1. Ieu kitab nyaritakeun kasauran Yermia, putra hiji imam di kota Anatot di tanah Binyamin anu jenengan Hilkia.
2. Dina taun katilu belas jaman raja Yuda anu jenengan Yosia putra Amon, Yermia nampi dawuhan ti PANGERAN.
3. Jaman Yoyakim putra Yosia ngarajaan Yuda, Yermia nampi deui dawuhan PANGERAN. Ti harita mah sering nampina dawuhan PANGERAN teh, nepi ka taun kasabelas pamarentahan Raja Sidkia putra Yosia. Ari dina bulan kalima taun eta, urang Yerusalem teh diakut ka pangbuangan.
4. PANGERAN nimbalan ka kaula,
5. ”Maneh, ti memeh ku Kami dihirupkeun, ku Kami geus kapilih, geus ditangtukeun ti memeh dijurukeun keur pinabieun bangsa-bangsa.”
7. Tapi dawuhan PANGERAN ka kaula, ”Ulah majar ngora keneh pisan. Datangan jalma-jalma anu ceuk Kami kudu didatangan, sarta omongkeun ka maranehna sakur anu ku Kami dititah diomongkeun.
8. Tong sieun-sieun, sabab ku Kami tangtu diaping ditangtayungan. Kitu timbalan Kami, PANGERAN!”
9. Ti dinya PANGERAN ngulurkeun panangan, nyabak biwir sim kuring bari ngadawuh, ”Regepkeun, ieu Kami mere ucapan-ucapan anu kudu diomongkeun ku maneh.
10. Poe ieu maneh ku Kami dibere kawasa geusan ngawasaan bangsa-bangsa jeung karajaan-karajaan, kawasa nyabut jeung ngarabut, kawasa numpur jeung ngagempur, kawasa nancebkeun jeung melakkeun.”
11. PANGERAN mariksa ka kaula, ”Yermia, naon nu katenjo?” Piunjuk kaula, ”Sumuhun, ningal hiji dahan kanari.”
12. ”Enya, bener,” dawuhan PANGERAN, ”Kami geus tarapti geusan ngalaksanakeun timbalan Kami.”
13. Geus kitu PANGERAN mariksa deui, dawuhana-Na, ”Nenjo naon deui?” Piunjuk kaula, ”Ningal aya pariuk di palih kaler, eusina keur ngagolak, sareng bade bahe ka palih dieu.”
14. Dawuhana-Na ka kaula, ”Aya bahla ngagolak ti beulah kaler, baris narajang ka nu araya di ieu tanah,
15. sabab Kami keur nyalukan sakabeh bangsa urang kaler, sina ka darieu. Raja-rajana bakal masangkeun tahtana masing-masing di lawang-lawang Yerusalem jeung di sakurilingeun kuta-kutana, kitu deui di sakurilingeun kota-kota di Yuda.
16. Umat Kami ku Kami arek dihukum lantaran geus darosa, geus naringgalkeun Kami, geus ngurban ka ilah-ilah sejen jeung ngabarakti ka arca-arca bubuatanana.
17. Geura tarapti, Yermia, datangan eta jelema-jelema teh. Sagala timbalan Kami anu diparentahkeun ka maneh, tepikeun ka maranehanana. Ulah sieun-sieun, bisi maneh ku Kami dihaja sangkan sieun ari geus aya di maranehanana.
18. Regepkeun ieu, Yermia! Poe ieu maneh ku Kami dibere kakuatan, kuat saibarat kota anu dibenteng, saibarat pilar beusi, saibarat kuta tambaga, sanggup nadah panarajang maranehanana. Jalma-jalma ieu tanah, nya eta raja-raja Yuda, kapala-kapala, imam-imam katut rahayat,
19. kabeh bakal ngalawan ka maneh. Tapi ka maneh hamo aya nu kuat, sabab maneh diaping ditangtayungan ku Kami. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
1. PANGERAN miwarang sim kuring
2. ngumumkeun timbalana-Na ka sakur nu araya di Yerusalem. Kieu, ”Kami inget, maneh teh keur ngora keneh kacida satiana; basa urang mimiti ngajodo, maneh kacida mikacintana ka Kami, daek nunutur ka gurun keusik, ngambah tanah anu tara pisan dipelakan.
