Bible in one year
Agustusan 19

1. Ayub sasauran deui,
2. ”Kahayang mah hirup teh cara bihara-bihari, waktu eukeur diraksa keneh ku Allah,
3. basa ku Mantenna tara kendat disarengan, nepi ka kuring tara poekeun, caang ku cahya Mantenna.
4. Harita mah kuring teh jelema mukti, kawantu dalit jeung Allah, rumah tangga ditangtayungan.
5. Jeung Allah Nu Maha Kawasa teu pisah-pisah, jeung anak riung mungpulung.
6. Tara towong nginum susu, loba sapi loba embe, di kebon di tanah cadas tangkal jetun tingarulang.
7. Ana sesepuh kota gempungan, kuring ge milu nungkulan.
8. Lamun lar kuring ngaliwat, nu ngarora nyararisi mere jalan, nu sarepuh ararajeg ngahalormat.
9. Lamun kuring enggeus datang, pamingpin-pamingpin nu keur cacarios ge liren heula nyariosna,
10. dalah jalma pangpentingna ari datang kuring mah jep jempe.
11. Ku nu nyaraho sorangan atawa ku nu sakadar ngadenge, salampah-lampah kuring dipuji, jadi senen kalemekan.
12. Lamun aya nu miskin ngalengis, gancang ku kuring ditulung. Nu pahatu, nu teu boga pamatuhan geuwat disambat.
13. Jalma-jalma anu dijait ku kuring, kacida tumarimana, kitu deui randa-randa, ku kuring disarenangkeun.
14. Dina sagala hal kuring teh lempeng jeung jujur.
15. Keur nu lolong jadi minangka panonna, keur nu gempor jadi minangka sukuna,
16. keur nu malarat jadi minangka bapana. Semah anu eukeur susah ku kuring dibela.
17. Pangagung lalim ku kuring diwarah, nu jadi korbanna dijait disina leupas.
18. Nu diharep salawasna hayang nanjung panjang umur, mun paeh hayang di imah ngarah utama sugema.
19. Harita kuring teh ibarat tangkal, nu akarna juuh ku cai, dahan-dahan jeung daunna cipruk ku ciibun.
20. Ku jelema diparuji, pakarepan tara gagal.
21. Lamun kuring mere luang, jalma-jalma mani jempe, saregep ngabarandungan.
22. Lamun ngomong enggeus anggeus euweuh nu wani nyambungan, tiap ucap keunana nyerep, lir cihujan rembes ka jero taneuh.
23. Nu ngadarengekeunana bangun pohara resepeunana, lir patani narimakeun hujan.
24. Samangsa maranehna pegat pangharepan, ku kuring sok diimutan, timbul deui wawanenna mun kuring nembongkeun budi marahmay.
25. Urusanana geuwat ku kuring ditangkes tuluy diputus, jelemana dipetakeun, lir balad keur ditata ku rajana. Jalma anu pegat pangharepan dililipur nepi ka teger.
1. Na ari ayeuna, ku nu leuwih ngarora ge diseungseurikeun. Bet inget ka kolot-kolotna, kabeh jalma tanpa guna. Leuheung keneh anjing kuring, aya-aya gawena purah ngajaga domba.
2. Naon maranehna mah, jelema ge ruruntukna, diarah tanagana bororaah, kacida halengkerna.
3. Ku miskin-miskinna, ku lapar-laparna, akar-akar garing ge disaregetan, ti peuting, di tengah tegal gundil,
4. nyarabutan tutuwuhan tegal, diharakan ka akar-akar tangkal nu euweuh rasana.
5. Ku itu ku ieu dibuburak, dieuah-euah kawas ka bangsat.
6. Hareesna di nu nyangkeredong-nyangkeredong, atawa ngalaliang dina lamping karang,
7. tingsalegor kawas sato bae badis, bacacar di handapeun rurungkunan.
8. Manusa piceuneun wungkul, teu paruguh indung bapana, dibuburak ti jero lembur.
9. Eta nu karitu patut, ayeuna mah ka kuring nyeungseurikeun mani nganggap bodor.
10. Bangun kacida sarebeleunana. Tapi ceuk pangrasana mah sakitu teh bageur teuing, da nepi ka nyariduhan kana beungeut.
11. Meureun meungpeung kuring ku Allah dikieu-kieu, nya geus teu walakaya, nya geus beak araheunana, maranehna sakama-kama mupuas ka kuring.
12. Seug eta gorombolan teh narajang, ngabeberik teu eureun-eureun,
13. maregatan arek mergasa, taya nu ngahalang-halang.
