Bible Verses On A Topic

Topics
God
Good Character
Bad Character
Sins
Life
Church
Mysteries
Angels and Demons
Math Signs
Additional
Life: [Aging]
Sing saha anu tambelar ka baraya, pangpangna ka anggota rumah tanggana sorangan, eta teh ingkar tina iman, leuwih jahat ti batan anu teu boga iman.
Nya ieu sababna nu matak sim kuring tara nepi ka leutik hate teh. Sanajan raga badag beuki lila beuki ruksak, ari batin mah unggal-unggal poe oge teu weleh dianyarkeun deui.
Inget-inget nu katukang, jaman baheula, tanyakeun ka bapa maraneh kumaha. Tanya kolot-kolot, perkara lalakon baheula.
Musa pupus dina yuswa saratus dua puluh taun, salirana cangker keneh, socana awas keneh.
Kade ulah nanya, ”Naha nya baheula mah jaman teh leuwih hade ti batan ayeuna?” Nanya kitu teh belegug.
Masing hormat ka bapa jeung ka indung, supaya awet nya hirup di tanah anu rek dipaparinkeun ku Kami.
Ngandika PANGERAN, ”Jelema-jelema teh ku Kami moal sina hirup sapapanjangna. Kabehanana sipat pipaeheun. Ti semet ayeuna umurna moal sina leuwih ti 120 taun.”
Jadi pupusna teh sanggeus sepuh pisan.
Sakur nu cape jeung lungse, ku Mantenna disegerkeun.
Kami, Allah maraneh bakal terus ngurus, nepi ka maraneh karolot, haruisan. Kami anu ngajadikeun, Kami anu ngurus. Maraneh tangtu ditulungan, disalametkeun.
Tah kitu saderek Ayub, kitu pamanggih ti kuring, beunang lila diajar tina luang anu kaalaman. Pek nyanggakeun, mugi-mugi katarima.”
[12] Nu diruag ku Allah taya nu bisa ngadegkeun deui. Anu dikurung ku Allah, taya anu bisa ngaleupaskeun. [13] Mun Mantenna nahan hujan, heug halodo. Mun cai ku Mantenna dibedahkeun, ger caah. [14] Mantenna digjaya, salalawasna unggul. Nu hianat, nu dihianat, duanana aya dina kakawasaana-Na. [15] Kapinteran pangagung dirampas, para pamingpin disina barodo. [16] Raja-raja dirorod didamel sakitan. [17] Imam-imam jeung nu ngasta kawasa direndahkeun. [18] Jalma-jalma nu dipake pananggeuhan dibungkem, pangarti jalma karolot dirorod. [19] Jalma nu ngasta kawasa dihina, para pangagung dieuweuhkeun kakuatanana. [20] Tempat anu poek mongkleng ku Mantenna sina caang.
Ceuk emutan, keun Bapa-bapa bae anu cacarios, kawantu sepuh-sepuh mah tangtos luhung panemuna.
”Geus kitu Kami bakal ngeusikeun roh Kami ka unggal jalma. Anak maraneh lalaki awewe bakal ngucapkeun amanat-amanat Kami. Nu geus karolot bakal marareunang impian, nu ngarora bakal marareunang tetenjoan.
Masing hormat, ngajenan ka jelema-jelema anu geus karolot. Masing sarieun ku Kami. Kami teh PANGERAN.
Nanging paliyas ari marentah mah da ka anjeun teh nyaah. Ieu mah Paulus duta Kristus anu keur dibui ku karana Anjeunna teh mung seja aya anu disuhunkeun
Abdi ulah dipiceun dumeh parantos kolot, ulah ditilar dumeh parantos taya tanaga.
Ayeuna abdi parantos kolot cetuk huis, mugia ku Gusti ulah ditilar, nun Allah! Sarengan abdi ari keur nyanggemkeun kakawasaan sareng kadigjayaan Gusti ka sakumna turunan nu bakal datang.
Najan jiwa raga abdi lemah, nanging Allah anu jadi kakiatan abdi. Anu dipikabutuh ku abdi salalamina mung Gusti.
[10] Lamina umur abdi-abdi mung tujuh puluh taun, atanapi dalapan puluh pikeun nu kiat, kitu ge bari ripuh seueur nu karasa, hirup sakedap, teras sirna. [11] Saha nu parantos ngarasa karongkahan mudalna bebendu Gusti? Saha nu sadar kumaha matak gimirna balukar tina duduka Gusti? [12] Elingkeun abdi sadaya yen hirup teh kacida pondokna, supados jadi jalmi wijaksana.
