Bible in one year Juli 192 BABAD 34:1-331. Yosia mimiti jumeneng raja Yuda dina yuswa dalapan taun. Ngarajaanana tilu puluh hiji taun, calikna di Yerusalem.2. Anjeunna midamel anu sapagodos jeung manah PANGERAN, nulad lampah Raja Daud karuhunna, sakuat-kuat ngalakonan sagala papakon Allah.3. Sanggeus jadi raja, dina taun kadalapanna, Yosia anu anom keneh pisan teh geus mimiti ngajalankeun ibadah ka Allah panutan Raja Daud karuhunna. Heuleut opat taun deui anjeunna mimiti ngagempur tempat-tempat ngabakti ka brahala, numpes arca-arca Asera jeung arca-arca brahala salian ti eta.4. Anjeunna metakeun jalma-jalmana ngaruksakkeun altar-altar paranti ngabakti ka Baal, ngancurkeun altar-altar parukuyanana sakurilingeun eta. Arca-arca Asera kitu deui arca-arca sesembahan lianna dibebekan nepi ka jadi tipung, tuluy diawurkeun ka kuburan jelema-jelema anu keur harirupna sok ngalurban di dinya.5. Tulang-taleng para imam brahala ku anjeunna diduruk dina altar-altar urut maranehna ngabakti. Ku jalan kitu Yuda jeung Yerusalem ku anjeunna disina beresih deui.6. Kota-kota jeung wewengkon-wewengkon tarikolot di tanah Menase, Epraim jeung Simeon, terus nepi ka tanah Naptali di kaler, eta oge ku anjeunna dikitukeun.7. Altar-altar jeung arca-arca Asera di sakuliah wewengkon Karajaan Kaler ku anjeunna dilebur-leburkeun, brahala-brahalana dibubukkeun nepi ka jadi lebu, altar-altar parukuyanana diremuk-remukkeun. Sanggeus kitu kakara anjeunna mulih deui ka Yerusalem.8. Dina taun kadalapan belas pamarentahanana, sabada nyucikeun tanah jeung Bait Allah ku jalan numpes kabiasaan ibadah ka brahala, Raja Yosia miwarang ngomean Bait Allah ka tilu jelema, Sapan bin Asalya, Maaseya, gupernur Yerusalem, jeung Yoah bin Yoahas, gegeden luhur.9. Duit anu dikumpulkeun di Bait Allah ku para pangawal tea dipasrahkeun ka Imam Agung Hilkia. (Eta duit teh beunang ngumpulkeun ti urang Epraim, ti urang Menase jeung ti urang Karajaan Kaler salian ti eta, kitu deui ti urang Yuda, ti urang Binyamin jeung ti urang Yerusalem.)10. Tuluy ku Imam Agung Hilkia diserenkeun ka anu tiluan tea anu kudu makihikeun ngomean Bait Allah. Ku maranehna diserenkeun11. ka tukang-tukang kayu jeung tukang-tukang ngadegkeun, sina dibalanjakeun meuli kayu jeung batu keur ngomean adegan-adegan anu bareto diraruksak ku raja-raja Yuda.12. Anu migawe eta pagawean kabeh jelema jujur, dikapalaan ku opat urang Lewi: Yahat jeung Obaja ti golongan Merari, Jakaria jeung Mesulam ti golongan Kahat. (Urang Lewi teh palinter nabeuh.)13. Urang Lewi salian ti eta gawena ngatur anu ngakutan bahan-bahan, jeung ngatur rupa-rupa pigaweeun kuli-kuli, nu sawareh deui purah nyatet-nyatetkeun atawa purah ngajaga.14. Waktu nyandak duit ti kamar simpen, Hilkia mendakan kitab Hukum PANGERAN, anu ku Allah diserenkeun ka Musa tea.15. Anjeunna sasauran ka Sapan, ”Kaula nimu kitab Hukum PANGERAN ti Bait Allah,” saurna bari kitabna diasongkeun ka Sapan.16. Ku Sapan disanggakeun ka raja sarta piunjukna, ”Sugri timbalan parantos dijalankeun.17. Artos anu disimpen di Bait Allah parantos dibantun, diserenkeun ka anu didaramel sareng ka mandor-mandor.”18. Piunjukna deui, ”Sareng abdi ngabantun ieu kitab ti Hilkia.” Kitabna ku Sapan tuluy dibaca di payuneun raja.19. Sanggeus ngadangu ungel eta kitab, raja mani ngagebeg terus nyosoeh raksukan.20. Geuwat marentah ka