Bible Verses On A TopicTopics God Blessing Come As You Are Commandments Curse Financial Blessing Free Will God's Grace God's Love God's Will God's Timing I Will Never Leave You Miracles Names of God Offerings Plans Being Saved Trinity Time Unconditional Love Viruses / Diseases Who God Is Good Character Acceptance Abstinence Accountability Boldness Caring Cleanliness Commitment Confidence Contentment Courage / Brave Compassion Discipline Faith Grateful Hospitality Humble / Humility Honest Honor Integrity Kindness Love Modesty Mercy Patience Sanctification Self-Control Trust Bad Character Anger Betrayal Bullying Bitterness Complaining Conflict Fear Foolish Hypocrite Jealousy Judgmental Lazy Pride Revenge / Vengeance Vanity Violence Sins Abortion Addiction Adultery Apostasy Cursing Divorce Envy Fornication Gluttony Gossip Greed Hate Lust Lying Masturbation Procrastination Theft Life Aging Animals Adoption Birthday Beauty Being Alone Dating Death Depression Disappointment Discernment Exercise Ethics Fasting Finding Love Focus Family Food Guilt Health Happiness Hell Infertility Job Loss Loss Mental Illness Music Marriage Putting God First Pain Parenting Struggle Sex Trials Temptation Verse For Men Verses For Women War Wealth Widows Church Attending Church Birth Of Jesus Church Persecution Deacons False Teachers Going To Heaven Holy Spirit Messiah In The Bible Pastors Praising God Parables From Jesus Pentecost Speaking in Languages Tithing Worship Womens Roles Mysteries Aliens Cancer Destiny Dinosaurs Dragons Dreams Flat / Round Earth Giants in the Bible Last Days / Future Unicorns Angels and Demons Archangels Angels Beelzebub Demons Guardian Angels Lucifer Sorcerer / Magic Math Signs Number 3 Number 5 Number 7 Number 8 Number 10 Additional Alcohol Abundance Abomination Broken Heart Cannibalism Death Penalty Drugs Evil Emotions Halloween Helping the Poor Miscarriage Police Officers Piercings Polygamy Revival Sadness Science Self Defence Slavery Suicide Talent Tattoos Work Additional: [Suicide] 2 SAMUEL 17:23Ari Ahitopel sanggeus pirempugna henteu kapake, clak bae kana kalde, mulang ka lemburna. Sanggeus wawasiatan, gurawil ngagantung maneh. Tuluy dikuburkeun di makam kulawargana.YESAYA 41:10Ulah sieun, aya Kami! Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon! Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas. Maneh ku Kami bakal diraksa jeung dirahayukeun.YESAYA 55:11nya kitu pangandika anu kaluar ti Kami, moal gagal mawa tujuan pangersa Kami. Sagala pangersa Kami, ku eta tangtu dilaksanakeun.YERMIA 29:11Kami henteu samar kana sagala pikersaeun ka maraneh. Nya eta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamugaeun ka hareup.YOHANES 10:10Bangsat datangna ngan arek maling, ngarogahala, jeung ngabinasa. Ari Kami mah malar supaya umat harirup sarta carukup.1 YOHANES 4:4Tapi anaking, maraneh mah cangkingan Allah. Maraneh geus bisa ngelehkeun nabi-nabi palsu, sabab Roh anu aya di aranjeun leuwih punjul ti batan roh anu asal ti dunya.MARKUS 16:16Nu palercaya bakal dibere kakawasaan nyieun kaajaiban-kaajaiban; bakal barisa ngusir roh-roh jahat ku nyambat jenengan Kami; bakal barisa ngomong dina basa-basa sejen;JABUR 55:22Ucap-ucapanana memang sareh, tapi hatena pinuh ku kangewa; omonganana laleucir ibarat minyak, tapi seukeut matak raheut kawas pedang.RUM 8:1-2[1] Pikeun anu hirupna ngahiji jeung Kristus Yesus, hukuman teh geus teu aya, [2] sabab geus dileupaskeun tina hukum dosa jeung maot ku Roh Allah, nya eta anu ngalantarankeun urang ngahiji jeung Kristus Yesus. RUM 8:38-39[38] Sim kuring estu yakin, pamohalan aya anu bisa megatkeun kaasih Anjeunna ka urang: Pati, hirup, malaikat-malaikat, pangawasa-pangawasa langit lianna, ancaman jaman nu ayeuna, nu engke, [39] nu di langit, nu di bumi — cindekna sagala ciciptan moal aya anu bisa megatkeun asihna Allah ka urang, sakumaha anu geus diterapkeun ka urang ku jalan Kristus Yesus Gusti urang. MATEUS 27:3-4[3] Barang Yudas, si hianat, nyahoeun yen Yesus diragragan hukum pati, kacida kaduhungeunana, seug bae duit anu tilu puluh gebleg perak teh dibawa deui ka imam-imam kapala jeung para kokolot. [4] ”Kuring dosa, geus ngahianat ka jelema nu taya salahna nepi ka diragragan hukum pati!” pokna. Dijawab, ”Sabodo teuing, eta mah urusan maneh!” JABUR 34:18-19[18] Mun jalma bener nyambat ka PANGERAN, ku Mantenna tangtu didangu, jeung dijait tina kasusahna. [19] PANGERAN teh raket ka jalma nu remuk hate nyalametkeun ka nu pegat pangharepan. 