Topik Tuhan Berkat Datang apa adanya Perintah Kutukan Berkat Keuangan Keinginan bebas Rahmat Tuhan Cinta Tuhan Kehendak Tuhan Tuhan (Waktu) Saya tidak akan pernah meninggalkanmu Mukjizat Nama Tuhan Persembahan untuk Tuhan Rencana Diselamatkan dari Dosa Trinitas Waktu Cinta tanpa syarat Virus / Penyakit Siapa Tuhan Karakter Bagus Penerimaan Pantang Akuntabilitas Keberanian Peduli Kebersihan Komitmen Kepercayaan Kepuasan Keberanian / Berani Kasih sayang Disiplin Iman Berterimakasih Keramahan Rendah Hati / Kerendahan Hati Jujur Kehormatan Integritas Kebaikan Cinta Kesopanan Belas kasihan Kesabaran Pengudusan Kontrol diri Kepercayaan Karakter Buruk Marah Pengkhianatan Bullying Kepahitan Mengeluh Konflik Takut Bodoh Munafik Kecemburuan Penghakiman Malas Kebanggaan Revenge / Vengeance Kesombongan Kekerasan Dosa Aborsi Kecanduan Zina Kemurtadan Kutuk Perceraian Iri Perbuatan zina Kerakusan Gosip Keserakahan Benci Nafsu Bohong Onani Penundaan Pencurian Kehidupan Penuaan Binatang Adopsi Ulang tahun Kecantikan Sendirian Orang Kencan Kematian Depresi Kekecewaan Kearifan Berolahraga Etika Puasa Menemukan Cinta Fokus Keluarga Makanan Kesalahan Kesehatan Kebahagiaan Neraka Infertilitas Kehilangan Pekerjaan Kerugian Penyakit kejiwaan Musik Pernikahan Menempatkan Tuhan Pertama Rasa sakit Parenting Perjuangan Seks Uji coba Godaan Ayat Untuk Pria Ayat Untuk Wanita Perang Kekayaan Janda Gereja Menghadiri Gereja Kelahiran Yesus Penganiayaan Gereja Diakon Guru Palsu Pergi Ke Surga Roh Kudus Mesias Dalam Alkitab Pendeta Puji Tuhan Perumpamaan Dari Yesus Pantekosta Berbicara Dalam Bahasa Persepuluhan Menyembah Peran Wanita Misteri Alien Kanker Takdir Dinosaurus Naga Mimpi Bumi Datar atau Bulat Raksasa Dalam Alkitab Hari-hari Terakhir Masa Depan Unicorn Malaikat dan iblis Malaikat Tertinggi Malaikat Beelzebub Iblis Malaikat Pelindung Korek Penyihir / Sihir Tanda Matematika Angka 3 Angka 5 Angka 7 Angka 8 Angka 10 Tambahan Alkohol Kelimpahan Kekejian Patah hati Kanibalisme Hukuman mati Narkoba Jahat Emosi Halloween Membantu Orang Miskin Keguguran Polisi Tindik / Anting Poligami Revivial Kesedihan Ilmu Pertahanan diri Perbudakan Bunuh diri Bakat Tato Kerja Gereja: [Pantekosta] Keluaran 34:22-43[22] Kudu nekanan Pesta Panen, waktuna dina ngamimitian panen gandum. Kudu nekanan Pesta Saung, waktuna dina usum mupu bubuahan. [23] Tilu kali dina sataun sakabeh lalaki kudu daratang ngabakti ka Kami, PANGERAN, Allah Israil. [24] Sanggeus Kami nyingkahkeun bangsa-bangsa tea engke, jeung geus ngalegakeun wewengkon tanah maraneh, sapanjang maraneh keur nekanan eta pesta anu tilu rupa, moal aya musuh anu wanieun ngarurug ka nagara maraneh. [25] Waktu ngurbankeun sato ka Kami, ulah nyuguhkeun roti anu make ragi. Sato peuncitan anu dikurbankeun dina Pesta Paska, dagingna teu meunang disesakeun nepi ka isukna. [26] Unggal-unggal taun, ka gedong panglinggihan Kami kudu marawa hasil panen gandum anu diala pangheulana. Ngulub daging anak domba atawa anak embe, teu meunang ku cisusu indungna.” [27] PANGERAN nimbalan deui ka Musa, ”Tuliskeun eta timbalan-timbalan anu bieu