Hilkia, Ahikam bin Sapan, Abdon bin Mikaya, Sapan sekretaris nagara, jeung ka Asaya pangaping raja, timbalanana,21. ”Kami, kitu deui rahayat anu araya keneh di Israil jeung Yuda buru-buru pangnaroskeun ka PANGERAN hal ungel ieu kitab. Geuning eta timbalan-timbalan PANGERAN teh geus teu dilalampahkeun ku karuhun urang bareto, kamistian-kamistian anu kaungel dina eta kitab ku aranjeunna henteu dilakonan. Tangtu urang dibenduan ku PANGERAN.”22. Kalawan timbalan raja, Hilkia jeung nu sejenna arangkat ka Hulda, nabi istri anu calikna di Yerusalem di babakan anyar rek tumaros ka eta nabi. (Caroge eta nabi nya eta Salum bin Tikwa putu Harhas, purah ngurus jubah-jubah Bait Allah.) Perkarana ku aranjeunna dicarioskeun ka eta nabi istri.23. Aranjeunna ku eta nabi istri dijurung ka raja deui pikeun ngunjukkeun24. amanat ilahi ti PANGERAN anu kieu, ”Kanyahokeun, Kami rek ngadatangkeun kacilakaan ka Yerusalem jeung rahayatna, ngeunakeun panyapa-panyapa anu kaungel dina kitab anu dibacakeun ka raja tea.25. Jalma-jalma geus mariceun ka Kami, seug ngalurban ka aallahan-aallahan bangsa sejen, laku lampahna ngahudangkeun amarah Kami. Amarah Kami ka Yerusalem geus ngagugudag moal pareum-pareum.26. Ari pikeun raja pribadi, kieu timbalan Kami, GUSTI Allah Israil: Maneh geus nurut kana ungel eta kitab,27. sarta barang nyaho yen Kami ngancam rek ngahukum Yerusalem jeung pribumina, maneh tobat, ngarendahkeun diri di payuneun Kami, nyosoeh pakean jeung ceurik. Panyambat maneh ku Kami didangu.28. Ku sabab eta, sapanjang maneh tacan mulang ti dunya mah Kami moal waka prak ngahukum Yerusalem. Ajal maneh mah ku Kami rek dicandak dina kagenahan.” Geus kitu aranjeunna ngadareuheus deui ka Raja Yosia rek ngunjukkeun eta amanat.29. Sanggeus kitu, Raja Yosia miwarang kumpul ka sakumna pamingpin Yuda jeung Yerusalem,30. ti dinya sarerea arindit ka Bait Allah jeung anjeunna, dibarengan ku para imam jeung urang Lewi kitu deui rahayat lianna, anu beunghar, anu miskin. Seug raja ngaos kitab perjangjian anu katimu ti Bait Allah tea hareupeun sarerea nepi ka tamat.31. Lajeng anjeunna ngadeg deukeut pilar paranti raja-raja, ngucapkeun ikrar ka PANGERAN yen sumeja anut ka Mantenna, baris nohonan sagala papakon jeung timbalana-Na terus jeung manah, tembus kana lelembutan, baris ngalakonan hukum-hukum anu aya dina eta perjangjian, sakumaha ungel eta kitab.32. Urang Binyamin jeung sakur anu araya di Yerusalem diajak jangji yen seja nohonan eta perjangjian. Prak urang Yerusalem ngalampahkeun kamistian-kamistian eta perjangjian anu ku maranehna geus diikrarkeun ka Allah jungjunan karuhunna.33. Ti dinya Raja Yosia numpes sakabeh arca brahala pikagirukeun ti sakuliah wewengkon anu asup ka wewengkon urang Israil, sarta sapanjang jumenengna anjeunna ngudukeun supaya rahayat ngabdi ka PANGERAN, Allah karuhunna.2 BABAD 35:1-271. Yosia mestakeun Paska di Yerusalem pikeun ngamulyakeun PANGERAN. Dina tanggal opat welas bulan kahiji, anjeunna miwarang peupeuncitan pikeun kaperluan pesta.2. Para imam ku anjeunna dipiwarang ngalampahkeun kawajibanana di Bait Allah bari dideudeul sumangetna sangkan saruhud.3. Ka urang Lewi anu jaradi juru wulang rahayat Israil, tur geus disarucikeun pikeun PANGERAN, anjeunna marentah kieu, ”Tempatkeun Peti Perjangjian suci di Bait Allah anu diadegkeun ku Raja Suleman putra Raja Daud. Jadi