Bible Verses On A Topic

Topics
God
Good Character
Bad Character
Sins
Life
Church
Mysteries
Angels and Demons
Math Signs
Additional
Additional: [Work]
Ngalampahkeun parentah dunungan kudu enya-enya, lir gawe keur Gusti lain keur jelema.
Anu geus biasa maling ulah maling deui, anggur singkil digawe nyiar napkah anu jujur, keur sorangan tur bisa dipake nulung ka batur anu eukeur kakurangan.
Ari digarawe ulah ngarah meunang dahareun anu keuna ku buruk, kudu ngarah anu awet, anu ngalantarankeun bisa hirup langgeng. Nya dahareun anu kitu anu rek dibikeun ka maraneh ku Putra Manusa teh, sabab Anjeunna ku Allah Rama geus dibere kawasa.”
[4] Pariksa kalakuan sorangan, lamun bener, atohna rarasakeun bae, teu kudu dibanding-banding jeung kalakuan batur, [5] sabab masing-masing kudu tanggung jawab kana kalakuanana sorangan.
Paparinkeun rahmat Gusti, nun PANGERAN, Allah abdi sadaya! Langsarkeun sugri pagawean abdi sadaya!
Jurutani anu wekel digawe moal kurang dahareun. Kacida bodona miceunan waktu pikeun hal nu mubadir.
Pangedulan sanajan loba kahayang ge moal laksana, sabalikna nu getol, sagala kahayangna tangtu kahontal.
Kaayaan nu kumaha bae kuat nandanganana, lantaran dikuatkeun ku kakawasaan Kristus.
Inget, Gusti kagungan ganjaran keur umat-Na, keur aranjeun. Sabab anu saenyana jadi dunungan aranjeun mah Kristus.
Wekel digawe matak boga kawasa. Nu kedul mah paling-paling jadi badega.
Mun hayang nyapek kudu ngoprek, da ari ngobrol bae mah pimalarateun.
Poe nu katujuh teh ku Mantenna diberkahan tur diiwalkeun ti poe-poe sejenna, lantaran dina poe eta Mantenna geus nyampurnakeun sagala padamelan ciciptan-Na sarta terus reureuh.
Sabab mungguh di Allah mah henteu aya anu mustahil.”
Sing saha anu tambelar ka baraya, pangpangna ka anggota rumah tanggana sorangan, eta teh ingkar tina iman, leuwih jahat ti batan anu teu boga iman.
Kami henteu samar kana sagala pikersaeun ka maraneh. Nya eta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamugaeun ka hareup.
[10] Majarkeun, ”Ah rek ngalenyap heula sakerejep, bari sidakep reureuh sakeudeung!” [11] Tapi sabot sare, gapruk ditarajang ku kamiskinan, narajangna lir rampog bari ngabar-ngabar bedog. [12] Jelema nu jahat jeung kurang ajar, ka mana-mana ngan bohong.
Patani kakara bisa ngala hasil tanina lamun enggeus banting tulang.
Nya di dinya manusa dipernahkeunana teh ku GUSTI Allah, sina ngurus jeung ngajaga.
[7] Hidep pribadi kudu nyontoan hade. Sing suhud, sing tigin ngajar teh, [8] kecap-kecapna kudu sing peryoga, ulah matak ngondang picawadeun, supaya anu ngamusuh ge eraeun lantaran teu manggih omongkeuneun, nepi ka teu bisaeun ngagogoreng ka urang.
Kudu nyuhunkeun ka PANGERAN sangkan rencana urang diberkahan, tangtu pagawean urang lulus.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991