Bible Version Compare
- |
|---|
| 1 |
| Yesus naek deui kana parahu tuluy meuntas, mulih ka lembur-Na ku anjeun. |
| 2 |
| Sanggeus sumping, aya anu lumpuh dibawa ka Anjeunna, digotong dina bale-bale. Jelema-jelema teh ku Anjeunna dipeleng, katingali yen kacida palercayaeunana ka Anjeunna. Seug Anjeunna ngadawuh ka eta nu lumpuh, ”Sing gede hate anaking! Dosa-dosa hidep geus dihampura.” |
| 3 |
| Di dinya aya guru-guru agama sababaraha urang, ngaromong dina hatena, ”Eta jelema teh mapadani ka Allah!” |
| Sundanese Bible 1991
@LAI 1991 |