3. Eh Israil, maneh teh ngan pikeun Kami, milik anu ku Kami dipupusti. Saha bae anu nganiaya ka maneh, ku Kami didatangan kasangsaraan jeung balai. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
4. Regepkeun ieu timbalan PANGERAN, eh anak putu Yakub, eh kaom Israil!
5. Kieu timbalan PANGERAN, ”Naon salah Kami nepi ka didakwa ku karuhun maneh? Naon lantaranana maranehna naringgalkeun Kami? Maranehna ngabarakti ka arca-arca nu taya hartina, nepi ka dirina sorangan leungit pangaji.
6. Ka Kami geus tara malire deui, sakitu geus dijait ti tanah Mesir, ditungtun-tungtun ngasruk tanah gurun, nyorang gurun keusik jeung lombang-lombangna anu jarero, tanah garing sarta pinuh ku bahaya, taya nanaon nu hirup, taya anu nyorang-nyorang acan.
7. Kami mawa maranehna ka hiji tanah anu subur, sina sareubeuh ku hasilna, jeung ku sagala nu harade di dinya. Tapi maranehna kalah ka ngaruksak eta tanah Kami, eta nagri pamere Kami teh ku maranehna dinajiskeun.
8. Imam-imamna tara naranyakeun: ’Di mana PANGERAN?’ Imam-imam Kami geus teu warawuheun ka Kami. Pangereh-pangerehna ngaralawan ka Kami, nabi-nabina ngawejangna teh demi ngaran Baal, jeung ngabaraktina ka arca-arca anu taya gunana.”
9. ”Ku sabab kitu Kami, PANGERAN, arek ngadakwa deui ka umat Kami. Arek nagih ka anak incuna.
10. Los dongdon ka kulon, ka pulo Siprus, bral kirim utusan ka wetan, ka tanah Kedar, engke maneh nyaho, yen hal anu saperti kieu mah ti baheula ge tacan aya.
11. Tacan aya bangsa sejen anu kungsi ngaganti allahna, najan allahna lain Allah enyaan. Tapi umat Kami mah geus ngaganti Kami, Allah anu mere kahormatan ka maranehna, ku allah-allah nu teu bisa nanaon.
12. Ku sabab kitu, Kami rek nimbalan ka langit, sina inggeung pikasieuneun, sing matak pikahelokeun, sing matak hookeun,
13. lantaran umat Kami geus nyieun dua rupa dosa: maranehna geus miceun Kami, nu jadi sumber cinyusu hirup, jeung tuluy nyieun balong-balong, balong-balong anu balocor, anu sama sakali teu bisa nahan cai.”
14. ”Israil teh lain badega, dijurukeunana teh lain pikeun ngabadega. Tapi ku naon nepi ka jadi mangsa musuh-musuhna?
15. Musuh-musuhna ka manehna tinggalaur kawas singa. Tanahna ku musuh dijieun gurun keusik, kota-kotana burak-barik, kalantar jeung suwung.
16. Malah sirahna rengat, digetok ku jalma-jalma ti Mempis jeung Tahpanes.
17. Eh Israil, eta teh bongan maneh sorangan! Maneh geus ninggalkeun Kami, PANGERAN Allah maneh, sabot ditungtun ku Kami di perjalanan.
18. Rek ngarah naon maneh rek indit ka Mesir teh? Arek nginum cai Walungan Nil? Rek ngarah naon maneh rek indit ka Asur teh? Arek nginum cai Walungan Eprat?
19. Maneh bakal kahukum ku kajahatan sorangan, bakal kasiksa lantaran ingkar ti Kami. Engke ku maneh karasa, kumaha paitna jeung salahna ninggalkeun Kami, Allah PANGERAN maneh, sarta teu satia deui ka Kami. Kitu timbalan Kami Nu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa.”
20. PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, ”Eh Israil, geus ti baheula maneh teh nolak kakawasaan Kami, embung anut ngabakti ka Kami. Di saban pasir anu luhur jeung di handapeun kai-kai anu daunna gomplok, maneh nyembah ka dewa-dewa kasuburan.
21. Maneh teh ibarat tangkal anggur petingan, beunang Kami melak, beunang milih tina bibit panghadena. Tapi kumaha buktina? Teu beda ti tangkal anggur anu buruk, teu kaarah.
22. Najan maneh mandi make sabun pangalusna, daki kasalahan maneh katenjo keneh ku Kami.
23. Kumaha rek majar teu ngarurujit diri, majar teu nyembah ka Baal? Tenjo, kumaha dosana maneh basa di lebak, kumaha kalakuan maneh harita. Teu beda ti onta bikang giras keur beger, lulumpatan kukurilingan teu dikadalian,
24. ngaberengbeng muru ka gurun keusik. Ana eta geus ngarasa pangseng, saha anu bisa nyandet? Jalu anu hayangeun teu kudu hese-hese, da bikangna saban usum lakian ge merean sorangan.
