Ayeuna ceuk Kami, ulah ngabales ka nu jahat ka maraneh. Lamun aya jalma nampiling pipi maneh nu katuhu, keun bae najan rek nampiling deui ka nu beulah kenca oge.
Lamun jelema gagah tur lengkep pakarangna ngajaga imahna, sagala harta bandana ditanggung aman.
Leupaskeun maranehna tina genggeman para durjana.
Poma dulur-dulur, ulah hayang ngabales, eta mah wewenang Allah. Ceuk Kitab Suci oge, ”Kami anu pimaleseunana, Kami anu bakal ngahukumna, kitu pilahir Pangeran.”
[38] ”Aya deui timbalan: ʼMata bayar mata, huntu bayar huntu.ʼ [39] Ayeuna ceuk Kami, ulah ngabales ka nu jahat ka maraneh. Lamun aya jalma nampiling pipi maneh nu katuhu, keun bae najan rek nampiling deui ka nu beulah kenca oge.
da itu jenengna teh jadi kawula Allah pikeun kamaslahatan wargana. Ari aranjeun jahat mah puguh bae jadi sieun, da pamarentah teh boga kawasa pikeun ngahukum. Pamarentah teh kawula Allah pikeun ngalaksanakeun Hukum Allah ka wargana anu jahat.
[36] Saur Yesus, ”Tapi ayeuna mah lamun aya anu boga loket atawa kantong kudu dibawa; jeung anu teu boga pedang jual bae baju beulikeun pedang. [37] Sabab anu disebutkeun dina Kitab Suci ngeunaan diri Kami, anu ungelna, ʼAnjeunna disaruakeun jeung bangsat,ʼ tangtu kajadian; eta anu ditulis ngeunaan diri Kami teh ayeuna bakal kajadianana.” [38] ”Gusti,” piunjuk murid-murid, ”pedang parantos aya, dua!” ”Cukup eta ge!” waler-Na.
Ti Daud. Puji PANGERAN, papayung kaula! Mantenna ngalatih kaula jurit jeung ngajar kaula perang.
Sing saha anu tambelar ka baraya, pangpangna ka anggota rumah tanggana sorangan, eta teh ingkar tina iman, leuwih jahat ti batan anu teu boga iman.
sing sabisa-bisa neangan pijalaneun akur jeung saha bae.
Pasti nu maling mah kudu ngagantian barang anu dipalingna. Lamun jinisna taya kaboga, dirina kudu dijual jadi badega, keur mayar nu dipalingna. Lamun sato anu dipalingna kapanggih aya keneh di manehna, boh sapi boh kalde atawa domba tur hirup keneh, kudu ngagantianana teh dua kana hiji. Bangsat anu kacerek keur ngabobok imah ti peuting terus dipaehan, anu maehanana teu kaasup maehan. Tapi lamun kajadianana ti beurang, anu maehanana manjing hukum maehan.
Leupaskeun maranehna tina genggeman para durjana.
Poma dulur-dulur, ulah hayang ngabales, eta mah wewenang Allah. Ceuk Kitab Suci oge, ”Kami anu pimaleseunana, Kami anu bakal ngahukumna, kitu pilahir Pangeran.”
Bagja jelema anu resep ngupayakeun karukunan, ku Allah bakal diangken putra!
Simon Petrus anu mawa pedang nyabut pedangna, tuluy dikadekkeun ka hiji badega Imam Agung ngaran Malkus, rampung ceulina anu katuhu.
Bagja jelema anu resep ngupayakeun karukunan, ku Allah bakal diangken putra!
[52] Tapi saur Yesus, ”Asupkeun eta pedang, sarangkaan deui. Sabab anu ngagunakeun pedang paehna ku pedang deui. [53] Dikira Kami teu bisa nyambat ka Rama Kami menta balad malaikat leuwih ti dua welas pasukan? [54] Tapi lamun kitu kumaha rek laksana ucapan Kitab Suci yen kudu kieu jadina?”
Coba lamun nu boga imah nyahoeun iraha pidatangeunana bangsat, tangtu bakal taki-taki supaya ulah nepi ka kabongkaran.
[5] Lamun aya anu ngala pati manusa tangtu dihukum. Sato anu maehan manusa, ku Kami baris dihukum paeh. [6] Manusa teh dijadikeunana sarimbag jeung Kami. Ku sabab eta, sing saha anu maehan manusa, baris dipaehan deui ku sasama manusa.
Tapi dulur-dulur teh bangun salempang. Ku sabab eta dulur-dulur jeung kapala-kapala sarta para pamingpinna, ku sim kuring diomongan, ”Teu kudu dipikarisi eta musuh teh. Sing aringet kumaha gagahna, kumaha hebatna PANGERAN. Tarung masing teuneung, ngabela batur sabangsa, ngabela anak rabi, ngabela imah pangancikan.”
[10] Simon Petrus anu mawa pedang nyabut pedangna, tuluy dikadekkeun ka hiji badega Imam Agung ngaran Malkus, rampung ceulina anu katuhu. [11] Yesus ngalahir ka Petrus, ”Sarungkeun deui pedang maneh! Pangira maneh ieu lumur panganiayaan ti Ama Kami teh ku Kami moal diinum?”
[21] Lamun musuh maneh kalaparan bere dahar, mun halabhab bere nginum, [22] tangtu manehna bakal samar rasa ku tina erana, tur eta kahadean maneh baris meunang rahmat PANGERAN.
