Bible Verses On A TopicTopics God Blessing Come As You Are Commandments Curse Financial Blessing Free Will God's Grace God's Love God's Will God's Timing I Will Never Leave You Miracles Names of God Offerings Plans Being Saved Trinity Time Unconditional Love Viruses / Diseases Who God Is Good Character Acceptance Abstinence Accountability Boldness Caring Cleanliness Commitment Confidence Contentment Courage / Brave Compassion Discipline Faith Grateful Hospitality Humble / Humility Honest Honor Integrity Kindness Love Modesty Mercy Patience Sanctification Self-Control Trust Bad Character Anger Betrayal Bullying Bitterness Complaining Conflict Fear Foolish Hypocrite Jealousy Judgmental Lazy Pride Revenge / Vengeance Vanity Violence Sins Abortion Addiction Adultery Apostasy Cursing Divorce Envy Fornication Gluttony Gossip Greed Hate Lust Lying Masturbation Procrastination Theft Life Aging Animals Adoption Birthday Beauty Being Alone Dating Death Depression Disappointment Discernment Exercise Ethics Fasting Finding Love Focus Family Food Guilt Health Happiness Hell Infertility Job Loss Loss Mental Illness Music Marriage Putting God First Pain Parenting Struggle Sex Trials Temptation Verse For Men Verses For Women War Wealth Widows Church Attending Church Birth Of Jesus Church Persecution Deacons False Teachers Going To Heaven Holy Spirit Messiah In The Bible Pastors Praising God Parables From Jesus Pentecost Speaking in Languages Tithing Worship Womens Roles Mysteries Aliens Cancer Destiny Dinosaurs Dragons Dreams Flat / Round Earth Giants in the Bible Last Days / Future Unicorns Angels and Demons Archangels Angels Beelzebub Demons Guardian Angels Lucifer Sorcerer / Magic Math Signs Number 3 Number 5 Number 7 Number 8 Number 10 Additional Alcohol Abundance Abomination Broken Heart Cannibalism Death Penalty Drugs Evil Emotions Halloween Helping the Poor Miscarriage Police Officers Piercings Polygamy Revival Sadness Science Self Defence Slavery Suicide Talent Tattoos Work God: [Free Will] 1 KORINTA 10:13Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna.2 BABAD 9:7Bagja temen rahayat anu kumawula ka salira, anu teu petot-petot marek sareng kasinugrahan tiasa ngupingkeun pitutur-pitutur kabijaksanaan Jeng Raja!2 PETRUS 3:9Jeung deui Pangeran mah tara ngaengke-engke jangji cara ceuk panyangka sawareh jelema. Nu saenyana mah Mantenna teh nyabaran ka aranjeun, da kahoyong-Na manusa teh tarobat kabeh tina dosana, sabab Mantenna henteu hoyong aya jelema anu cilaka saurang-urang acan.GALATA 5:13Dulur-dulur! Aranjeun geus disalaur supaya bebas merdeka. Eta kabebasan ulah dipake ngumbar kahayang, kudu dipake silih pikanyaah, silih bantu.YOHANES 7:17Anu daek ngalampahkeun pangersa Allah mah bakal ngartieun, nu diucapkeun ku Kaula teh naha ti Allah atawa ti Kaula sorangan.YOSUA 24:15Upama maraneh embung nyembah ka Mantenna, puguhkeun poe ieu keneh rek milih ngabakti ka saha, naha rek ngabakti ka aallahan anu disarembah ku karuhun maraneh di Mesopotami, atawa rek ngabakti ka sesembahan urang Emor, anu tanahna ayeuna diandih ku maraneh. Bapa sakulawarga mah rek ngabakti ka PANGERAN.”MARKUS 8:34Sabab jelema anu leuwih mentingkeun kasalametan hirupna, nyawana bakal leungit. Sabalikna anu leupas nyawana ku karana Kami jeung ku karana wawaran Injil, nyawana bakal salamet.SILOKA 16:9Manusa anu boga angen-angen, Allah anu memener lengkahna.WAHYU 3:20Ieu Kami geus ngetrokan panto. Anu malire kana sora Kami jeung muka panto, tangtu ku Kami dicalikan Kami rek milu dahar di imahna babarengan.RUM 6:23Upahna dosa teh maot, sabalikna ari kurnia Allah mah nya eta hirup langgeng sarta ngahiji jeung Kristus Yesus Gusti urang.RUM 13:2Saha bae, anu ngalawan ka pamarentah, sarua jeung ngalawan kana aturan anu geus ditangtukeun ku Allah, anu ngalawanna tangtu meunang hukuman.RUM 10:9-10[9] Lamun aranjeun ngaku jeung percaya yen Yesus teh Gusti, anu ku Allah geus digugahkeun tina maot, tangtu aranjeun salamet. [10] Ku jalan percaya, urang bisa diangken bener ku Allah, sarta ku jalan ngaku ka Anjeunna urang tangtu salamet. GALATA 5:16-17[16] Anu dipimaksud ku sim kuring teh nya eta, sing narurut kana panuyun Roh Allah, ulah nurut kana kahayang napsu. [17] Kahayang napsu papalingpang jeung pangersa Roh Allah, pangersa Roh Allah papalingpang jeung kahayang napsu jelema. Duanana silih lawan, temahna aranjeun moal bisa ngalampahkeun naon-naon. KAJADIAN 2:16-17[16] Timbalana-Na ka manusa, ”Bubuahan tangkal nu mana bae di ieu taman, meunang didahar, [17] kajaba ti tangkal anu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng. Eta buahna teu meunang didahar, sabab mun didahar, poe eta keneh maneh paeh.” YESAYA 55:6-7[6] Geura tarobat ka PANGERAN. Geura sasambat ka Mantenna anu geus deukeut. [7] Anu jarahat geura robah kalakuan, geura garanti pikiran. Geura tarobat ka Allah kaula. Mantenna sipat welas jeung hampuraan. YOHANES 1:12-13[12] Tapi loba oge anu narima jeung palercaya ka Anjeunna teh; jelema-jelema anu kitu ku Anjeunna dipaparin hak jadi putra-putra Allah. [13] Jadina putra-putra Allah teh lain ku cara anu lumrah di manusa, lain ku cara anu yuga ti bapa sipat manusa; Rama maranehna teh Allah ku manten. PAMINDO 30:19-20[19] Ayeuna Bapa menta disaksian ku langit jeung bumi, mana anu rek dipilih ku maraneh ti PANGERAN, berkah-Na atawa panyapa-Na, rek milih hirup atawa rek milih paeh. Pilih anu pijamugaeun! [20] Sing sumujud madep mantep ka PANGERAN Allah maraneh, sangkan bisa tetep renggenek saanak incu di tanah anu ku Mantenna geus diikrarkeun ka karuhun maraneh, Ibrahim, Ishak, jeung Yakub.” YEHESKEL 18:30-32[30] Ayeuna Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ngabejaan ka maraneh, urang Israil, yen Kami bakal ngahukum ka maraneh satimpal jeung kalakuan maraneh. Geura areling tina kajahatan, sangkan ulah cilaka ku dosa sorangan. [31] Geura eureunan kajahatan maraneh, anyarkeun hate jeung pikiran. Na harayang paeh maraneh teh, eh urang Israil? [32] Kami mah henteu hayang ningali aya jelema paeh,” timbalan PANGERAN Nu Maha Agung. ”Geura tarobat supaya harirup.” Sundanese Bible 1991 @LAI 1991