Bible Verses On A TopicTopics God Blessing Come As You Are Commandments Curse Financial Blessing Free Will God's Grace God's Love God's Will God's Timing I Will Never Leave You Miracles Names of God Offerings Plans Being Saved Trinity Time Unconditional Love Viruses / Diseases Who God Is Good Character Acceptance Abstinence Accountability Boldness Caring Cleanliness Commitment Confidence Contentment Courage / Brave Compassion Discipline Faith Grateful Hospitality Humble / Humility Honest Honor Integrity Kindness Love Modesty Mercy Patience Sanctification Self-Control Trust Bad Character Anger Betrayal Bullying Bitterness Complaining Conflict Fear Foolish Hypocrite Jealousy Judgmental Lazy Pride Revenge / Vengeance Vanity Violence Sins Abortion Addiction Adultery Apostasy Cursing Divorce Envy Fornication Gluttony Gossip Greed Hate Lust Lying Masturbation Procrastination Theft Life Aging Animals Adoption Birthday Beauty Being Alone Dating Death Depression Disappointment Discernment Exercise Ethics Fasting Finding Love Focus Family Food Guilt Health Happiness Hell Infertility Job Loss Loss Mental Illness Music Marriage Putting God First Pain Parenting Struggle Sex Trials Temptation Verse For Men Verses For Women War Wealth Widows Church Attending Church Birth Of Jesus Church Persecution Deacons False Teachers Going To Heaven Holy Spirit Messiah In The Bible Pastors Praising God Parables From Jesus Pentecost Speaking in Languages Tithing Worship Womens Roles Mysteries Aliens Cancer Destiny Dinosaurs Dragons Dreams Flat / Round Earth Giants in the Bible Last Days / Future Unicorns Angels and Demons Archangels Angels Beelzebub Demons Guardian Angels Lucifer Sorcerer / Magic Math Signs Number 3 Number 5 Number 7 Number 8 Number 10 Additional Alcohol Abundance Abomination Broken Heart Cannibalism Death Penalty Drugs Evil Emotions Halloween Helping the Poor Miscarriage Police Officers Piercings Polygamy Revival Sadness Science Self Defence Slavery Suicide Talent Tattoos Work Life: [Happiness] JABUR 37:4Teangan kabagjaan di PANGERAN, angen-angen maneh ku Mantenna baris dicumponan.YESAYA 12:2-3[2] Allah teh jurusalamet abdi. Abdi moal gaduh kasieun, margi percaya ka Allah. PANGERAN nu maparin daya sareng tanaga, anu jadi jurusalamet. [3] Lir nu halabhab atoh mendak cai seger, nya kitu umat Allah barungah waktu disalametkeun ku Allah.” RUM 5:2Ku jalan Anjeunna, hirup urang anu percaya dibawa ka jero sih kurnia Allah, senang hate lantaran boga pangharepan bakal dipaparin kabagjaan ku Allah.2 KORINTA 12:10-11[10] Memang sim kuring geus jadi jelema bodo, tapi aranjeun nu jadi lantaranana. Benerna aranjeun teh ngahargaan ka sim kuring. Kieu-kieu oge sim kuring henteu katitih ku eta ”rasul-rasul” aranjeun anu luar biasa teh. [11] Tandana yen sim kuring rasul, geus mindeng dibuktikeun reujeung kasabaran ku ngayakeun hal-hal anu ajaib jeung araheng. MATEUS 5:8Bagja jelema anu hatena mulus beresih, sabab bakal wawuh ka Allah!1 YOHANES 3:18Anaking, nyaah teh ulah ngan semet biwir jeung ucap wungkul, kudu nyata dina prakna.1 PETRUS 4:13Malah kudu atoh dumeh nandangan sangsara saperti Kristus, sabab engke lamun Kristus geus nganyatakeun kamulyaana-Na, aranjeun bakal pinuh ku kabungah.PAMINDO 33:29-30[29] Bagja maraneh, Israil! Taya nu mapakan. Estu bangsa anu rahayu ku PANGERAN. PANGERAN ku manten, minangka kepeng jeung pedang maraneh, nu ngabela jeung maparin kaunggulan. Musuh tangtu tingpoyongkod menta dikarunyaan, ku maraneh tuluy dileyek. [30] Ti dinya Musa angkat, ti padataran Moab nanjak ka Gunung Nebo, unggah ka puncak Gunung Pisga wetaneun Yeriho. Ti belah dinya, sakuliah tanah tea ku PANGERAN ditembongkeun ka anjeunna, nya eta wewengkon tanah Gilad anu terus ka kaler nepi ka kota Dan; 2 BABAD 9:7Bagja temen rahayat anu kumawula ka salira, anu teu petot-petot marek sareng kasinugrahan tiasa ngupingkeun pitutur-pitutur kabijaksanaan Jeng Raja!AYUB 5:17Mun Mantenna ngaraheutan, Mantenna keneh nu ngalandongan. Upama Mantenna neunggeul, Mantenna keneh nu ngusapan.SILOKA 16:20Sing tigin kana piwulang, supaya lulus nya maksud. Masing ngandel ka PANGERAN, malar meunang kabagjaan.JABUR 37:4-14[4] Teangan kabagjaan di PANGERAN, angen-angen maneh ku Mantenna baris dicumponan. [5] Pasrahkeun hirup ka PANGERAN, puntangan piwelas-Na, tangtu nulungan, [6] lampah bener maneh ku Mantenna bakal disina atra lir panonpoe wanci manceran. [7] Masing sabar ngadago polah PANGERAN, ulah dengki mun nenjo batur mukti, sarta rarancang jahatna ngajadi. [8] Ulah ambek atawa panas hate, sabab ngan matak susah bae. [9] Nu muntang ka PANGERAN baris ngamilik tanah, sabalikna nu jarahat tangtu ku Mantenna ditundung. [10] Nu jarahat bakal gancang musna, barang diteang geus teu araya. [11] Demi anu sarareh budi, tangtu bakal kawaris tanah, hirupna senang ngahenang-ngahening. [12] Anu jahat ngamusuh ka anu bener, mani delek-delek bakat ku ngewa. [13] Tapi ku PANGERAN mah eta teh digumujengkeun, da geus kauninga yen geus tereh ditumpurkeun. [14] Jalma jahat matek pedang, mentang jamparing, rek mergasa nu balangsak, nu walurat, rek ngabinasa ka nu balener lampahna. Sundanese Bible 1991 @LAI 1991