Nu goreng ulah dibales ku goreng. Usahakeun kumaha bae jalanna anu ceuk batur ge hade,
[51] Ti nu ngiring ka Anjeunna aya anu nyabut pedang, dikadekkeun ka hiji jelema bujangna Imam Agung, rampung ceulina. [52] Tapi saur Yesus, ”Asupkeun eta pedang, sarangkaan deui. Sabab anu ngagunakeun pedang paehna ku pedang deui. [53] Dikira Kami teu bisa nyambat ka Rama Kami menta balad malaikat leuwih ti dua welas pasukan? [54] Tapi lamun kitu kumaha rek laksana ucapan Kitab Suci yen kudu kieu jadina?”
[38] ”Aya deui timbalan: ʼMata bayar mata, huntu bayar huntu.ʼ [39] Ayeuna ceuk Kami, ulah ngabales ka nu jahat ka maraneh. Lamun aya jalma nampiling pipi maneh nu katuhu, keun bae najan rek nampiling deui ka nu beulah kenca oge. [40] Lamun aya jalma ngadukeun maraneh ka hakim sarta menta ganti rugi ku baju maraneh, bikeun bae jeung jubahna. [41] Lamun aya jalma ti hiji pasukan tentara maksa ka maraneh nitah mangmawakeun barangna sakilometer, turutkeun dua kilometer. [42] Nu barangpenta kudu dibere, nu hayangeun nginjeum kudu dibere nginjeum.” [43] ”Maraneh geus ngadenge yen aya timbalan kieu: ʼKudu nyaah ka pada batur. Musuh kudu dipikageuleuh.ʼ [44] Ayeuna ceuk Kami, ka musuh ge kudu nyaah, ka nu neungteuinganan kudu ngadoakeun,
Bejakeun ka maranehna, demi Kami teh PANGERAN Nu Maha Agung, Allah anu jumeneng, hamo teh teuing bungah ningali aya jelema dosa paeh. Kami mending ningali jelema dosa teh eureun tina dosana sangkan hirup. Eh Israil, geura eureun migawe dosa. Nanaonan bet ngaharepkeun paeh?
[18] sing sabisa-bisa neangan pijalaneun akur jeung saha bae. [19] Poma dulur-dulur, ulah hayang ngabales, eta mah wewenang Allah. Ceuk Kitab Suci oge, ”Kami anu pimaleseunana, Kami anu bakal ngahukumna, kitu pilahir Pangeran.” [20] Malah hadena mah, sakumaha ceuk Kitab Suci, ”Lamun musuh lapareun bere dahar, lamun hanaangeun bere nginum; ku dikitukeun teh manehanana moal teu ngarasa asa renghek bawaning ku eraeun.” [21] Kade, ulah nepi ka kabawa ku amarah, elehkeun pikiran goreng teh ku anu hade.
[31] Ucap-ucapan Daud aya nu ngunjukkeun ka Saul. Ku Saul dipiwarang dideuheuskeun. [32] Daud miunjuk, ”Gusti Sang Raja, teu kedah aya anu sieun ku eta urang Pelisti, abdi sanggem ngalawan.” [33] Waler Saul, ”Ulah, bisa naon maneh ka itu? Budak keneh, heug itu mah tukang tarung saumur-umur.” [34] Piunjuk Daud, ”Gusti Sang Raja! Abdi teh purah ngajagi domba pun bapa. Upami pareng aya singa atanapi biruang anu ngagusur anak domba, [35] ku abdi diudag, ditarajang dombana direbut deui. Upami singana atanapi biruangna bade ngarontok ku abdi dipiheulaan dicekek tikorona lajeng digendir dugi ka paeh. [36] Parantos seueur singa sareng biruang anu paeh ku abdi. Eta urang Pelisti umat brahala anu sakitu ngahinana ka balad Allah anu jumeneng oge tangtos bakal tiwas ku abdi. [37] PANGERAN parantos ngaraksa abdi ti singa sareng biruang, ayeuna ge tangtos ngaraksa ti eta urang Pelisti.” Waler Saul, ”Heug atuh, jung! Muga ditangtayungan ku PANGERAN.”
Aya hiji murid anu terus ngadek ka badega Imam Agung nepi ka rampung ceulina nu katuhu.
[22] Sabalikna lamun awewena nepi ka kumaonam, anu kalepasan neunggeul teh katempuhan: Nyawa bayar nyawa, [23] mata bayar mata, huntu bayar huntu, leungeun bayar leungeun, suku bayar suku, [24] tutung bayar tutung, bohak bayar bohak, benjut bayar benjut. [25] Lamun dunungan neunggeul kana panon badega anu lalaki atawa anu awewe, nepi ka panonna teu bisa dipake, badegana kudu dimerdikakeun, gaganti panonna.
Tapi sabalikna lamun juru kemit tea nenjo musuh datang tapi henteu nabeuh tanda bahaya, nepi ka musuh teh datang maehan jelema-jelema anu dosa, Kami tangtu nyalahkeun ka eta juru kemit anu ngalantarankeun paehna eta jelema-jelema.
Lamun aya sapi diabur asup ka kebon batur, upamana ka lahan anggur, terus ngaranjah pepelakanana, dunungan eta sato kudu ngaganti ku hasil tina lahanna sorangan, atawa tina hasil kebon anggurna.