Bible Verses On A TopicTopics God Blessing Come As You Are Commandments Curse Financial Blessing Free Will God's Grace God's Love God's Will God's Timing I Will Never Leave You Miracles Names of God Offerings Plans Being Saved Trinity Time Unconditional Love Viruses / Diseases Who God Is Good Character Acceptance Abstinence Accountability Boldness Caring Cleanliness Commitment Confidence Contentment Courage / Brave Compassion Discipline Faith Grateful Hospitality Humble / Humility Honest Honor Integrity Kindness Love Modesty Mercy Patience Sanctification Self-Control Trust Bad Character Anger Betrayal Bullying Bitterness Complaining Conflict Fear Foolish Hypocrite Jealousy Judgmental Lazy Pride Revenge / Vengeance Vanity Violence Sins Abortion Addiction Adultery Apostasy Cursing Divorce Envy Fornication Gluttony Gossip Greed Hate Lust Lying Masturbation Procrastination Theft Life Aging Animals Adoption Birthday Beauty Being Alone Dating Death Depression Disappointment Discernment Exercise Ethics Fasting Finding Love Focus Family Food Guilt Health Happiness Hell Infertility Job Loss Loss Mental Illness Music Marriage Putting God First Pain Parenting Struggle Sex Trials Temptation Verse For Men Verses For Women War Wealth Widows Church Attending Church Birth Of Jesus Church Persecution Deacons False Teachers Going To Heaven Holy Spirit Messiah In The Bible Pastors Praising God Parables From Jesus Pentecost Speaking in Languages Tithing Worship Womens Roles Mysteries Aliens Cancer Destiny Dinosaurs Dragons Dreams Flat / Round Earth Giants in the Bible Last Days / Future Unicorns Angels and Demons Archangels Angels Beelzebub Demons Guardian Angels Lucifer Sorcerer / Magic Math Signs Number 3 Number 5 Number 7 Number 8 Number 10 Additional Alcohol Abundance Abomination Broken Heart Cannibalism Death Penalty Drugs Evil Emotions Halloween Helping the Poor Miscarriage Police Officers Piercings Polygamy Revival Sadness Science Self Defence Slavery Suicide Talent Tattoos Work Church: [Holy Spirit] HAKIM HAKIM 3:10-14[10] Otniel diauban ku Roh PANGERAN, tuluy jadi pamingpin Israil. Raja Mesopotami ku anjeunna eleh diperangan. [11] Geus kitu tanah eta jadi kerta, opat puluh taun lilana. Ti dinya Otniel pupus. [12] Urang Israil doraka deui ka PANGERAN. Ku hal eta PANGERAN ngersakeun Raja Eglon ti Moab jadi leuwih kuat ti batan Israil. [13] Raja Eglon ngahiji jeung urang Amon jeung urang Amalek, ngelehkeun Israil, ngarampas kota Yeriho, kota tangkal korma tea. [14] Urang Israil tuluy dijajah nepi ka dalapan belas taun. MATEUS 12:31-33[31] Ku sabab eta Kaula mere terang, jelema anu nyieun dosa jeung anu omonganana jahat bisa dihampura. Tapi anu ngagogoreng Roh Suci mah teu bisa dihampura. [32] Anu omonganana ngalawan ka Anak Manusa bisa dihampura, tapi anu omonganana ngalawan ka Roh Suci mah dunya aherat moal dihampura!” [33] ”Lamun hayang buah anu alus kudu boga tangkalna anu mulus. Tangkal anu kuru mah buahna moal alus. Tangkal naon tangkal naon bisa kanyahoan tina buahna. LUKAS 24:45-49[45] Ti dinya Anjeunna mukakeun pikiran maranehanana supaya ngalarti