Bible Verses On A Topic

Topics
God
Good Character
Bad Character
Sins
Life
Church
Mysteries
Angels and Demons
Math Signs
Additional
Church: [Birth Of Jesus]
[18] Jawabna, ”Di Betlehem bawahan Yudea. Margi kieu diseratna ku nabi: [19] ʼManeh, Betlehem di tanah Yuda, di antara kota-kota utama di Yuda, maneh lain anu pangleutikna. Sabab ti maneh pimedaleun hiji pamingpin anu bakal nungtun umat Kami Israil.ʼ ” [20] Tatamu ku Herodes disaur tuluy dipariksa rerencepan, saurna iraha eta bentang teh mimiti tembongna. [21] Geus kitu dipiwarang ka Betlehem bari dipesen kieu, ”Papay-papay sing taliti eta murangkalih teh. Mun geus kapanggih kami bejaan, sabab kami oge rek ngabakti.” [22] Bral tatamu arangkat. Di tengah jalan bentang anu tembong di wetan teh tembong deui. Aranjeunna kacida aratoheunana. Bentang teh maju miheulaan, reg ngarandeg lebah tempat murangkalih tea. [23] **
[7] seug bae babar, nyikalan. Putrana pameget, tuluy dibedong ku lalamakan, sarta diebogkeun dina pamakanan, wadah parab domba. Nu matak nepi ka kitu lantaran di losmen teu kabagian tempat. [8] Di hiji tegalan di eta wewengkon, harita aya anu keur ngajaraga domba ingon-ingonna, ti peuting. [9] Aya hiji malaikat Pangeran nembongan ka maranehna, sarta maranehna kahibaran ku cahaya kamulyaan Pangeran, kacida sarieuneunana. [10] Tapi malaikat teh ngalahir kieu, ”Ulah sarieun! Kami mawa warta hade, pikabungaheun sakabeh jelema. [11] Sabab poe ieu Jurusalamet maraneh, nya eta Gusti Kristus, geus medal di kota Daud. [12] Cirina ka maraneh kieu: Murangkalih teh dibedongna ku lalamakan, diebogkeunana dina pamakanan.” [13] Dak-dumadak breh tembong balad sawarga, malaikat kacida lobana, nyaranyi muji ka Allah: [14] ”Mulyakeun Allah di langit nu pangluhurna. Di bumi sing aya kerta, keur sakur manusa anu kamanah ku Allah!” [15] Sanggeus para malaikat teu araya, geus marulih deui ka sawarga, nu ngajaraga ingon-ingon teh baradami, ”Hayu urang ka Betlehem, urang ngabuktikeun perkara anu diandikakeun ku Pangeran.” [16] Bral arindit gagancangan. Mariam jeung Yusup kapanggih, jeung murangkalihna anu diebogkeun dina pamakanan. [17] Sanggeus narempo ka murangkalih, maranehna nyaritakeun kasauran malaikat hal eta murangkalih tea ka Yusup jeung Mariam. [18] Caritaanana matak heran ka sakur nu ngadengekeun. [19] Eta kabeh ku Mariam disimpen dina manahna bari dilenyepan. [20] Ari tukang ngangon baralik deui ka tegalan bari nyaranyi muji ka Allah, barungah lantaran anu disaurkeun ku malaikat teh cocog, ku maranehna geus kasaksian, geus kadarenge. [21] Saminggu ti harita, murangkalih teh disepitan terus dipaparin jenengan Yesus, sakumaha anu diamanatkeun ku malaikat waktu Anjeunna keur dikandung keneh.
[1] Yesus medalna di kota Betlehem bawahan Yudea, jaman Raja Herodes. Teu lila ti harita, aya tukang ngulik bentang ti wetan sarumping ka Yerusalem, [2] mariksakeun kieu, ”Ari murangkalih pirajaeun urang Yahudi anu anyar medal di mana tempatna? Bentang-Na parantos bijil di wetan. Sim kuring sadaya seja ngabakti ka Anjeunna.” [3] Raja Herodes barang ngadangu hal eta teh mani ngagebeg, kitu deui jalma-jalma saeusi Yerusalem. [4] Anjeunna ngumpulkeun imam-imam kapala jeung guru-guru agama Yahudi, tuluy mariksakeun, ”Di mana Kristus bakal medalna?” [5] Jawabna, ”Di Betlehem bawahan Yudea. Margi kieu diseratna ku nabi: [6] ʼManeh, Betlehem di tanah Yuda, di antara kota-kota utama di Yuda, maneh lain anu pangleutikna. Sabab ti maneh pimedaleun hiji pamingpin anu bakal nungtun umat Kami Israil.ʼ ” [7] Tatamu ku Herodes disaur tuluy dipariksa rerencepan, saurna iraha eta bentang teh mimiti tembongna. [8] Geus kitu dipiwarang ka Betlehem bari dipesen kieu, ”Papay-papay sing taliti eta murangkalih teh. Mun geus kapanggih kami bejaan, sabab kami oge rek ngabakti.” [9] Bral tatamu arangkat. Di tengah jalan bentang anu tembong di wetan teh tembong deui. Aranjeunna kacida aratoheunana. Bentang teh maju miheulaan, reg ngarandeg lebah tempat murangkalih tea. [10] ** [11] Aranjeunna lalebet ka hiji pondok. Eta murangkalih jeung Mariam ibu-Na kapanggih. Brek aranjeunna sarujud ngabarakti, tuluy ngaluarkeun kikintunanana, emas, dupa jeung emur disembahkeun, hadiah ka murangkalih. [12] Sanggeus kitu marulih ka nagarana, jalan sejen, sabab aya wangsit ti Allah dina impenan yen ulah nepungan deui Herodes.
Sanggeus waktuna cunduk, Allah ngutus Putra-Na ka ieu dunya ku jalan dilahirkeun sakumaha urang ku indung, sarta hirup Anjeunna kaereh ku Hukum Agama,
[1] Dina mangsa eta, Prabu Agustus ngaluarkeun parentah sangkan di sakuliah karajaan Rum diayakeun sensus. [2] Ieu teh sensus anu kahiji, diayakeunana waktu Kirinus jadi gupernur nagri Siria. [3] Ti dinya unggal jelema marulang heula ka tempat asalna masing-masing rek ngadaptarkeun. [4] Yusup oge angkat ti Nasaret di Galilea ka Betlehem di Yudea, tempat dibabarkeunana Raja Daud, sabab anjeunna teh turunan Daud.
[1] Geus kitu di langit aya hiji tetenjoan luar biasa, kacida ahengna: Aya hiji awewe, pakeanana panonpoe, sukuna napak kana bulan, sirahna make makuta anu make dua welas bentang, [2] rek ngajuru geus sabroleun, ngoceak nyantekkeun brolna. [3] Aya deui tetenjoan aheng di langit: aya naga beureum kacida gedena, huluna tujuh, kabeh marake makuta, tandukna sapuluh. [4] Buntutna ngadudut sapertilu bentang-bentang, dibalangkeun ti langit ka bumi. Seug eta naga ngadangong hareupeun eta awewe, rek nyaplok orokna lamun geus kaluar. [5] Brol awewe teh ngajuru, orokna lalaki, anu bakal murba bangsa-bangsa, marentahna make iteuk beusi. Orokna harita keneh aya anu ngejatkeun ka Allah, kana tahta-Na.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991