Bible Verses On A TopicTopics God Blessing Come As You Are Commandments Curse Financial Blessing Free Will God's Grace God's Love God's Will God's Timing I Will Never Leave You Miracles Names of God Offerings Plans Being Saved Trinity Time Unconditional Love Viruses / Diseases Who God Is Good Character Acceptance Abstinence Accountability Boldness Caring Cleanliness Commitment Confidence Contentment Courage / Brave Compassion Discipline Faith Grateful Hospitality Humble / Humility Honest Honor Integrity Kindness Love Modesty Mercy Patience Sanctification Self-Control Trust Bad Character Anger Betrayal Bullying Bitterness Complaining Conflict Fear Foolish Hypocrite Jealousy Judgmental Lazy Pride Revenge / Vengeance Vanity Violence Sins Abortion Addiction Adultery Apostasy Cursing Divorce Envy Fornication Gluttony Gossip Greed Hate Lust Lying Masturbation Procrastination Theft Life Aging Animals Adoption Birthday Beauty Being Alone Dating Death Depression Disappointment Discernment Exercise Ethics Fasting Finding Love Focus Family Food Guilt Health Happiness Hell Infertility Job Loss Loss Mental Illness Music Marriage Putting God First Pain Parenting Struggle Sex Trials Temptation Verse For Men Verses For Women War Wealth Widows Church Attending Church Birth Of Jesus Church Persecution Deacons False Teachers Going To Heaven Holy Spirit Messiah In The Bible Pastors Praising God Parables From Jesus Pentecost Speaking in Languages Tithing Worship Womens Roles Mysteries Aliens Cancer Destiny Dinosaurs Dragons Dreams Flat / Round Earth Giants in the Bible Last Days / Future Unicorns Angels and Demons Archangels Angels Beelzebub Demons Guardian Angels Lucifer Sorcerer / Magic Math Signs Number 3 Number 5 Number 7 Number 8 Number 10 Additional Alcohol Abundance Abomination Broken Heart Cannibalism Death Penalty Drugs Evil Emotions Halloween Helping the Poor Miscarriage Police Officers Piercings Polygamy Revival Sadness Science Self Defence Slavery Suicide Talent Tattoos Work Additional: [Alcohol] 1 PETRUS 4:3Geus cukup bareto hirup aranjeun milampah anu sok dipilampah ku anu henteu palercaya ka Allah, kalakuan henteu pantes, ngumbar napsu, resep mabok, ngecak ngebur, ria-ria, jeung nyarembah ka brahala.1 TIMOTEUS 5:23Ku lantaran hidep geringan, nginum ulah cai wungkul, perlukeun saeutik mah nginum anggur keur ngabantu padaharan.PANDITA 9:7Anu matak mending bek dahar, pek geura senang-senang, leguk inum anggurna, geura sukan-sukan, da ku Allah ge diridoan.EPESUS 5:18Nginum anggur ulah nepi ka mabok, matak ruksak awak, sabalikna kudu kacicingan ku Roh Allah.SILOKA 20:1Anggur ari loba teuing mah matak ngacapruk kawas nu burung. Daek mabok mah bodo kabina-bina.SILOKA 23:31Ana isukna geus lilir, awak karasa nyareri asa dipacok ku oray matih,RUM 13:13Tingkah laku masing luyu sakumaha pantesna hirup dina caangna beurang — ulah pepestaan bae, ulah mabok, ulah rucah, ulah aeb, ulah gelut, ulah dengki.SILOKA 31:4-5[4] Regepkeun Lemuel, anaking! Raja henteu sae sedep anggur atawa katagihan arak. [5] Sabab ana raja mabok, lali kana hukum, ngalalaworakeun hak rahayat nu walurat. JABUR 104:14-15[14] Gusti ngadamel jukut jaradi jang sasatoan, sareng rupi-rupi tutuwuhan jang kaperluan manusa, dugi ka manehna tiasa pepelakan keur paneneun, [15] sareng ngahasilkeun anggur keur nyukakeun dirina, minyak jetun keur ngagumbirakeunana, sareng roti keur nimbulkeun tanagana. 1 KORINTA 10:23-24[23] ”Urang mah kumaha ge meunang,” kitu ceuk nu ngaromong. Eta enya. Tapi henteu kabeh anu dimeunangkeun teh hade. ”Kumaha ge meunang” — henteu kabeh anu dimeunangkeun bisa nulung. [24] Ulah hayang senang sorangan, ragangan hate batur. YESAYA 62:8-9[8] Kalawan enya-enya PANGERAN geus ikrar jangji. Demi kakawasaana-Na, jangji-Na tangtu dilaksanakeun: ”Gandum maneh moal dihakan deui ku musuh, anggur maneh moal diinum deui ku bangsa lian. [9] Maneh anu melak, nu metik, nu ngadaharna, bari muji sukur ka PANGERAN. Melak anggur, maneh nu ngurus, nu metik buahna, jeung nginum anggurna di buruan Bait Kami.” GALATA 5:19-21[19] Napsu badan ngajakna kana rucah, aeb, teu uni, [20] muja brahala, sihir, ngamusuh, gelut, dengki, ngumbar amarah, mentingkeun sorangan, papecah, [21] sirik-pidik, beuki kana mabok, ria-ria, jeung salian ti eta. Sim kuring rek ngingetan deui cara nu enggeus-enggeus yen anu kalakuanana kitu moal meunang tempat di Karajaan Allah. 