Bible Verses On A Topic

Topics
God
Good Character
Bad Character
Sins
Life
Church
Mysteries
Angels and Demons
Math Signs
Additional
Life: [Music]
Hayu, urang maruji ka PANGERAN! Nyanyi sing gumbira keur Allah, anu nangtayungan urang.
Nyarita jeung pada batur kudu make kecap-kecap tina jabur, tina pupujian, jeung tina kidung-kidung rohani. Pujikeun ka Gusti pupujian jeung jabur reujeung gumbira hate.
Hal eta nyata dina piunjuk-Na ka Allah, ”Jenengan Ama sumeja dikenalkeun ka sadaya dulur-dulur, bade dipuji dina riunganana.”
Bari nabeuh bade dikawihan masing tarik, nyanyi sataker tanaga reh ku Gusti parantos dirahayukeun.
Geus kitu Musa jeung sakumna bangsa Israil ngawihkeun ieu pupujian ka PANGERAN, ”Kuring seja ngawihkeun puji ka PANGERAN, nu geus unggul kalawan pinunjul. Kuda jeung nu tarumpakna dilelepkeun di sagara.
sanggakeun pupujian jeung lalaguan ka Mantenna, caritakeun sagala karyana anu pikahelokeun.
Kaula dek medar ciptaning ati, ucap hikmah bijaksana.
Jabur Daud. Ieu lagu abdi, ngeunaan kasatiaan sareng kaadilan, bade dinyanyikeun ka Gusti, nun PANGERAN.
[1] Puji PANGERAN! Puji Allah di jero Bait-Na! Puji pangawasa-Na di sawarga! [2] Puji padamelana-Na anu rarongkah, puji kaagungana-Na anu unggul. [3] Puji Mantenna ku sora tarompet, puji ku sora kacapi jeung gambus. [4] Puji Mantenna ku sora kendang jeung ku igel, puji ku sora kacapi jeung suling. [5] Puji Mantenna ku sora kolonangna genta puji ku sora kelenengna lonceng.
Piwulang-piwulang Kristus anu sakitu jembarna ku rahmat teh serepkeun kana ati sanubari. Kudu silih ajar jeung silih tuduhan kalawan bijaksana sabisa-bisa. Nyanyikeun jabur-jabur, lagu-lagu pupujian jeung lagu-lagu rohani, sanggakeun ka Allah dibarengan ku rasa tumarima ka Mantenna sajeroning hate.
[1] Jabur. Sanggakeun ka PANGERAN, pupujian anyar, Mantenna geus midamel hal-hal anu ajaib! Sarta ku sabab kawasa jeung digjaya, Mantenna unggul. [2] PANGERAN ngumumkeun kaunggulana-Na. Kakawasaana-Na paranti nyalametkeun teh dibewarakeun ka bangsa-bangsa. [3] Jangji Mantenna ka urang Israil estu teguh, lantaran satia jeung asih ka maranehna. Jalma-jalma di mana-mana kabeh narenjoeun unggulna Allah urang. [4] Geura surak keur PANGERAN, he sakuliah jagat, mulyakeun Mantenna ku lagu jeung surak gumbira! [5] Nyanyikeun pupujian ka PANGERAN, tabeuhan ku kacapi! [6] Tiup tarompet jeung tarompet tanduk, gederkeun surak ka PANGERAN, raja urang. [7] Laut katut sakabeh mahlukna, sing jumegur, bumi katut sapangeusina, geura maruji!
[3] Jelema-jelema anu 144.000 teh nyalanghareup kana tahta, ka mahluk nu opat, jeung ka para sesepuh, nganyanyikeun hiji lagu anyar anu ngan maranehna bae anu bisa. Ti sakumna manusa, ngan maranehna anu geus disalametkeun teh, [4] anu keur di dunyana ngajaga kamurnian diri tara ka awewe, suci ibarat parawan. Ka mana-mana maranehna ngingiring bae ka Anak Domba. Ti sakumna manusa, maranehna mah geus disalametkeun, diheulakeun disembahkeunana ka Allah jeung ka eta Anak Domba.
Paruji PANGERAN, ku karana kasaeana-Na, paruji jenengana-Na, ku karana murah manah-Na.
Maraneh resep ngarang lalaguan cara Daud jeung dilagukeun ku kacapi.
Musuh abdi masang eurad rek ngaringkus, matak rentag hate; maranehna ngali lombang dina pijalaneun abdi, nanging maranehna sorangan nu tigebrus.
Dupi ayeuna ku abdi parantos disayagian gedong anu agreng, linggihaneun Gusti sapapaosna.”
Kaula ku Mantenna dibedol tina liang bahaya dihanjatkeun tina embel keusik, diteundeun dina hiji batu karang, kaula jadi aman jeung teteg.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991