teh, sabab eta timbalan-timbalan teh jadi dasar perjangjian anu ku Kami rek dipidamel ka maneh jeung ka urang Israil.” [28] Ari Musa ayana di PANGERAN teh opat puluh poe opat puluh peuting, teu tuang teu leueut. Saungeling perjangjian, nya eta Sapuluh Timbalan, ku anjeunna diseratkeun. [29] Geus kitu Musa lungsur ti Gunung Sinai nyandak papan batu Sapuluh Timbalan tea. Jeung ku sabab geus sasauran jeung Allah, rarayna mani moncorong. Tapi anjeunna mah henteu ngaraoseun. [30] Orokaya Harun jeung jalma rea barang narenjoeun raray anjeunna ngempur teh kacida sarieuneunana, nepi ka henteu waranieun deukeut. [31] Ku Musa disalaur. Sanggeus Harun jeung para pamingpin Israil nyalampeurkeun, Musa cacarios. [32] Ti dinya mah jalma rea nyalampeurkeun ngalingkung ka anjeunna. Musa ngalahirkeun sakabeh pikukuh ti PANGERAN anu diandikakeun ka anjeunna di Gunung Sinai. [33] Sanggeus tamat ngalahirna, Musa nutupan rarayna ku cindung. [34] Dibuka-dibuka sanggeus lebet ka Kemah Tepangan PANGERAN. Ana kaluar ti dinya rek ngumumkeun sakur anu ku PANGERAN didawuhkeun ka anjeunna pikeun urang Israil, [35] rarayna anu moncorong teh dicindungan deui, nepi ka lebetna deui ka jero Kemah baris unjukan ka PANGERAN. [36] Musa ngumpulkeun sakumna bangsa Israil, geus kitu ngalahir, ”Kieu timbalan PANGERAN anu ku maraneh kudu diarestokeun: [37] Maraneh kudu digarawe teh genep poe bae. Poe nu katujuh poe suci, poe reureuh anu hidmat pikeun Kami, PANGERAN. Saha-saha anu barang gawe dina poe eta pasti kudu dipaehan. [38] Dina poe Sabat mah teu meunang ngahurungkeun seuneu-seuneu acan di imah.” [39] Ngalahir deui Musa ka sakumna bangsa Israil, ”Kieu anu didawuhkeun ku PANGERAN. [40] Maraneh kudu mere derma haturan PANGERAN, saha bae anu rido, naon bae mana suka, naon anu rek didermakeun: emas, perak, tambaga; [41] lenen lemes, wol biru, wol wungu, wol beureum; lawon tina bulu embe; [42] kulit domba beunang ngabeureuman; kulit lemes; kayu pilang; [43] minyak pikeun palita; bahan-bahan wawangian keur minyak pangistrenan jeung pikeun seuseungitan anu arum; Ulangan 16:9-25[9] ”Dina usum dibuat gandum, ti barang ngamimitian dibuat maraneh kudu ngitung waktu tujuh minggu. [10] Geus kitu kudu ngayakeun Pesta Panen, pikeun ngamulyakeun ka PANGERAN Allah maraneh, ku jalan nyanggakeun pangbakti suka rela ka PANGERAN Allah maraneh, sakadarna nurutkeun gedena rejeki anu katarima ti Mantenna. [11] Sing barungah di payuneun PANGERAN, di tempat anu dipilih ku Mantenna tea, bareng jeung anak, para badega, urang Lewi, urang asing, para yatim pahatu, jeung randa-randa anu caricing di kota-kota maraneh. [12] Peupeujeuh ieu pikukuh-pikukuh teh gumatikeun. Ulah paroho, maraneh bareto di Mesir geus dibadegakeun.” [13] ”Sanggeus beres ngirik gandum jeung meres buah anggur, maraneh kudu nyieun Pesta Saung Daun lilana tujuh poe. [14] Pek saruka-suka jeung anak, para badega, urang Lewi, urang asing, para pahatu, randa-randa, batur sakota. [15] Pestana tujuh poe di tempat anu geus baku paranti ngabakti, pikeun ngamulyakeun ka PANGERAN Allah maraneh. Sing bungah lantaran PANGERAN geus