Bible Verses On A Topic

Topics
God
Good Character
Bad Character
Sins
Life
Church
Mysteries
Angels and Demons
Math Signs
Additional
Life: [Adoption]
Ayeuna seja dibaktikeun ka PANGERAN, saumur hirupna sina ngawula ka Mantenna.” Geus kitu aranjeunna sembahyang di dinya ka PANGERAN.
Kami baris jadi Rama maraneh, maraneh baris diaku anak ku Kami, anak lalaki, anak awewe, kitu timbalan Pangeran Nu Maha Kawasa.”
Sipat-Na jujur satia, sanajan ka nu pahatu atawa ka randa-randa. Heman ka anu marilu hirup di urang, sarua dipaparinan dahar pake.
Urang Asur teu tiasaeun nyalametkeun, kuda tempur teu tiasa ngabelaan. Moal deui-deui abdi sadaya nyebatkeun yen arca-arca brahala teh Allah abdi-abdi. Nun PANGERAN, mugi kersa mikawelas ka sakur nu parantos teu gaduh saha-saha kangge pamuntangan.”
Tapi sing saha anu muntang ka PANGERAN sarta nyambat pitulung-Na, tangtu jagjag seger deui, lir galudra mentang jangjang, lumpat moal cape, leumpang moal mopo.
Dulur-dulur, anu percaya ka Yesus Kristus Gusti anu mulya mah, ulah sok ngabeda-beda jelema nilik kaayaan lahirna.
Kami henteu samar kana sagala pikersaeun ka maraneh. Nya eta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamugaeun ka hareup.
Waler-Na, ʼKieu saenyana ku Kami diterangkeun: Waktu aranjeun ngalampahkeun kitu ka salah sahiji dulur Kami anu panglaipna, eta sarua jeung ngalampahkeun kitu ka Kami!ʼ
Estu nalangsa lamun pangharepan gagal, sabalikna ana kahayang laksana, hate pinuh ku bagja.
Belaan anu lalemah jeung barudak yatim, sing adil ka nu mariskin jeung nu sangsara.
PANGERAN rumaksa ka nu ngumbara, di nagri urang, nulungan ka randa-randa jeung para pahatu, sabalikna rarancang jalma jahat mah ku Mantenna disina gagal.
[5] Puji Allah, puji jenengana-Na, sadiakeun jalan pikeun Mantenna nu ngambah mega. Jenengan Mantenna PANGERAN, sing aratoh di payuneuna-Na! [6] Allah anu linggih di Bait-Na anu suci, ngarawat ka nu pahatu, ngaraksa ka randa-randa.
[8] Sing bisa jadi wawakil rahayat anu teu mampuh cumarita sorangan. Tangtayungan hak rahayat nu taya daya. [9] Pangnepikeun kapentinganana. Sing jadi hakim nu adil, kersa nangtayungan hak rahayat nu balangsak jeung walurat.”
[12] Tapi loba oge anu narima jeung palercaya ka Anjeunna teh; jelema-jelema anu kitu ku Anjeunna dipaparin hak jadi putra-putra Allah. [13] Jadina putra-putra Allah teh lain ku cara anu lumrah di manusa, lain ku cara anu yuga ti bapa sipat manusa; Rama maranehna teh Allah ku manten.
[4] Sanggeus waktuna cunduk, Allah ngutus Putra-Na ka ieu dunya ku jalan dilahirkeun sakumaha urang ku indung, sarta hirup Anjeunna kaereh ku Hukum Agama, [5] pikeun ngaleupaskeun manusa anu dibawah ku Hukum Agama, supaya bisa ditarima jadi putra-putra Allah.
[14] Sakur jelema anu dituyun ku Roh Allah, eta teh putra-putra Allah. [15] Sabab Roh paparin ti Allah teh moal midamel aranjeun jaradi kawula anu ngalantarankeun aranjeun jadi pinuh ku rasa kasieun, sabalikna bakal midamel aranjeun jadi putra-putra Allah, sarta ku perbawa Roh Allah, aranjeun bisa nyebut ka Allah, ”Ama, nun Ama!” [16] Roh Allah ku manten jeung roh urang bareng nganyatakeun yen urang teh putra-putra Allah. [17] Ku sabab urang teh putra-putra-Na, urang bakal narima berkah anu ku Mantenna disayagikeun pikeun umat-Na. Sarta sakumaha Kristus, urang oge bakal narima anu ku Allah geus disayagikeun pikeun Kristus. Sabab lamun urang geus milu kana sangsara Kristus, tangtu oge bakal milu dimulyakeun jeung Anjeunna.
[14] Nanging Gusti teh ningali; malire ka nu sangsara sareng lara, tur sayagi nulungan. Nya ka Gusti sumerahna nu teu walakaya teh. Gusti salamina ngabela ka jalmi miskin. [15] Basmi kakawasaan nu jahat sareng nu doraka teh, hukum kajahatanana, sangkan ulah deui-deui. [16] PANGERAN teh raja sapapanjangna. Anu nyarembah ka allah-allah sejen bakal musna ti tanahna. [17] Nun PANGERAN, Gusti kersa ngadangu panyambatna jalmi laip, negerkeun hatena. [18] Gusti kersa ngadangukeun panyambat jalma pahatu, kersa mirosea jumeritna nu dikakaya. Gusti kersa ngabela maranehna; dugi ka moal aya deui manusa anu nganiaya ka maranehna.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991