Umurna rek dipanjangkeun, ku Kami rek disalametkeun.”
Nu geus karolot sok agul ku incu-incu, cara barudak sok agul ku bapana.
Ka barudak ngora katarik teh ku kakuatanana, ari ka nu karolot hormat teh ku karana huisna.
Sing nurut ka bapa, teu ku bapa mah hidep moal aya. Sing ngajenan ka indung di mana indung geus kolot.
Kungsi kaula nenjo aya jalma jahat jeung lalim, hirupna subur makmur jeg tangkal kiputri di Libanon;
Pupusna sanggeus yuswana kacida sepuhna, mulya, kawasa, dipikaajrih. Anjeunna diganti ku Suleman, putrana.
Jeung upama maneh nurut tur pengkuh nyekel papakon-papakon Kami cara Daud bapa maneh, tangtu dipanjangkeun umur ongkoh.”
Mantenna ngeusian hirup kaula ku hal-hal anu harade, nepi ka kaula awet ngora tur rosa tanaga kawas galudra.
Awewe anu geus karolot papatahan yen tingkah polahna kudu sing sakumaha tingkah polah wanita anu ibadah, ulah upatan, ulah katagihan ku inuman keras, tina perkara nu hade kudu itung-itung jadi guru,
[1] Ka nu geus karolot ulah keras-keras, ngomongan kudu cara ka bapa sorangan. Ka barudak ngora kudu kawas ka dulur sorangan. [2] Ka awewe nu karolot sing kawas ka indung, ka mojang sing kawas ka lanceuk atawa adi kalawan pikir beresih.
[8] Abdi moal kendat-kendat muji ka Gusti, saban dinten sumeja ngagungkeun. [9] Abdi ulah dipiceun dumeh parantos kolot, ulah ditilar dumeh parantos taya tanaga.
[20] Urang mah warga sawarga, ngadago-dago pisan kana pisumpingeuna-Na anu nyalametkeun urang, Gusti Yesus Kristus. [21] Badan jasmani urang anu lemah piancureun ku Anjeunna bakal disalin, didamel saperti kaayaan salira-Na ku anjeun anu mulya. Anjeunna iasa midamel kitu sabab kagungan kakawasaan anu bisa nalukkeun saniskara.
[3] Eh turunan Yakub sesa-sesa umat Kami, darengekeun: Maraneh teh ku Kami geus diurus ti barang brol dijurukeun. [4] Kami, Allah maraneh bakal terus ngurus, nepi ka maraneh karolot, haruisan. Kami anu ngajadikeun, Kami anu ngurus. Maraneh tangtu ditulungan, disalametkeun.
[12] Parantos katingal musuh abdi teh areleh, parantos kakuping tingkoceakna anu jarahat. [13] Jalma bener bakal ngagedean cara tangkal korma, bakal jaradi cara kiputri Libanon. [14] Maranehna ibarat tatangkalan nu dipelak di gedong PANGERAN, jararadi di Bait-Na Allah urang, [15] nepi ka kolotna ge masih keneh buahan, tetep subur hejo ngemploh.
[1] Ku sabab eta meungpeung keur ngora, kudu eling ka Anu nyipta maraneh, meungpeung tacan nincak kana umur anu matak ripuh anu matak ngarasula, ”Hirup teh teu ngarasa bagja!” [2] Geus nepi ka kitu mah panonpoe, bulan, bentang-bentang, katembongna asa surem, asa mendung saendeng-endeng. [3] Leungeun paranti nakis bahaya geus lilinieun, suku keker beuki hengker, huntu kari saeutik jeung geus teu bisa dipake meuweung, panon geus lamur. [4] Ceuli geus kurang denge, sora ti jalan mah komo teu hawar-hawar acan. Sora panggilingan, sora anu kakawihan, geus mehmehan teu kadenge. Tapi ari keur sare ku sora manuk ge kageuingkeun. [5] Ka tempat nu luhur-luhur asa lewang asa paur, leumpang araringgis, buuk geus bodas camutmut, mawa awak ge disesered, sagala kahayang leungit. Tuluy ngajugjug ka panungtungan bari diceungceurikan sapanjang jalan. [6] Rantay perak bakal pegat, lampu emas bakal tiguling, bakal peupeus, tali timba bakal ngajemprung, gentong bakal bencar. [7] Jasad mulang jadi deui lebu, roh mulang ka Allah anu maparin.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991