Bible Verses On A Topic

Topics
God
Good Character
Bad Character
Sins
Life
Church
Mysteries
Angels and Demons
Math Signs
Additional
Additional: [Abomination]
Pasukanana sawareh bakal dititah nganajiskeun Bait Allah. Maranehna bakal ngeureunkeun kurban-kurban poean, sarta bakal masangkeun brahala anu disebutna si Pikasieuneun.
Ti semet kurban-kurban poean tea dieuweuhkeun, nya eta ti waktu dipasangkeunana si Pikasieuneun, lilana 1.290 poe.
Awewe teu meunang make papakean lalaki, lalaki teu meunang make papakean awewe.
jeung duit ladang lacur ulah dipake mayar panadaran, teu meunang diasupkeun ka gedong PANGERAN Allah maraneh, sabab nu lacur di kuil-kuil pamujaan jeung duit ladang palacuran teh kagiruk PANGERAN.
Eta awewe anu pisah ti salakina anu pandeuri teh boh ku sabab diserahkeun, boh ku sabab katilar maot, teu meunang diruju ku salakina anu ti heula, kudu dianggap awewe anu geus ceda. Mun dibalikan deui matak cua ka PANGERAN. Peupeujeuh ulah nyieun kanistaan kawas kitu di tanah anu bakal dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh.”
Teu guna maneh mawa pangabakti oge. Kami ijid kana bauna eta beubeuleuman maneh! Kami ijid kana Pesta Bulan Anyar, kana Sabat, jeung kana kumpulan-kumpulan ibadah maneh, lantaran geus kalampud ku dosa maneh.
Sabab lamun geus tilu poe didahar keneh bae, kurbanna ku PANGERAN moal ditampi jeung moal matak jadi berkah ka manehna, malah haram sarta bakal aya balukarna ka anu ngadahar.
Teu meunang ngajima sasatoan. Awewe teu meunang sapatemon jeung sato, kalakuan anu nya nista nya rujit.
PANGERAN mikangewa ka nu make timbangan curang. Mantenna misuka ka nu nimbangna bener.
Angen-angen jahat kaceuceub PANGERAN, ari lampah bener nyukakeun kana manah-Na.
PANGERAN ngewa ka tukang bohong, sabalikna misuka ka nu nedunan jangjina.
Paneda jalma balener kamanah ku PANGERAN. Sabalikna jalma jarahat mah pangbaktina ge dipikageuleuh.
PANGERAN mikagiruk pipikiran jelema goreng, sabalikna misuka kana ucap-ucap nu darehdeh.
Nu arangkuh jadi kacua PANGERAN, tur moal bisa nyingkir tina hukuman.
Nyalahkeun jelema beresih, atawa ngaleupaskeun jelema jahat, duanana ge kaceuceub PANGERAN.
Tukang malsu timbangan jeung meteran, jadi kagiruk PANGERAN.
PANGERAN mikagiruk ka jalma nu make timbangan palsu jeung malsu timbangan.
Nu teu tunduk kana hukum Allah, panedana oge ku Allah kacida dipikacuana.
Tapi jelema anu najis jeung jelema anu aeb kalakuan atawa tukang bohong teu meunang asup. Anu bisa ka darinya ngan anu ngaranna aya dina kitab jelema-jelema nu harirup kagunganana Anak Domba tea.
”Maraneh bakal nenjo ’Si Pikasieuneun’ ngabedega di tempat anu saenyana lain eukeurna.” (Para maos! Mangga manahan naon eta teh pihartieunana!) ”Harita, nu araya di Yudea kudu lalumpat ka pagunungan.
”Maraneh bakal nenjo ʼSi Pikasieuneunʼ anu baheula diucapkeun ku Nabi Daniel tea ngajega di tempat suci.” (Para maos! Mangga manahan naon eta teh pihartoseunana!)
[26] Ku sabab kalakuanana karitu, ku Allah jadi diantep ngalajur napsuna anu hina. Nu awewe nyacapkeun napsu birahina lain ku cara anu lumrah. [27] Nu lalaki saruana, sapatemon jeung papada lalaki deui, lain jeung awewe. Jelema-jelema nyieun kalakuan anu ngerakeun jeung papada batur sajinis, nepi ka maranehanana kudu nandangan balukarna tina kalakuan sorangan.
[12] Sing saha anu jinah jeung minantu awewe kudu dipaehan jeung awewena, sabab kanircaanana manjing hukum paeh. Kudu paeh ku salahna sorangan. [13] Sing saha anu silih jima jeung papada lalaki, hiji kalakuan anu pikagirukeun, kudu dipaehan duanana. Kudu paraeh ku salahna sorangan.
[16] Aya tujuh perkara anu jadi kacua PANGERAN anu teu meunang diantep, nya eta: Sikep nu sombong, sungut nu bohong, leungeun nu maehan jalma teu salah, pipikiran nu ngareka kamurkaan, suku anu gura-giru kana kajahatan, saksi anu bohong deui, bohong deui, jeung jelema anu ngadu-ngadukeun babaturan. [17] Anaking, lampahkeun papatah Bapa, tuturkeun pitutur indung. [18] Gumatikeun salawasna, cangcang dina sanubari. [19] Piwurukna baris nungtun ari keur lumaku, purah ngaping ari ti peuting, mere luang ari ti beurang. [20] Pituahna ibarat cahya ngagebray. Panggeuingna lir guru pituduh hirup,
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991