1 KORINTA 9:19-23[19] Sim kuring jelema bebas, lugina, lain abdi saha-saha, tapi ngahaja ngabdikeun diri ka jalma rea, lantaran hayang meunangkeun jalma rea pikeun Kristus. [20] Keur ngawawarkeun di urang Yahudi, hirup sim kuring cara urang Yahudi supaya hatena bisa kabeuli pikeun Kristus. Ngawawarkeun ka jelema-jelema anu diparentah ku Hukum Musa, sim kuring sanajan henteu katalian ku eta, ngalakonan hirup kawas anu kabawah ku hukum-hukum eta, supaya maranehanana kabeuli hatena. [21] Nya kitu keneh, ngawawarkeun ka anu lain Yahudi, hirup sim kuring cara hirup maranehanana anu luareun Hukum Agama Yahudi, supaya hate maranehanana kabeuli. Sim kuring kitu lain teu nurut kana parentah-parentah Allah, malah hirup sim kuring teh ngajalankeun parentah-parentah Kristus. [22] Ka jelema anu hatena hamham keneh, sim kuring nurutan kawas kitu, supaya hatena katarik. Pikeun nu itu sim kuring kudu kawas kitu, pikeun nu ieu kudu kawas kieu, supaya bisa meuli hatena, sugan bae ku jalan kitu bisa nyalametkeun maranehanana saeutik-eutikeun. [23] Eta kabeh dilakonan pikeun ngamashurkeun Injil Kasalametan bari ngalap berkahna. RUM 14:15-21[15] Lamun aranjeun nganyerikeun hate dulur tina sual kadaharan, kalakuan kitu teh nandakeun aranjeun geus taya kanyaah. Ulah ngaruksak hate dulur ku sual anu didahar ku aranjeun, da Kristus pupus teh kapan keur manehna oge! [16] Hal anu ku aranjeun dianggap hade teh ulah matak jadi goreng kasebutna. [17] Di Karajaan Allah mah nu penting teh lain hal anu didahar jeung diinum, tapi nya eta bener lampah, hirup rukun, narimakeun reujeung suka sakur anu dipaparinkeun ku Roh Suci. [18] Anu ngawulana ka Kristus kieu, bakal kamanah ku Allah sarta diajenan ku pada jelema. [19] Ku sabab kitu anu kudu dijieun tujuan teh salilana kudu hal-hal anu matak pirukuneun jeung anu baris bisa dipake silih tunjang pada batur. [20] Ulah ku lantaran sual kadaharan hal anu geus dipidamel ku Allah jadi ruksak. Kadaharan naon bae kabeh ge meunang, tapi lamun matak ngalantarankeun batur labuh kana dosa, salah lamun didahar teh! [21] Ti batan matak ngalantarankeun dulur sakapercayaan dosa, leuwih hade ulah ngadahar daging, atawa nginum anggur. YOHANES 2:3-11[3] Sanggeus anggur inumeun beak, ibuna Yesus nyarios ka Anjeunna, ”Nu hajat teh seepeun leueuteun.” [4] Yesus ngawaler, ”Ulah disaurkeun ka Abdi, margi Abdi teu acan dongkap kana waktos.” [5] Tapi ibu-Na terus sasauran ka tukang-tukang laladen, saurna, ”Engke lamun Anjeunna miwarang naon-naon, pigawe bae!” [6] Di dinya aya tahang batu wadah cai paranti wawasuh sakumaha adat agama urang Yahudi, pieusieunana masing-masing kira-kira saratus liter. [7] Yesus marentah ka tukang-tukang laladen, saur-Na, ”Eta tahang-tahang eusian ku cai.” Tuluy diareusian mani laleber; [8] geus kitu saur Yesus, ”Siuk saeutik, anteurkeun ka pamangku hajat.” Seug dianteurkeun; barang ku manehna diasaan, [9] cai teh geus robah jadi anggur. Manehna teu nyahoeun kumaha asalna (nu nyiuk jeung nganteurkeunana mah puguh bae nyahoeun); tuluy manehna nyalukan panganten lalaki, [10] seug ngomong kieu, ”Biasana anu dikaluarkeun ti payun teh anggur anu pangraosna heula, upami tamu-tamu parantos warareg nembe ngaluarkeun anu sedeng-sedeng bae. Dupi ieu sabalikna, nu saena dipandeurikeun!” [11] Ieu kaajaiban di Kana wewengkon Galilea teh, kaajaiban anu pangmimitina dipidamel ku Yesus, nembongkeun kamulyaana-Na. Murid-murid-Na jadi palercaya ka Anjeunna. Sundanese Bible 1991 @LAI 1991