maraneh teu kudu ngagarotong deui eta peti ka ditu ka dieu. Kawajiban maraneh ayeuna kudu kumawula ka PANGERAN Allah maraneh, jeung Allah umat-Na, urang Israil.4. Geura areusian tempat anu geus dibakukeun pikeun maraneh di Bait Allah, nurutkeun jajaran golongan masing-masing, sapagodos jeung kawajiban maraneh anu geus dibakukeun ku Raja Daud jeung ku Raja Suleman putrana.5. Nyokot tempatna atur sing rapih, sing matak babari ka anu rek ngabantu ka unggal kapala kulawarga Israil bagianana masing-masing.6. Anak domba pikeun Paska jeung embe-embe jalu kudu ku maraneh dipeuncitanana. Pek geura susuci sangkan bisa terus tatahar pikeun kurban-kurban, supaya dulur-dulur maraneh sasama Israil bisa naredunan papakon-papakon anu ku Allah diparentahkeun ku jalan Musa tea.”7. Pikeun kapentingan rahayat anu ngalakonan Paska, Raja Yosia nyumbangkeun tilu puluh rebu domba, anak domba, jeung anak embe, jeung tilu rebu sapi, tina kagunganana ku anjeun.8. Ponggawa-ponggawana oge nyarumbang pikeun rahayat, pikeun para imam, jeung pikeun urang Lewi. Ari para pajabat anu ngatur urusan Bait Allah, nya eta Hilkia Imam Agung, Jakaria, jeung Yehiel, nyumbang dua rebu genep ratus anak domba jeung anak embe pikeun para imam, jeung tilu ratus sapi keur kurbankeuneun sapanjang pesta.9. Para pamingpin urang Lewi, Konanya, Semaya, jeung Netanel saderekna, Hasabya, Yiel, jeung Yosabad, nyidekahan urang Lewi lima rebu anak domba jeung anak embe, jeung lima ratus sapi sina dikurbankeun.10. Sanggeus sagala kaperluan pikeun Paska geus tarapti, para imam jeung urang Lewi merenahkeun maneh satempat-tempatna luyu jeung pituduh ti raja.11. Anak domba jeung anak embe geus dipeuncitan, tuluy disisitan ku urang Lewi, getihna ku para imam dikepret-kepret kana altar.12. Daging pikurbaneun dibagi-bagikeun ka jalma rea nurutkeun jajaran kulawarga masing-masing keur kurban beuleuman, sina dikurbankeun sapagodos jeung papakon dina Hukum Musa.13. Eta kurban-kurban Paska ku urang Lewi dipanggang sakumaha ceuk papakonna. Daging pikeun kurban-kurban suci dimasakna dikulub dina dalung, dina kancah, jeung dina panci. Geus arasak buru-buru dibagikeun ka jalma rea.14. Geus kitu urang Lewi misahkeun daging keur maranehna sorangan, keur para imam turunan Harun, jeung keur para imam anu digarawe nepi ka peuting nyanggakeun kurban anu dibeuleum gembleng, jeung ngaduruk gajih sato-sato kurban.15. Urang Lewi anak putu Asap anu ahli nabeuh geus tarapti di tempatna anu baku sakumaha aturan ti Raja Daud: Asap, Heman, jeung Yedutun jurupeleng raja. Para pangawal lawang-lawang Bait Allah taya anu ninggalkeun jagaanana, sabab daging Paska keur maranehna geus disadiakeun ku urang Lewi sejenna.16. Sagala rupa anu kudu dilampahkeun poe eta sakumaha anu diparentahkeun ku Raja Yosia, nya eta ngabakti ka PANGERAN nedunan Paska, jeung nyanggakeun kurban-kurban beuleuman dina altar, geus rengse.17. Nepi ka tujuh poe lilana urang Israil anu kumpul di dinya mestakeun Paska jeung nedunan Pesta Roti Teu Make Ragi.18. Ti jaman Nabi Samuel, kakara harita aya anu mestakeun Paska sakitu rosana. Nya kitu deui raja-raja anu ti hareula, tacan aya anu mestakeun Paska kawas ieu anu diayakeun ku Raja Yosia, para imam, urang Lewi, urang Yuda, urang Israil, jeung urang Yerusalem,19. anu diayakeunana dina taun kadalapan welas pamarentahan Yosia.20. Hiji