagorenyangkeun ku dua kahayang. Aya hayang geura maot tuluy ngahiji jeung Gusti nu bakal leuwih nyenangkeun,
24. aya hayang keneh hirup lantaran ras ka aranjeun.
25. Tapi ceuk rarasaan mah yakin bakal hirup keneh jeung aranjeun, bisa keneh ngabantu ngamajukeun kapercayaan aranjeun sangkan aranjeun tambah ngarasa bagja.
26. Jadi lamun engke urang babarengan deui, kaagul aranjeun ku sim kuring anu ngalantarankeun aranjeun bisa hirup ngahiji jeung Kristus Yesus teh beuki pantes karasana.
27. Ayeuna mah sing cocog bae hirup aranjeun jeung pangajak wawaran hal Kristus tea. Rek bisa rek moal engke sim kuring nepungan, babakuna hayang ngadenge aranjeun pengkuh ngahiji jeung sauyunan ngadegkeun kapercayaan nurutkeun piwuruk eta wawaran.
28. Ulah rempan ku lawan, teuneung terus, malar bukti maranehna nu bakal eleh, aranjeun nu bakal meunang ku pitulung Allah.
29. Aranjeun dipaparin kahormatan ngawula ka Kristus teh lain semet kudu percaya, tapi oge kudu ngalakonan sangsara ku karana Anjeunna.
30. Hayu ayeuna mah urang sabilulungan jeung sim kuring, perang ngabela hal anu diperjuangkeun ku sim kuring ti bareto nepi ka ayeuna, sakumaha anu kadarenge ku aranjeun.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991