Ka batur sing daek mere, supaya Allah ge kersaeun maparinan maraneh, tur maparin-Na teh sapinuhna takeran, diborolokeun sabisana maraneh nyangga. Ukuran maraneh ka batur, ku Allah bakal dianggo ngukur maraneh.”
Bagja jelema anu sedih prihatin, ku Allah bakal dililipur!
Sabalikna sagala pangabutuh aranjeun tangtu bakal dicukupan ku Allah sim kuring nu langkung sugih, ku karana Kristus Yesus.
Tanah geus ngaluarkeun hasil. Allah, Allah urang, geus ngaberkahan.
Ka batur sing daek mere, supaya Allah ge kersaeun maparinan maraneh, tur maparin-Na teh sapinuhna takeran, diborolokeun sabisana maraneh nyangga. Ukuran maraneh ka batur, ku Allah bakal dianggo ngukur maraneh.”
[7] Kami tangtu ngaberkahan ka jelema anu muntang ka Kami. [8] Jelema kitu ibarat tangkal sisi susukan, akarna nyodor ka cai, teu rempan ku panas poe, daunna tetep seger harejo. Teu salempang ku euweuh hujan, angger bae buahan.
Ulah sieun, aya Kami! Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon! Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas. Maneh ku Kami bakal diraksa jeung dirahayukeun.
Ku kajembaran manah-Na, Anjeunna teu kendat-kendat maparin berkah ka urang.
[16] ”Kieu timbalan PANGERAN: ’Ku sabab maneh geus sakitu nurutna, nepi ka teu ngoretkeun anak anu ngan sasiki-sikina dipenta ku Kami, [17] Kami jangji, Kami seja mere berkah tanpa wilangan. Seja ngarundaykeun turunan maneh, lobana lir bentang-bentang di langit, lir keusik di basisir. Turunan maneh baris mampuh nundung musuh-musuh.
Sabalikna sagala pangabutuh aranjeun tangtu bakal dicukupan ku Allah sim kuring nu langkung sugih, ku karana Kristus Yesus.
[28] Mugia Allah ka hidep nurunkeun ibun ti langit, tanah teh mangka subur mangka makmur, sing dipaparin ceuyah ku gandum ceuyah ku anggur. [29] Bangsa-bangsa ka hidep mangka taraluk, sararujud tararunduk. Baraya-baraya, ka hidep mangka ngawula, anak-anak indung hidep, ku hidep mangka kapurba. Mangka kasapa sakur nu ka hidep nyapa, mangka jamuga, nu ka hidep ngadudunga.”
Tanah geus ngaluarkeun hasil. Allah, Allah urang, geus ngaberkahan.
[1] Nya bagja jalma anu nolak pangajak jalma jahat, anu teu kabaud kana laku teu puguh, teu kabawakeun ka anu sok nyapirakeun Allah. [2] Sabalikna resep nurut kana Hukum PANGERAN, bari diulik beurang peuting. [3] Jelema anu kitu ibarat tangkal nu jadi di sisi walungan, dina usumna tangtu buahan, daunna ge moal aya alumna, sapanejana tangtu tinekanan.
[1] Jabur Daud. PANGERAN teh Gusti pangangon abdi, abdi moal kakirangan. [2] Abdi diaubkeun di sampalan hejo ngemploh, dicandak ka cai anu seger tur leuleuy. [3] Ku Mantenna dijagjagkeun deui, dipingpin nyorang jalan nu bener, saluyu sareng jangji-Na. [4] Najan nyorang nu poek ngajumbleng, abdi teu kedah sieun, nun PANGERAN, reh Gusti nyarengan! Gada sareng teteken Gusti ngaping ka abdi.

[3] Allah teh juru raksa kaula, kaula aman di Mantenna. Lir kepeng, Mantenna mindingan kaula, nangkis bahla, ngamankeun kaula. Mantenna jurusalamet kaula, ngaraksa jeung nyalametkeun kaula tina bahaya. [4] Kaula ngajerit ka PANGERAN, seug Mantenna ngabebaskeun kaula ti musuh-musuh. Puji PANGERAN!
Urang terang yen sanajan saalam dunya dibawah ku si Jahat, urang mah aya dina cangkingan Allah.
Waktos abdi dikurubut ku pakewuh, tetep aman ku pangjagi Gusti, Gusti ngayonan musuh abdi anu keur ngamuk, ku pangawasa Gusti abdi salamet.
Allah teh kawasa maparin leuwih tina kaperluan aranjeun, sangkan saniskara kaperluan aranjeun salawasna cukup, nepi ka bisa laluasa keur nyieun kahadean.

Katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate jeung pikiran aranjeun nu geus ngahiji jeung Kristus Yesus.