mangsa sanggeus Raja Yosia midamel eta sagala rupa pikeun Bait Allah, Raja Neko ti nagara Mesir budal nyandak baladna arek perang di Karkemis di sisi Walungan Eprat. Yosia kaluar kersana rek ngahalang-halang.21. Tapi Neko ngintun utusan nepikeun timbalanana anu kieu, ”Perang anu keur dilakonan ku kaula ayeuna teu aya patalina jeung sampean, raja Yuda. Kaula sanes rek merangan sampean. Kaula mah rek merangan musuh, tur geus ditimbalan ku Allah yen kudu buru-buru. Allah aya di pihak kaula. Jadi sampean ulah kagungan niat ngayonan kaula bilih dicilakakeun ku Mantenna.”22. Tapi Yosia keukeuh bae rek merangan. Timbalan Allah ku jalan Raja Neko ku anjeunna teu dipalire. Seug nyamar terus majeng perang di lapang Megido.23. Dina eta perang anjeunna keuna ku jamparing urang Mesir, seug nimbalan ka abdi-abdina saurna, ”Kami bawa ti dieu. Kami tatu parna!”24. Tuluy anjeunna dipayang tina karetana, dipindahkeun kana kareta sejen anu geus sadia di dinya, tuluy dibawa ka Yerusalem. Tapi tuluy pupus. Seug dikurebkeun di makam karajaan, diceungceurikan ku sakabeh urang Yuda jeung urang Yerusalem.25. Nabi Yermia ngadangding hiji kidung anu ngagambarkeun kasungkawaanana katilar ku Raja Yosia. Eta kidung jadi biasa sok dilagukeun di Israil, ku awewe ku lalaki ana pareng maranehna keur kasuat-suat ku anjeunna. Eta kidung aya dina kumpulan kidung-kidung kanalangsaan.26. Sagala rupa anu dipidamel ku Yosia, hal bumaktina ka PANGERAN, hal pengkuhna kana Hukum PANGERAN27. jeung riwayat anjeunna ti awal nepi ka ahir, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil jeung Yuda.2 BABAD 36:1-231. Urang Yuda milih Yoahas putra Yosia, dilisahan jadi raja di Yerusalem.2. Yoahas mimiti jadi raja Yuda dina yuswa dua puluh tilu taun, calikna di Yerusalem, ngarajaanana tilu bulan.3. Anjeunna diboyong ka Mesir ku Raja Neko, sarta nagara Yuda ku eta raja dikudukeun mayar upeti 3.400 kilo perak jeung tilu puluh opat kilo emas.4. Neko ngangkat Elyakim saderek Yoahas jadi raja Yuda, sarta jenenganana diganti jadi Yoyakim. Ari Yoahas mah diboyong ku Neko ka Mesir.5. Yoyakim mimiti jadi raja Yuda dina yuswa dua puluh lima taun. Ngarajaanana sawelas taun, calikna di Yerusalem. Anjeunna midamel dosa ka PANGERAN Allahna.6. Hiji mangsa Yuda dirurug ku Raja Nebukadnesar ti nagara Babul. Yoyakim ditangkep, dirante terus diboyong ka Babul.7. Rajabrana eusi Bait Allah oge aya anu dijabel ku Nebukadnesar, dijadikeun eusi karatonna di Babul.8. Sagala rupa anu dipidamel ku Yoyakim, kitu deui hal kadorakaan jeung kajahatanana anu pikagirukeun, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil jeung Yuda. Yoyakin, putrana, jadi raja gegentosna.9. Yoyakin mimiti jumeneng raja Yuda dina yuswa dalapan welas taun. Ngarajaanana tilu bulan sapuluh poe, calikna di Yerusalem. Anjeunna oge midamel dosa ka PANGERAN.10. Dina hiji musim sumping Nebukadnesar ngaboyong Yoyakin ka Babul, sarta bari ngajabel rajabrana eusi Bait Allah. Raja Nebukadnesar ngangkat Sidkia kapiramana Yoyakin, jadi raja Yuda jeung Yerusalem.11. Sidkia mimiti jumeneng raja Yuda dina yuswa dua puluh hiji taun. Ngarajaanana sawelas taun, calikna di Yerusalem.12. Anjeunna midamel dosa ka PANGERAN, bujeng-bujeng rumaos waktu diunjukanan ku Nabi Yermia anu ngunjukkeun timbalan PANGERAN, teu kersa malire-malire acan.13. Raja Nebukadnesar geus maksa