25. Eh Israil, suku ulah dipake ngapruk, bisi tikoro maneh garing lantaran ngudag-ngudag ilah-ilah sejen. Tapi carek maneh, ’Moal, moal balik deui, kuring cinta ka ilah-ilah batur, arek terus nuturkeun itu.’ ”
26. PANGERAN nimbalan, ”Sakumaha bangsat diera-era ana katewak, maneh oge urang Israil, raja-raja, para pajabat, para imam, para nabi, bakal aya anu ngera-ngera.
27. Maraneh kabeh, anu miindung ka batu mibapa ka tangkal, bakal diera-era. Tangtu baris kitu, lantaran maraneh ti batan baralik ka Kami anggur ingkar. Rajeun sasambat menta tulung ka Kami ari eukeur kabalangsak.
28. Cik mana eta allah-allah beunang nyieun maraneh teh? Sina nulungan ari maraneh keur kasusahan teh, ari enya mah barisaeun! Eh Yuda, allah-allah maneh sarua lobana jeung kota maneh.
29. Naon kateusuka maneh ka Kami? Naon sababna ngalawan ka Kami?
30. Ku Kami maneh dihukum, tapi hukuman ge nambag, maneh embung dibebener. Saibarat singa ngamuk, maneh geus maehan nabi-nabi sorangan.
31. Eh urang Israil, darengekeun ieu timbalan Kami. Na Kami teh pikeun maraneh geus kawas gurun keusik, kawas tanah anu poek jeung bahaya? Ku naon nepi ka nyebutkeun mending ge sakarep-karep, moal marulang deui ka Kami?
32. Naha sok aya mojang nu poho kana perhiasanana, atawa panganten awewe anu poho kana baju pangantenna? Tapi umat Kami mah geus pohara lilana mopohokeun ka Kami, poena geus teu kaitung.
33. Maraneh memang geus palinter neangan kabogoh, nepi ka bisa dipiguru ku awewe bangor nu pangbangorna.
34. Papakean maneh ceda ku getih, lain getih bangsat tukang ngabongkar, tapi getih jelema-jelema anu mariskin tur taya salahna. Sangkilang kitu,
35. ceuk maneh, ’Kuring teu salah, PANGERAN ge tangtu geus leler benduna ka kuring.’ Tapi Kami, PANGERAN, moal teu ngahukum ka maneh, lantaran maneh mungkir majar teu boga dosa.
36. Maneh geus ngamumurah diri sorangan anut ka allah-allahna bangsa sejen. Maneh bakal dikuciwakeun ku Mesir, sakumaha geus dikuciwakeun ku Asur.
37. Maneh bakal malik ti Mesir bari tungkul ngaheluk. Sakur anu ku maneh dijieun panyaluuhan, geus dipiceun ku Kami, PANGERAN. Maneh hamo beubeunangan naon-naon ti maranehna.”
5. PANGERAN teh sipat hampura jeung murah manah, Allah urang sipat welas.
6. PANGERAN ngaraksa ka jalma anu teu walakaya; waktu kaula nyorang bahaya, ku Mantenna disalametkeun.
7. He hate, sing yakin, sabab PANGERAN hade ka kami.
8. PANGERAN geus ngajait kaula tina ajal, cipanon kaula ku Mantenna dipepet, kaula dicegah tina kasoran.
9. Jadi kaula aya keneh di dunyana nu harirup, kumelendang di payuneun PANGERAN.
10. Kaula tetep percaya, sanajan sok ngomong, ”Aing diancurkeun sama sakali.”
11. Sanajan ari keur kasieunan sok ngomong, ”Euweuh anu bisa dipercaya.”
12. Naon atuh pamulang kaula ka PANGERAN kana sagala kasaeana-Na ka kaula?
13. Kaula rek ngahaturkeun anggur ka PANGERAN, nganuhunkeun kana pitulung-Na.
14. Kaula rek nyumponan nadar ka Mantenna dina pagempungan sakabeh umat-Na.
1. Ulah sok agul ku poe isuk, da moal nyaho ka nu baris kajadian isukan teh.
1. Cindekna dulur-dulur teh kudu suka ngahiji jeung Gusti. Sim kuring teu hoream malikan tulisan anu ti heula supaya aranjeun tambah jamuga.
