Bible Verses On A TopicTopics God Blessing Come As You Are Commandments Curse Financial Blessing Free Will God's Grace God's Love God's Will God's Timing I Will Never Leave You Miracles Names of God Offerings Plans Being Saved Trinity Time Unconditional Love Viruses / Diseases Who God Is Good Character Acceptance Abstinence Accountability Boldness Caring Cleanliness Commitment Confidence Contentment Courage / Brave Compassion Discipline Faith Grateful Hospitality Humble / Humility Honest Honor Integrity Kindness Love Modesty Mercy Patience Sanctification Self-Control Trust Bad Character Anger Betrayal Bullying Bitterness Complaining Conflict Fear Foolish Hypocrite Jealousy Judgmental Lazy Pride Revenge / Vengeance Vanity Violence Sins Abortion Addiction Adultery Apostasy Cursing Divorce Envy Fornication Gluttony Gossip Greed Hate Lust Lying Masturbation Procrastination Theft Life Aging Animals Adoption Birthday Beauty Being Alone Dating Death Depression Disappointment Discernment Exercise Ethics Fasting Finding Love Focus Family Food Guilt Health Happiness Hell Infertility Job Loss Loss Mental Illness Music Marriage Putting God First Pain Parenting Struggle Sex Trials Temptation Verse For Men Verses For Women War Wealth Widows Church Attending Church Birth Of Jesus Church Persecution Deacons False Teachers Going To Heaven Holy Spirit Messiah In The Bible Pastors Praising God Parables From Jesus Pentecost Speaking in Languages Tithing Worship Womens Roles Mysteries Aliens Cancer Destiny Dinosaurs Dragons Dreams Flat / Round Earth Giants in the Bible Last Days / Future Unicorns Angels and Demons Archangels Angels Beelzebub Demons Guardian Angels Lucifer Sorcerer / Magic Math Signs Number 3 Number 5 Number 7 Number 8 Number 10 Additional Alcohol Abundance Abomination Broken Heart Cannibalism Death Penalty Drugs Evil Emotions Halloween Helping the Poor Miscarriage Police Officers Piercings Polygamy Revival Sadness Science Self Defence Slavery Suicide Talent Tattoos Work Good Character: [Love] 1 KORINTA 16:14Sakur anu dilampahkeun ulah tinggal ti kanyaah.1 YOHANES 4:8-18[8] Anu henteu boga sipat asih teu terang ka Allah, sabab Allah teh sipat asih. [9] Allah geus ngabuktikeun sipat asih-Na, ku ngutus Putra tunggal-Na ka ieu dunya, supaya ku jalan Putra-Na urang meunangkeun hirup. [10] Sipat asih-Na teh buktina lain urang anu nyaah ka Mantenna, tapi Mantenna anu asih ka urang, nepi ka ngutus Putra-Na, sabab ngan ku jalan kitu Mantenna iasa ngahapunten dosa urang. [11] Ku sabab Allah sakitu mikaasihna ka urang, atuh urang oge kudu silih pikaasih. [12] Sanajan can aya jelema anu geus nenjo Allah, tapi lamun urang silih pikanyaah, Allah teh aya di urang, satunggal jeung urang sarta mikaasih-Na teh datang ka tutugna. [13] Ku sabab urang geus diterapan Roh-Na, yakin yen hirup urang aya dina kasatunggalan jeung Mantenna, kitu keneh Mantenna satunggal jeung urang. [14] Bapa sabatur-batur papada rasul, anu geus nenjo sorangan anu jumeneng Putra teh diutus ku Rama-Na pikeun jadi Jurusalamet saalam dunya, ngawartakeun hal eta ka nu sejen. [15] Jelema anu ngaku yen Yesus teh Putra Allah, hirupna satunggal jeung Allah, nya kitu keneh Allah manunggal dina hirupna. [16] Bapa mah nya nyaho nya percaya Allah mikaasih ka urang teh. Allah teh sipat asih. Jadi sing saha anu nyaahan, hirupna ngahiji jeung Allah, Allah oge ngahiji dina hirupna. [17] Sipat asih anu aya di diri urang bakal jadi sampurna, nepi ka urang engke teger ngadeuheus dina Poe Hukuman. Jeung tangtu urang mah teger, lantaran hirup urang di ieu dunya geus nulad ka Kristus. [18] Moal aya kasieun ari kaancikan ku asih mah. Sabab asih anu sampurna teh ngusir sagala rasa kasieun. Anu boga keneh rasa kasieun tandaning sipat asihna tacan sampurna, jadi masih bakal keuna ku hukuman. YOHANES 3:16Karana kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng.1 PETRUS 4:8Pangpangna pisan kudu enya-enya silih pikanyaah, sabab ku silih pikanyaah mah bisa silih hampura.KOLOSA 3:14Seug ieu sipat-sipat teh tambahan deuih ku kanyaah, sabab kanyaah teh tali anu meungkeut sagala rupa jadi hiji beungkeutan anu sampurna.YOHANES 13:34-35[34] Ayeuna maraneh ku Kami dibere hiji parentah anyar, nya eta: Masing silih pikanyaah. Sakumaha Kami mikanyaah ka maraneh, maraneh oge kudu silih pikanyaah sabatur-batur. [35] Ku jalan silih pikanyaah jeung babaturan, bakal katara ka sarerea yen maraneh teh murid-murid Kami.” YOHANES 15:13Kanyaah nu panggedena ti hiji jalma ka sobat-sobatna, nya eta lamun nepi ka iklas ngorbankeun jiwa pikeun ngabelaanana.1 KORINTA 13:13Tinggal tilu rupa anu bakal tetep aya nya eta iman, pangharepan, jeung kanyaahan. Anu pangutamana ti ieu anu tilu nya eta kanyaahan.1 YOHANES 4:19Urang bisa nyaahan teh lantaran Allah miheulaan asih ka urang.SILOKA 10:12Kaceuceub teh ngahudang picekcokeun, ari kanyaah mah hampuraan kana sagala kasalahan.1 YOHANES 4:7Hayu dulur-dulur urang silih pikaasih, sabab sipat asih teh asal ti Allah. Anu boga sipat asih, eta putra Allah, terang ka Allah. Sundanese Bible 1991 @LAI 1991