kana Kitab Suci. [46] Saur-Na deui, ”Geus dituliskeun kieu: Kristus kudu disangsara jeung kudu gugah deui tina pupusna tilu poe ti sanggeusna. [47] Jeung kalawan jenengan Anjeunna warta hal pertobat jeung panghampura dosa kudu diuarkeun ka sagala bangsa, mimiti ti Yerusalem. [48] Maraneh saksina tina eta sagala kajadian. [49] Kami pribadi ka maraneh bakal maparin hal anu geus dijangjikeun ku Rama Kami. Tapi memeh eta maraneh kudu ngadago heula di Yerusalem, nepi ka mangsa maraneh geus diliputan ku kakawasaan ti sawarga.” YOHANES 3:6-8[6] Manusa teh sacara jasmani lahir ti kolotna anu sipat jalma, tapi sacara rohani mah dijurukeunana ti Roh Allah. [7] Anjeun ulah heran carek Kaula tadi kabeh jalma kudu dijurukeun deui. [8] Angin niup ka mana karepna, anjeun ngadenge sorana, tapi teu nyaho ti mana mimitina jeung ka mana tuluyna. Jalma anu dijurukeun ti Roh Allah teh saperti kitu.” RUM 8:2-6[2] sabab geus dileupaskeun tina hukum dosa jeung maot ku Roh Allah, nya eta anu ngalantarankeun urang ngahiji jeung Kristus Yesus. [3] Anu henteu bisa dilakonan ku Hukum Agama lantaran manusa mah sipat lemah, dilaksanakeun ku Allah. Mantenna geus ngelehkeun dosa anu aya dina tabeat manusa, ku jalan ngutus Putra-Na ku manten, anu sumping-Na nganggo kaayaan anu sarua jeung kaayaan manusa anu dosa, pikeun ngaleungitkeun dosa. [4] Allah ngajalankeun kitu teh supaya pangersa-Na anu dinyatakeun dina Hukum Agama tea bisa dilakonan ku urang, anu hirup nurutkeun pituduh Roh Allah, lain nurutkeun tabeat sorangan. [5] Anu hirupna nurutkeun tabeat sorangan, anu dipikiranana oge dipangaruhan ku tabeatna sorangan. Sabalikna anu hirupna nurutkeun Roh Allah, anu dipikiranana oge hal-hal anu jadi pangersa Roh Allah. [6] Pikiran anu dipurba ku tabeat sorangan nungtun kana maot; pikiran anu ditungtun ku Roh Allah nungtun kana hirup jeung kanugrahaan. 2 KORINTA 5:16-18[16] Ku sabab kitu urang ari ngukur jelema teh ulah mandang harkat darajatna. Memang sim kuring oge asalna mah mandang Kristus teh nurutkeun ukuran manusa, tapi ayeuna mah geus henteu kitu. [17] Jalma anu geus satunggal jeung Kristus, geus jadi manusa anyar, manusa heubeulna geus sirna, kari anu anyarna. [18] Eta kabeh kitu dipidamelna ku Allah. Mantenna ku jalan Kristus kersa dalit jeung urang, henteu ngamusuh deui, sarta sim kuring ku Mantenna ditimbalan ngajak ka nu sejen supaya nu sejen-sejen oge dalit jeung Mantenna. 1 BABAD 12:18-20[18] Anu marawakeunana aya anu ti jauhna ti beulah kaler, nya eta ti kaom Isaskar, Sebulun jeung Naptali, mani merul daratang marawa kalde, onta, bigal jeung sapi, ambaringkung ku dahareun, tipung, buah kondang, kismis, anggur jeung minyak jetun, malah marawa sapi jeung domba peunciteun. Eta teh netelakeun yen di sakuliah nagara rahayat keur saruka hate. [19] Raja Daud barempag jeung opsir-opsir nu nyangking sarebu prajurit jeung nu saratus prajurit. [20] Sanggeus kitu anjeunna ngembarkeun ka sakumna bangsa Israil, ”Saupama maraneh rempug, jeung saupama ieu maksud sapagodos jeung pangersa PANGERAN Allah urang, hayu urang nitahan para utusan ka ditu ka dieu, ngondangan dulur-dulur