14. Maranehna ambreg kana lombang pertahanan kuring, ditenjragan nepi ka runtuh.
15. Cindekna kuring teh eleh, sieunna kabina-bina, beak wawanen kapupul bayu. Asal mukti geus burindil, lir mega kasapu angin.
16. Ayeuna mah kari nunggu-nunggu ajal taya harepan kana menyat deui.
17. Ari peuting karasa satulang-tulang nyareri, mani asa dikerikan teu eureun-eureun.
18. Sabot kitu, beuheung baju ku Allah ditongtak, tuluy dipuril-puril,
19. terus kuring dibalangkeun ka nu jeblog, taya bedana ti miceun runtah.
20. Ka Allah abdi ngagero, nanging teu diwaro. Ka Gusti abdi jumerit, nanging teu ditolih.
21. Gusti bengis liwat saking, nyiksa pupuasan.
22. Ku Gusti diapung-apung, atuh kabantun ku angin, dibuntang-banting ku topan.
23. Teu sak deui, tangtos bade dicabut nya umur, bade ditotogkeun ka kubur, pangbalikan sarerea.
24. Na ku naon dugi ka nyiksa ka nu parantos teu walakaya, anu parantos teu tiasa naon-naon, kajabi ti neda dipikarunya.
25. Padahal abdi kapungkur, ka nu prihatin sok ngiring sedih, ka nu tunggara ngiring sungkawa.
26. Nu diteda, bagja katut jamugana, nu katampi, papait sareng balai.
27. Awak bejad, dijejewet ku karisi jeung kanyeri, nu kapeleng mung wungkul pisangsaraeun.
28. Titingalan parantos paroek, gegerungan menta tulung, sasambat ka nu araya, nanging lapur taya anu ngalilipur.
29. Sora abdi matak ngarakacak hate kawas sora babaungna ajag atawa jeritna manuk onta di tempat sepi tur suwung.
30. Kulit jadi hideung, awak nyongkab muriang.
31. Kapungkur mah sok nguping lalaguan nu gumbira ayeuna mung bati lumengis midangdam.
7. Nu maruhit ka arca-arca diera-era, ilah-ilah kabeh ngareluk di payuneun PANGERAN.
8. Urang Sion galumbira, kitu deui kota-kota tanah Yuda, sararuka ku putusan Gusti, nun PANGERAN.
9. Nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, Gusti nyepeng sakuliah jagat. Gusti punjul ti sadaya ilah-ilah.
10. PANGERAN asiheun ka jalma nu ngamusuh kagorengan. Mantenna nangtayungan hirup umat-Na, diluputkeun tina genggeman jalma jarahat.
11. Cahya caang sumirat ka nu balener, kasenangan tumerap ka nu balageur.
12. He jalma-jalma nu satemenna, masing saruka ku anu geus dipidamel ku PANGERAN, ingetkeun, sukurkeun, naon-naon anu geus dijalankeun ku Allah nu suci.
15. Anaking, mun hidep bijaksana, Bapa teh bungah.
16. Tada teuing agulna mun ngadenge ucap-ucapan hidep ngareusi.
1. Surat sim kuring Paulus, anu geus disaur ku pangersa Allah, dijadikeun rasulna Kristus Yesus.
2. Kahatur jamaah Allah di Korinta, ka sakur anu geus disaur dijadikeun umat suci Allah, geus jadi kagungana-Na ku jalan ngahiji jeung Kristus Yesus, babarengan jeung anu di mana-mana anu nyarembah ka Kristus Yesus Gusti urang, Gusti maranehanana oge.
3. Sim kuring, jeung oge Sostenes, ngadoakeun mugia Allah Rama urang, jeung Gusti Yesus Kristus maparin rahmat salamet ka aranjeun.
4. Sim kuring teu pegat-pegat muji sukur ka Allah ku hal aranjeun, anu geus mareunang rahmat Allah ku jalan ngahiji jeung Kristus Yesus.
5. Sabab ku jalan kitu aranjeun jadi beunghar ku sagala rupa, tur perceka sarta rebo ku kanyaho.
6. Eta tandana warta hal Kristus teh geus nyerep enya-enya ka aranjeun,
7. nepi ka teu aya hiji berkah anu leupas ti aranjeun sajeroning ngadago-dago Gusti urang Yesus Kristus ebreh sumping.
8. Anjeunna tangtu mengkuhkeun iman aranjeun nepi ka ahir, supaya di mana Poe sumpingna cunduk, aranjeun teu aya cawadeunana.
9. Allah anu nuyun aranjeun ngahiji jeung Yesus Kristus Putra-Na teh bisa ku aranjeun diandel.
10. Kalawan jenengan Gusti urang Yesus Kristus sim kuring meredih, aranjeun sing saluyu samupakat, ulah nepi ka pagetreng. Sing raket ngahiji, sahate jeung sapikir.
