Ti dinya eta nagara ku PANGERAN dikeunaan sasalad mimiti ti isuk eta nepi ka beak tempo ti Mantenna tea. Ti sakuliah nagara, ti tungtung nepi ka tungtung, aya 70.000 urang Israil anu tiwas ku eta sasalad.
Reh Gusti teh langsar manah, jembar hampura, murah asih ka sugri nu sok sasambat.
Mantenna sae ka unggal jalma, sarta mikawelas ka saniskara dadamelana-Na.
Kudu boga sipat welas, sabab Rama maraneh oge sipat welas.”
Tapi Allah teh jembar ku piwelas, sakitu asih-Na ka urang.
urang teh dijait disalametkeun. Tapi disalametkeun ge lain ku sabab urang geus migawe anu hade, tapi ngan ku perbawa sih piwelas-Na, anu dilaksanakeunana ku Roh Suci. Rereged diri urang teh ku Roh Suci dikumbah beresih, nepi ka hirup urang jadi anyar.
Ku sabab eta hayu urang ngadeuheus bari reugreug hate ka Allah anu sipat kurnia. Mantenna tangtu mikawelas jeung maparin rahmat pitulung samangsa urang perlu ku pitulung Mantenna.
Tah anu bareto katenjo jeung kadenge teh ku bapa diwartakeun deuih ka aranjeun, supaya aranjeun oge cara bapa, hirup dina kasatunggalan jeung anu jumeneng Rama kitu deui jeung Yesus Kristus Putra-Na.