sabangsa anu tinggal, kitu deui para imam jeung urang Lewi di desa-desana, sina ka darieu. JABUR 52:1-3[1] Pikeun pamingpin biduan. Lagu atikan karangan Daud, [2] waktu Doeg, urang Edom, pupulih ka Saul yen Daud kungsi sumping ka Abimelek. [3] He jalma gagah, ku naon nyombongkeun kajahatan sorangan? Allah teh satia salalanggengna. MIKA 3:8-10[8] Kaula mah ku PANGERAN dieusian roh jeung kakawasaan Mantenna, dipaparin pikiran anu mulus perkara kaadilan, dipaparin kawani geusan nembrakkeun ka urang Israil naon nu jadi dosana. [9] Eh para pangawasa Israil, anu ijid kana kaadilan, anu sok nyalahkeun nu bener, raregepkeun! [10] Maraneh ngadegkeun Yerusalem, kota Allah, pademenna tina rajapati jeung kateuadilan. RASUL 2:1-5[1] Dina poe Pentakosta, umat anu palercaya teh karumpul di hiji tempat. [2] Dumadakan ti langit aya anu ngaguruh sada angin gede, tuluy minuhan saeusi imah anu keur dicaralikan. [3] Breh katembong ku aranjeunna aya anu tingsuliwer hurung saperti seuneu, bangunna siga letah-letah, areunteup ka sakur anu araya di dinya. [4] Harita keneh aranjeunna geus kacalikan ku Roh Suci, tuluy salasauran ku basa-basa sejen, nurutkeun gerak ti Roh Suci tea. [5] Harita di Yerusalem loba urang Yahudi asal ti rupa-rupa nagara sakuliah dunya, jalma-jalma ibadah. LUKAS 24:45-47[45] Ti dinya Anjeunna mukakeun pikiran maranehanana supaya ngalarti kana Kitab Suci. [46] Saur-Na deui, ”Geus dituliskeun kieu: Kristus kudu disangsara jeung kudu gugah deui tina pupusna tilu poe ti sanggeusna. [47] Jeung kalawan jenengan Anjeunna warta hal pertobat jeung panghampura dosa kudu diuarkeun ka sagala bangsa, mimiti ti Yerusalem. 1 YOHANES 2:19-27[19] Maranehna asal ti urang keneh, ngan geus kalaluar kawantu bareto arasupna ka urang oge henteu niat saenyana. Mun rek saenyana ge tangtu tetep ngahiji jeung urang. Ayeuna geus naringgalkeun, jadi sidik kabehanana oge henteu kaasup ka urang. [20] Tapi aranjeun geus diterapan Roh Suci ku Kristus, jadi geus tarerang anu mana anu bener kayaktian ti Allah. [21] Jadi bapa nulis ieu teh lain ku sabab maraneh can nyaraho kana eta kayaktian, malah ku sabab geus nyaraho kana hal eta, geus nyaraho oge yen anu bener mah moal ngabohong. [22] Nu mana atuh anu ngabohong teh? Geus tangtu anu nyebutkeun Yesus lain Kristus. Eta teh Musuh Kristus, sabab teu ngaku ka anu jadi Rama jeung ka anu jadi Putra. [23] Anu teu ngaku ka Putra-Na, eta teu ngaku ka Rama-Na. Anu ngaku ka Putra-Na, eta ngaku ka Rama-Na. [24] Ku sabab kitu sing pageuh percaya kana wawaran anu pangheulana. Lamun geus pageuh kana eta, salilana bakal ngahiji jeung Putra jeung Rama. [25] Ganjaranana sakumaha anu dijangjikeun ka maraneh ku Kristus, nya eta hirup langgeng. [26] Bapa nulis ieu teh ngabejaan yen aya anu rek nyasabkeun ka maraneh. [27] Sukur maraneh geus diterapan Roh Anjeunna. Satungtung Roh-Na aya dina hate maraneh, maraneh teu perlu diajar deui ku nu sejen, sabab Roh Anjeunna anu bakal ngawulangkeun sagala rupa kanyaho anu sayakti moal ngajarkeun anu bohong. Turut piwulang-Na, jeung sing tetep dina kasatunggalan jeung Kristus. Sundanese Bible 1991 @LAI 1991