11. Sim kuring terang ti sawatara urang kulawarga Kloë yen tetela pisan, aranjeun teh keur pagetreng.
12. Maksud sim kuring, aranjeun masing-masing beda pamadegan. Ceuk nu saurang, ”Kuring biluk ka Paulus”; ceuk nu saurang deui, ”Kuring biluk ka Apolos”; ceuk nu sejen, ”Kuring biluk ka Petrus”; ceuk nu sejen deui, ”Kuring biluk ka Kristus.”
13. Kristus nepi ka dibagi-bagi! Naha Paulus kitu anu pupus disalib gaganti aranjeun teh? Aranjeun dibaptis teh naha supaya jadi murid-murid Paulus?
14. Hadena sim kuring teu ngabaptis aranjeun saurang-urang acan, kajaba Krispus jeung Gayus.
15. Anu matak moal aya anu nyebut-nyebut yen aranjeun dibaptis dijadikeun murid sim kuring. (
16. Aya keneh ketah anu dibaptis ku sim kuring teh, Stepanus jeung kulawargana. Tapi salian ti eta mah asana teu aya deui.)
17. Kristus ngutus sim kuring teh lain pikeun ngabaptis, tapi pikeun nguarkeun Injil Kasalametan. Ari nguarkeunana lain ku kapinteran nyarita tina cara manusa, supaya ulah nepi ka matak ngagaplahkeun kakuatan kawasa pupusna Kristus dina salib.
18. Sabab ku jelema-jelema hukumeun mah warta hal Kristus pupus disalib teh dianggap omong kosong. Sabalikna pikeun urang anu geus disalametkeun ku Allah, hal eta teh taya lian ti kakawasaan Allah.
19. Kitab Suci nyebutkeun, ”Kanyaho jalma palinter ku Kami rek dieuweuhkeun, pangarti kaom terpelajar rek dileungitkeun.”
20. Jadi pikeun naon aya nu palinter, aya kaom terpelajar, aya ahli-ahli sawala di ieu dunya? Ku Allah geus ditetelakeun kapinteran manusa teh taya lian ti omong kosong!
21. Sabab Allah anu bijaksana midamel, sangkan manusa mustahil bisa nyaho ka Mantenna ku kapinteranana sorangan. Sabalikna pikeun nyalametkeun umat-Na anu percaya teh ku hiji warta, nya eta anu diwawarkeun ku sim kuring sabatur-batur, anu ku dunya dianggap kabodoan.
22. Pikeun ngayakinkeun hal eta, urang Yahudi marenta tanda mujijat, urang Yunani ngarulik pangarti.
23. Ari ku sim kuring sabatur-batur ngan disodoran wawaran hal Kristus disalib. Puguh bae urang Yahudi asa dihina, bangsa lianna ngabodo-bodo.
24. Tapi pikeun anu geus disalaur ku Allah — boh urang Yahudi, boh nu lain Yahudi — eta warta hal Kristus teh bukti tina kakawasaan jeung kabijaksanaan Allah.
25. Sabab anu ku manusa dianggap kabodoan Allah, masih leuwih luhung ti batan kapinteran manusa; anu ku manusa dianggap kalemahan Allah, masih leuwih bedas ti batan kakuatan manusa.
26. Inget dulur-dulur, kumaha kaayaan aranjeun waktu mimiti disalaur. Anu ceuk manusa pinter, atawa kawasa, atawa luhur harkat teh ngan saeutik bae.
27. Ngahaja Allah milih anu ku dunya dianggap bodo, pikeun ngera-ngera anu palinter. Ngahaja milih anu ku dunya dianggap lemah, pikeun ngera-ngera anu garagah perkasa.
28. Ngahaja Allah milih anu ku dunya dianggap hina, kuricakan, taya harga, pikeun ngaruntagkeun anu ku dunya diajen-ajen.
29. Anu matak moal aya manusa anu bisa adigung di payuneun Allah.
30. Aranjeun oge pang bisa ngahiji jeung Kristus Yesus teh ku sih kurnia Allah, ari Kristus ku Mantenna dijadikeun kabijaksanaan urang, tegesna kabijaksanaan urang teh asalna ti Kristus. Nya ku Anjeunna pang urang bisa diangken bener ku Allah teh, pang urang jadi umat suci Allah, pang urang bisa bebas.
31. Ku sabab eta, ”Lamun urang arek agul, kudu agul teh ngan ku anu geus dipidamel ku Gusti pikeun urang.” Kitu ceuk Kitab Suci.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991