Kami henteu samar kana sagala pikersaeun ka maraneh. Nya eta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamugaeun ka hareup.
[3] Paneda kitu hade, sapuk jeung kahoyong Allah Jurusalamet urang, [4] anu mikahoyong supaya manusa teh kabeh salamet sarta daraek narima ka nu sayakti,
tarimakeun reujeung sukur sagala anu tumiba. Kitu aranjeun teh diperihna ku Allah, ari aranut ka Kristus Yesus mah.
Aranjeun ku Allah diperih kudu hirup suci. Kade, lamun sapatemon ulah ingkar tina susila.
[20] Yesus, Gusti urang, ku Allah geus digugahkeun, hirup deui. Ku lantaran geus nyorang pupus, ayeuna Anjeunna jadi lir pangangon, Pangangon Agung urang, ari urang lir domba-domba-Na. Sarta ku jalan pupusna Anjeunna geus ngukuhkeun jeung ngalanggengkeun eusi perjangjian Allah. [21] Mugia Allah sumber kabagjaan maparin berkah ka aranjeun, supaya aranjeun bisa ngalakonan pangersa-Na. Mugia ku karana Yesus Kristus, Allah nuyun urang supaya urang bisa ngalampahkeun anu sapuk jeung manah-Na. Agungkeun Kristus salalanggengna! Amin.
Geus kitu ngalahir ka sarerea, saur-Na, ”Lamun aya anu rek milu ka Kami kudu miceun kapentingan sorangan, unggal poe kudu manggul salibna, heug anut ka Kami.
Pangandika Gusti teh lampu pikeun abdi, sinar caang nu nyaangan jalan abdi.
Tapi lamun di antara aranjeun aya anu kurang bijaksana, kudu nyuhunkeun ka Allah supaya dipaparin kabijaksanaan, da Allah mah sipat murah jeung welas asih.
[5] Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan. [6] Dina sagala laku lampah masing inget ka PANGERAN, tangtu Mantenna nuduhkeun jalan nu lempeng.
Sabab kalakuan aranjeun anu hade teh ku Allah bakal dianggo ngabendung omongan jalma-jalma anu garejul.
Karajaan Ama mugi rawuh. Pangersa Ama mugi laksana di dunya, sapertos di sawarga.
[15] Ku sabab eta hirup teh kudu make temah wadi. Ulah cara anu burung, kudu cara anu pinter. [16] Saban aya kasempetan gunakeun sing hade-hade, sabab ayeuna teh jaman goreng. [17] Nu matak ulah bodo, sing awas kana pangersa Gusti. [18] Nginum anggur ulah nepi ka mabok, matak ruksak awak, sabalikna kudu kacicingan ku Roh Allah. [19] Nyarita jeung pada batur kudu make kecap-kecap tina jabur, tina pupujian, jeung tina kidung-kidung rohani. Pujikeun ka Gusti pupujian jeung jabur reujeung gumbira hate. [20] Tina hal naon bae kudu muji sukur ka Allah Rama, bari nyebut pajenengan Gusti urang Yesus Kristus.
Jeung deui Pangeran mah tara ngaengke-engke jangji cara ceuk panyangka sawareh jelema. Nu saenyana mah Mantenna teh nyabaran ka aranjeun, da kahoyong-Na manusa teh tarobat kabeh tina dosana, sabab Mantenna henteu hoyong aya jelema anu cilaka saurang-urang acan.
Sabalikna lamun ngakukeun dosa ka Allah, urang bakal dipaparin bukti tina hal jangji-Na, nya eta dihampura dosa, jeung disucikeun tina sagala lampah urang anu salah.
anu mikahoyong supaya manusa teh kabeh salamet sarta daraek narima ka nu sayakti,
Teu kudu, PANGERAN ka urang geus nerangkeun naon nu hade. Anu ku Mantenna dipundut ti urang nya eta: urang kudu migawe kaadilan, kudu nembongkeun kanyaah salilana, sarta hirup ngahiji jeung Allah urang kalawan handap asor.
Sagala dadamelan PANGERAN aya tujuanana masing-masing. Mantenna geus nangtukeun yen nu jahat baris ditumpes.
Sing salabar, supaya bisa ngalakonan pangersa Allah sarta nampa ganjaran anu geus dijangjikeun ku Mantenna.