ngaberkahan hasil bumi jeung pagawean maraneh. [16] Tilu kali di jero sataun sakabeh jelema bangsa maraneh kudu ngabarakti ka PANGERAN di tempat parantina, ngalaksanakeun tilu rupa pesta: Pesta Paska, Pesta Panen, Pesta Saung. Unggal jalma kudu mawa pangbakti, [17] sakumaha bae kadugana nurutkeun gedena rejeki anu katarima ku maraneh ti PANGERAN Allah maraneh.” [18] ”Di saban kota anu dipaparinkeun ku PANGERAN ka maraneh, kudu aya hakim sababaraha urang, kitu deui gegeden lianna, anu kudu nguruskeun perkara reujeung adil. [19] Nimbang perkara ulah sawenang-wenang, ulah beurat sabeulah, ulah kasogok, sabab pangruruba teh bisa ngabutakeun najan ka nu wijaksana jeung jujur oge, nepi ka salah mutus perkara. [20] Mana salawasna kudu lempeng satemenna, supaya bisa maratuh nepi ka tetep renggenek di eta tanah anu dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh. [21] Di sisi altar pikeun PANGERAN Allah maraneh ulah aya arca brahala tina kayu anu ngalambangkeun Asera. [22] Jeung teu meunang nyieun pilar batu pikeun ngabakti ka brahala. Barang kitu kaijid PANGERAN. [23] Ulah ngurbankeun sapi atawa embe domba cacad ka PANGERAN Allah maraneh, Mantenna moal kersaeun. [24] Upamana, maraneh meunang beja di salah sahiji kota maraneh aya jelema lalaki atawa awewe anu migawe dosa ka PANGERAN, ingkar tina perjangjian Mantenna, [25] ngabakti jeung ngawula ka allah-allah sejen, atawa nyembah ka panonpoe atawa ka bulan atawa ka bentang-bentang, anu papalingpang jeung pangandika PANGERAN. Kisah Para Rasul 2:1-13[1] Dina poe Pentakosta, umat anu palercaya teh karumpul di hiji tempat. [2] Dumadakan ti langit aya anu ngaguruh sada angin gede, tuluy minuhan saeusi imah anu keur dicaralikan. [3] Breh katembong ku aranjeunna aya anu tingsuliwer hurung saperti seuneu, bangunna siga letah-letah, areunteup ka sakur anu araya di dinya. [4] Harita keneh aranjeunna geus kacalikan ku Roh Suci, tuluy salasauran ku basa-basa sejen, nurutkeun gerak ti Roh Suci tea. [5] Harita di Yerusalem loba urang Yahudi asal ti rupa-rupa nagara sakuliah dunya, jalma-jalma ibadah. [6] Barang ngadarenge sora ngaguruh kitu, jalma-jalma teh ngadareugdeug ka dinya. Maranehna pohara karageteunana ngadarenge rasul-rasul salasauran dina basa-basa maranehna masing-masing, [7] kabeh ngarasa helok. Pok ngaromong, ”Eta nu ngaromong dina basa-basa sejen teh lain urang Galilea? [8] Aneh, kumaha pangna barisaeun basa-basa urang? [9] Urang teh aya anu ti Partia, ti Media, jeung ti Elam; ti Mesopotami, ti Yudea, jeung ti Kapadokia; ti Pontus, jeung ti Asia; [10] ti Prigia jeung ti Pampilia, ti Mesir, jeung ti daerah-daerah Libia deukeut Kirena. Aya anu ti Rum, [11] boh bangsa Yahudi, boh bangsa-bangsa sejen anu arasup agama Yahudi; aya oge anu ti Kreta jeung ti Arab, tapi kabeh ngarti ka nu diucapkeun ku aranjeunna dina basa urang masing-masing, nyaurkeun hal padamelan Allah anu arajaib! [12] Alamat naon ieu teh?” ceuk maranehna tingpelengek heran. [13] Tapi aya oge anu maroyok pokna, ”Wah, eta mah nu keur marabok! Loba teuing nginum anggur!” Sundanese Bible 1991 Indonesian Bible Society