2. Sing ati-ati ka anjing-anjing, nya eta jelema-jelema jahat. Kitu deui ka anu sok maksa supaya jalma disunat.
3. Padahal anu saenyana geus disunat mah lain maranehna, tapi urang. Urang mah geus narima sunat sajati. Urang nyembah ka Allah teh ku sabab ditungtun ku Roh Allah ku manten. Urang ngarasa sukur lantaran hirup ngahiji jeung Kristus Yesus. Urang mah teu gumantung kana upacara-upacara lahiriah.
4. Saenyana lamun sim kuring rek ngawajibkeun milampah kitu, munasabah. Mun batur ngarasa gumantung kana upacara-upacara lahiriah, sim kuring mah komo,
5. lantaran dina umur dalapan poe geus disunatan, jadi urang Israil ti barang lahir, asal ti kaom Binyamin bangsa Ibrani tulen. Dina hal kasaregepan kana Hukum Agama sim kuring teh jadi anggota golongan Parisi,
6. ceuceub ka nu aranut ka Kristus nepi ka nganiayana. Dina nekanan parentah-parentah Hukum Agama, sim kuring taya kakuranganana.
7. Tapi sanggeus terang ka Kristus, hal-hal anu tadina disangka nguntungkeun teh karasa ngarugikeunana.
8. Lain eta bae, da nu karitu teh saenyana mah kabeh ge taya hargana. Ayeuna sim kuring geus meunang nu leuwih ti kitu, nya eta terang ka Kristus Yesus, Gusti sim kuring. Sanggeus terang ka Anjeunna, nu karitu teh dipiceun kabeh, dijieun runtah, supaya sim kuring bisa narima
9. jeung bisa enya-enya ngahiji jeung Anjeunna. Ibadah sim kuring ka Allah ayeuna mah lain ku karana tarekah sorangan ku jalan taʼat kana Hukum Agama Yahudi, tapi ku lantaran percaya ka Kristus. Bener teh lantaran diangken bener ku Allah ku lantaran percaya ka Yesus Kristus.
10. Anu dicita-cita ngan hayang enya-enya wanoh ka Kristus, hayang milu ngarasa hikmatna kakawasaan anu ngahirupkeun deui Kristus tina pupus-Na, hayang milu ancrub kana kasangsaraan Anjeunna, hayang milu maot jeung Anjeunna,
11. kalayan harepan, yen sim kuring oge bakal dihudangkeun deui ti nu maraot.
12. Sim kuring henteu ngakukeun geus hasil atawa geus sampurna. Masih keneh sateka-teka hayang meunangkeun ganjaran anu disayagikeun ku Kristus Yesus, luyu jeung maksad Anjeunna ngarebut jeung ngajadikeun sim kuring jadi kagungana-Na.
13. Jadi pimanaeun sim kuring ngaku geus bisa ngarebut eta ganjaran. Sim kuring kudu usaha mopohokeun hal-hal anu geus kaliwat, ngudag nu aya di hareup.
14. Sim kuring kudu kenceng, supaya meunangkeun eta ganjaran, nya eta hirup di sawarga, luyu jeung maksad panyaur Allah anu ditepikeun ku Kristus Yesus.
15. Urang sarerea anu geus asak rohaniah, kudu kitu tekad teh. Sabalikna lamun ti aranjeun aya nu beda pamanggih, ku Allah bakal dibere terang kumaha saenyana.
16. Tapi ku kitu ku kieu oge urang kudu terus junun kana pituduh-pituduh anu keur dilakonan nepi ka ayeuna.
17. Tiru sim kuring, dulur-dulur. Tegeskeun batur anu nyonto hirup bener ti sim kuring.
18. Loba jelema anu cara hirupna ngamusuh kana pangorbanan Kristus anu disalib. Hal ieu geus sering ku sim kuring dipepelingkeun, ayeuna ge dipepelingkeun deui bari ragragan cipanon.
19. Sabab anu karitu teh geus tangtu carilaka, da miallahna kana kabeuki badani. Ngalampahkeun nu aeb teh maranehna mah malah agul, jeung ngan malikiran kadunyaan bae.
20. Urang mah warga sawarga, ngadago-dago pisan kana pisumpingeuna-Na anu nyalametkeun urang, Gusti Yesus Kristus.
21. Badan jasmani urang anu lemah piancureun ku Anjeunna bakal disalin, didamel saperti kaayaan salira-Na ku anjeun anu mulya. Anjeunna iasa midamel kitu sabab kagungan kakawasaan anu bisa nalukkeun saniskara.