1 SAMUEL 31:3-5[3] Perang beuki campuh beuki ragot sakuriling Saul. Saul tatu parna pisan, keuna ku jamparing-jamparing musuh. [4] Seug anjeunna nimbalan ka budak ngora tukang mawa pakarangna, ”Cabut pedang maneh, tubleskeun ka kami, bisi urang Pelisti umat brahala teh aratoheun manten narenjo kaayaan kami tuluy ngarogahala.” Tapi eta budak ngora teu wanieun, malah kacida sieuneunana. Ku sabab kitu Saul nyabut pedangna, bles nubleskeun anjeun kana eta pedang. [5] Nenjo Saul pupus, bles deui budak ngora teh nubleskeun maneh kana pedang, maot paragat nuturkeun Saul. 1 RAJA RAJA 16:15-20[15] Simri mimiti jadina raja Israil dina taun kadua puluh tujuh Raja Asa nyangking nagara Yuda. Calikna di Tirsa, ngarajaanana ngan tujuh poe. Harita balad Israil keur ngepung kota Gibeton di tanah Pelisti. [16] Barang balad ngadarenge yen Simri baha jeung maehan raja, seug harita keneh, di dinya keneh ngajenengkeun Panglima Omri jadi raja Israil. [17] Omri sabaladna mulih ti Gibeton tuluy ngepung kota Tirsa. [18] Barang nangenan yen eta kota geus ragrag, Simri lebet ka benteng di jero karaton, ger karaton diduruk, sarta anjeunna oge tiwas kaduruk, [19] bayaran lampahna midamel dosa ka PANGERAN. Teu beda ti Yarobam anu saheulaeunana, Simri oge matak bendu PANGERAN, midamel dosa sarta ngalantarankeun urang Israil marigawe dosa. [20] Lalampahan Simri jeung hal ngabelotna, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil. HAKIM HAKIM 9:50-55[50] Ti dinya Abimelek ngepung kota Tebes, sarta tuluy ditalukkeun. [51] Di eta kota aya hiji munara kacida wewegna. Pangeusi kota eta, lalaki, awewe, katut para pamingpinna lalumpatan ka dinya, tuluy ngonci maneh di jero, naraek ka tempat nu pangluhurna. [52] Barang datang ka dinya arek ngagempur eta munara, Abimelek nanjak ngadeukeutan pantona, maksudna eta panto rek dihuru. [53] Tapi ti luhur munara aya awewe ngaragragkeun batu panggilingan, ninggang kana sirahna nepi ka rengat. [54] Geuwat anjeunna nyaur budak ngora purah mawa pakarang anjeunna, pok marentah, ”Cabut eta pedang, sabetkeun ka kami. Kami embung kasebutkeun paeh ku awewe.” Seug budak ngora teh narajang ka anjeunna, seug anjeunna maot. [55] Sanggeus kanyahoan Abimelek maot, urang Israil baralik ka imah-imahna. HAKIM HAKIM 16:25-30[25] Misaur Simson ka budak anu nungtun, ”Kami tungtun, arek nyabak tihang ieu gedong, arek nyarande ka dinya.” [26] Eta gedong keur pinuh ku jelema, lalaki, awewe. Raja-raja Pelisti limaanana kumpul di dinya. Nu di loteng oge aya kira-kira tilu rebu urang, lalaki, awewe, harayang lalajo Simson ngabodor. [27] Simson neneda, kieu panedana, ”Nun PANGERAN Nu Maha Agung mugi sing emut ka abdi. Nun Allah, mugi abdi paparin deui kakiatan sakali ieu deui bae, supados sakali naur, abdi tiasa nebus dua siki panon anu dicokel ku urang Pelisti.” [28] Geus kitu Simson nyepeng kana dua tihang anu nyangga eta gedong, sabeulah ku panangan kiwa, sabeulah ku panangan tengen, tuluy didonca, [29] bari anjeunna ngagero, ”Kajeun aing paeh bareng jeung urang Pelisti!” Anjeunna terus ngadonca sataker tanaga. Gedong teh ambrug pisan, ninggang ka lima raja, ka sakabeh anu di darinya. Urang Pelisti anu paraeh jeung Simson harita, leuwih loba ti batan anu dipaehan ku anjeunna waktu keur jumenengna. [30] Layon Simson dirawat ku saderek-saderek saibu saramana jeung ku wargi-wargi anu lianna. Dibawa mulang tuluy dikurebkeun di hiji tempat antara Sora jeung Estaol, di makam Manoah ramana. Ari lilana Simson jadi hakim di Israil teh dua puluh taun. Sundanese Bible 1991 @LAI 1991