Sidkia sina sumpah demi Allah yen baris satia ka eta raja. Tapi saterusna Sidkia baha, ngalawan ka Nebukadnesar. Sarta Sidkia tetep neugtreug teu kersaeun tobat ka PANGERAN, Allah Israil.14. Turug-turug para pamingpin Yuda, para imam jeung sakumna rahayat, lampahna teh narurutan kadorakaan bangsa-bangsa anu araya di sakurilingeunana, nyarembah ka arca-arca, jadi maranehna teh nganistakeun Bait Allah anu geus disucikeun ku PANGERAN ku manten.15. Ari PANGERAN, Allah karuhunna masih keneh ngutus nabi-nabi sina ngageuing umat-Na, reh hoyong nyalametkeun ka maranehna kitu deui ka Bait Allah.16. Tapi eta utusan-utusan Allah teh anggur pada ngageuhgeuykeun, pangandika-pangandika Mantenna henteu digugu, nabi-nabi Mantenna disaleungseurikeun. Bendu PANGERAN ka umat-Na geus teu kaampeuh.17. Mantenna tuluy ngadatangkeun raja Babul ngagempur ka maranehna. Barudak ngora urang Yuda, najan nu aya di Bait Allah, diparaehan. Ka nu kolot ka nu ngora, ka lalaki ka awewe, ka nu cageur ka nu gering, eta raja teu aya pisan rasrasanana. Urang dinya ku PANGERAN geus diserenkeun ka anjeunna.18. Bait Allah ku raja Babul diranjah. Rajabranana kitu deui harta banda raja jeung ponggawa-ponggawa dijarah terus diakut ka Babul.19. Bait Allah jeung kota dihuru, jeung karaton-karatonna katut barang-barangna anu aralus. Kuta-kuta dirugrugkeun.20. Jalma-jalma anu teu katumpes ku Nebukadnesar diakut ka Babul, dijieun abid-abid purah ngawulaan anjeunna jeung turunan anjeunna nepi ka mangsa ngadegna karajaan Persia.21. Geus tinekanan sakumaha timbalan PANGERAN ku jalan Nabi Yermia anu ungelna, ”Tujuh puluh taun ieu tanah bakal suwung, sina ngarasa reureuhna Sabat anu geus tara digarumatikeun.”22. Dina taun kahiji pamarentahan Kores, raja Persia, PANGERAN ngabuktoskeun pangandika anu diandikakeun ku jalan Nabi Yermia tea. Mantenna ngusikkeun manah Kores, sangkan Kores ngaluarkeun parentah tinulis, anu dibacakeun tarik di sakuliah karajaanana. Ungelna:23. ”Ieu parentah Kores, raja agung Persia. PANGERAN, Allah sawarga, ngangkat kami jadi raja, marentah saalam dunya. Ku Mantenna geus dikawasakeun pikeun ngawangun hiji gedong suci keur salira-Na di Yerusalem, tanah Yuda. Maraneh kabeh anu jadi umat Allah, dijurung laku ka daritu. Bral, mugia disarengan ku PANGERAN Allah maraneh.”JABUR 86:1-51. Panyambatna Daud. Nun PANGERAN, mugi dangukeun, mugia kabul ieu paneda, abdi teh balangsak sareng walurat;2. mugi raksa nyawa abdi, jalmi nu satia ka Gusti, mugi ieu abdi Gusti anu kumureb teh jait.3. Mugi aya kurnia, nun Allah Panutan, anu ku abdi disambat sadidinten.4. Paparin kabungah ieu abdi Gusti teh, reh ka Gusti mumbulna paneda abdi.5. Reh Gusti teh langsar manah, jembar hampura, murah asih ka sugri nu sok sasambat.SILOKA 21:13-1413. Lamun urang embung ngadenge jumeritna anu sangsara, engke mun urang sasambat menta tulung, moal aya nu malire.14. Jalma anu ambekeun ka urang, anteuran rerencepan, engke amarahna leler.RASUL 21:13-1413. Tapi anjeunna ngawaler, ”Kumaha ari dulur-dulur, anggur careurik matak seber kana hate kaula? Kaula mah ulah mun dibarogod, demi Gusti Yesus sanajan nepi ka dipaehan oge di Yerusalem suka lilah.”14. Ku sabab anjeunna teu beunang dihalang-halang, tungtungna sarerea pasrah bari ngomong kieu, ”Dalah di kumaha, urang sumerah kana pangersa Gusti bae.” Sundanese Bible 1991 @LAI 1991