Bible Verses On A Topic

Topics
God
Good Character
Bad Character
Sins
Life
Church
Mysteries
Angels and Demons
Math Signs
Additional
Good Character: [Humble / Humility]
Aranjeun teh umat Allah, ku Mantenna dipikaasih jeung dipilih dijadikeun kagungana-Na. Jadi kudu boga tabeat karunyaan, hade hate, handap asor, darehdeh, jeung sabar.
Salawasna kudu rendah ati, someah, sabar. Kudu silih pikanyaah, silih kanyahokeun.
[6] Tapi rahmat Allah anu dipaparinkeun ka urang leuwih kuat ti batan kahayang eta roh urang. Eta sababna Kitab Suci nyebutkeun oge, ”Allah ngalawan ka nu kamagungan, tapi mikaasih ka anu rendah hate.” [7] Ku sabab kitu masing sumerah ka Allah. Iblis kudu dilawan, tangtu kabur ti aranjeun. [8] Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui. Beresihan leungeun, eh jalma-jalma dosa! Herangkeun hate, eh aranjeun anu marunapek! [9] Kudu ngarasa kaduhung, ceurik, midangdam, seuri ganti ku ceurik, rasa suka ganti ku rasa duka. [10] Rendahkeun diri di payuneun Pangeran, tan wande ku Mantenna dicengkatkeun.
Ari aranjeun barudak ngora, ka nu leuwih kolot masing ngesto. Aranjeun kudu ngarendahkeun diri jeung silih ladenan, sabab ceuk Kitab Suci, ”Allah ngalawan ka nu kamagungan, tapi mikaasih ka nu rendah ati.”
upama maranehna sasambat ka Kami sarta tarobat tina lampah dorakana, ku Kami tangtu didangu ti sawarga, dosana dihampura, tanahna disina cukul deui.
Sabab saha-saha anu ngaluhurkeun maneh tangtu dihandapkeun, jeung saha-saha anu ngahandapkeun maneh tangtu dijungjung luhur.”
Teu kudu, PANGERAN ka urang geus nerangkeun naon nu hade. Anu ku Mantenna dipundut ti urang nya eta: urang kudu migawe kaadilan, kudu nembongkeun kanyaah salilana, sarta hirup ngahiji jeung Allah urang kalawan handap asor.
[3] Ulah tinggal ti satia jeung satuhu, kongkorongkeun eta teh dina beuheung, tulis dina sanubari. [4] Lamun kitu tangtu ku Allah dimanah, ku jalma dipikaresep.
Jalma adigung bakal meunang pamoyok, mending oge handap asor.
Jalma gejul mah sok ngarasa bener bae. Sabalikna nu wijaksana mah daek narima pituah.
Sieun ku PANGERAN teh atikan nu mawa hikmah. Mun hayang kaajen kudu handap asor heula.
Ari hayang dihormat kudu rendah hate. Ari angkuh mah baris tijungkel.
Masing ajrih sarta rendah hate ka PANGERAN, tangtu maneh bisa beunghar, kaajen, jeung umur panjang.
Utamana dipuji teh ku batur, komo ku nu teu wawuh mah. Ulah muji maneh.
Nu rarendah hate ku Mantenna dituyun kana jalan bener, diwulang sina terang kana pangersa-Na.
PANGERAN ngaraos suka ka umat-Na; nu rendah hate ku Mantenna dihormat, dipaparin kaunggulan.
Sim kuring anu geus ngarasakeun murah asih-Na, hayang mere pepeling ka aranjeun: Ulah boga rasa diri leuwih ti kaayaan anu sabenerna. Ngukur diri kudu reujeung rendah hate, luyu jeung gedena iman paparin ti Allah.
Tata-titi ka batur kudu sarua. Nyekel kawajiban ulah bari kamagungan, kudu reujeung rendah hate. Ulah ngarasa aing pinter.
[9] Demi Kristus, sim kuring mah lembek kajeun, dihina kajeun, sangsara kajeun, dikaniaya kajeun, nandangan suker kajeun. Puguh ari keur lembek sim kuring mah jadi bedas teh. [10] Memang sim kuring geus jadi jelema bodo, tapi aranjeun nu jadi lantaranana. Benerna aranjeun teh ngahargaan ka sim kuring. Kieu-kieu oge sim kuring henteu katitih ku eta ”rasul-rasul” aranjeun anu luar biasa teh.
[3] Dina ngalampahkeun naon bae ulah ku karana kapentingan pribadi, ulah kajurung ku hayang kapuji. Sabalikna sing silih hormatan, batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan. [4] Hargaan kapentingan batur, ulah mentingkeun diri sorangan bae.
[10] Ulah daek disebut ʼPamingpinʼ, sabab nu jadi pamingpin teh ngan hiji nya eta Kristus, Jurusalamet. [11] Anu pangpunjulna di maraneh, kudu purun kumawula ka sarerea. [12] Anu ngaluhurkeun maneh tangtu dikahandapkeun, sabalikna anu ngahandapkeun maneh bakal dikaluhurkeun.”
[14] Na anjeun uninga hirup anjeun isukan bakal kumaha? Anjeun teh ibarat sagumpel haseup, tembong sakeudeung les leungit. [15] Kuduna kieu anjeun ngomong teh, ”Lamun diparengkeun ku Pangeran jeung sugan aya umur, rek ka anu atawa rek anu.” [16] Ari anjeun bet ujub jeung suaban. Salah ujub kitu teh.
[5] Kudu nyonto kana sikep Yesus Kristus: [6] Anjeunna teh kagungan sipat Allah. Najan kitu taya manah nyasamikeun anjeun jeung Allah. [7] Malah-malah ngantunkeun sagala kamulyaana-Na, nyasamikeun anjeun jeung jalma nu kumawula, kersa saharkat jeung jalma, jeung nganggo rupa manusa. [8] Ngarendahkeun anjeun, tunduk tumut ka Allah nepi ka pupus, pupus lantaran disalib.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991