Topik Tuhan Berkat Datang apa adanya Perintah Kutukan Berkat Keuangan Keinginan bebas Rahmat Tuhan Cinta Tuhan Kehendak Tuhan Tuhan (Waktu) Saya tidak akan pernah meninggalkanmu Mukjizat Nama Tuhan Persembahan untuk Tuhan Rencana Diselamatkan dari Dosa Trinitas Waktu Cinta tanpa syarat Virus / Penyakit Siapa Tuhan Karakter Bagus Penerimaan Pantang Akuntabilitas Keberanian Peduli Kebersihan Komitmen Kepercayaan Kepuasan Keberanian / Berani Kasih sayang Disiplin Iman Berterimakasih Keramahan Rendah Hati / Kerendahan Hati Jujur Kehormatan Integritas Kebaikan Cinta Kesopanan Belas kasihan Kesabaran Pengudusan Kontrol diri Kepercayaan Karakter Buruk Marah Pengkhianatan Bullying Kepahitan Mengeluh Konflik Takut Bodoh Munafik Kecemburuan Penghakiman Malas Kebanggaan Revenge / Vengeance Kesombongan Kekerasan Dosa Aborsi Kecanduan Zina Kemurtadan Kutuk Perceraian Iri Perbuatan zina Kerakusan Gosip Keserakahan Benci Nafsu Bohong Onani Penundaan Pencurian Kehidupan Penuaan Binatang Adopsi Ulang tahun Kecantikan Sendirian Orang Kencan Kematian Depresi Kekecewaan Kearifan Berolahraga Etika Puasa Menemukan Cinta Fokus Keluarga Makanan Kesalahan Kesehatan Kebahagiaan Neraka Infertilitas Kehilangan Pekerjaan Kerugian Penyakit kejiwaan Musik Pernikahan Menempatkan Tuhan Pertama Rasa sakit Parenting Perjuangan Seks Uji coba Godaan Ayat Untuk Pria Ayat Untuk Wanita Perang Kekayaan Janda Gereja Menghadiri Gereja Kelahiran Yesus Penganiayaan Gereja Diakon Guru Palsu Pergi Ke Surga Roh Kudus Mesias Dalam Alkitab Pendeta Puji Tuhan Perumpamaan Dari Yesus Pantekosta Berbicara Dalam Bahasa Persepuluhan Menyembah Peran Wanita Misteri Alien Kanker Takdir Dinosaurus Naga Mimpi Bumi Datar atau Bulat Raksasa Dalam Alkitab Hari-hari Terakhir Masa Depan Unicorn Malaikat dan iblis Malaikat Tertinggi Malaikat Beelzebub Iblis Malaikat Pelindung Korek Penyihir / Sihir Tanda Matematika Angka 3 Angka 5 Angka 7 Angka 8 Angka 10 Tambahan Alkohol Kelimpahan Kekejian Patah hati Kanibalisme Hukuman mati Narkoba Jahat Emosi Halloween Membantu Orang Miskin Keguguran Polisi Tindik / Anting Poligami Revivial Kesedihan Ilmu Pertahanan diri Perbudakan Bunuh diri Bakat Tato Kerja Kehidupan: [Ayat Untuk Wanita] Mazmur 46:5Tuh aya walungan, mawa hegar nyeboran ka Kota Allah, ka gedong suci, panglinggihan Nu Maha Agung.Mazmur 139:14Abdi muji sukur ka Gusti, Gusti estu luar biasa sugri damel Gusti ajaib, pikahelokeun; eta abdi terang pisan.1 Timotius 3:11Pamajikanana oge kudu hade tabeat, lain tukang ngupat, peryoga, jujur dina sagala perkara.1 Korintus 11:12Sabab sanajan awewe dijadikeun ti lalaki, tapi lalaki oge dijurukeun ku awewe, sarta pang aya saniskara teh Allah anu ngajadikeunana.1 Korintus 15:10Bisa jadi saperti ayeuna oge ngan ku karana rahmat Allah. Rahmat Mantenna ku sim kuring henteu ditatambuh. Malah sim kuring mah ngalakonan pagawean rasul teh leuwih getol ti batan rasul-rasul sejen. Tapi bisa kitu soteh ngan ku karana rahmat Allah keneh anu nyarengan sim kuring dina pagawean.Lukas 1:45Nyai estu bagja parantos kersa percaya yen perkawis anu diandikakeun ku Pangeran teh tangtos buktos!”Amsal 11:16Istri lungguh mah hormateun, sabalikna awewe teu boga budi mah nista. Jalma kedul mustahil rek boga duit. Nu rikat usahana mah pibeunghareun.Amsal 14:1Awewe binangkit ngamumule rumah tanggana. Sabalikna awewe gejul mah ngabaruntakkeun.Amsal 19:13Anak bodo bisa matak ancur bapana. Pamajikan nu cerewed ibarat cai nyakclakan teu eureun-eureun.Amsal 21:9Mending cicing di luhur hateup, ti batan saimah jeung pamajikan cerewed.Amsal 21:19Mending miceun maneh ka gurun keusik, ti batan hirup jeung pamajikan tukang humandeuar jeung cerewed.1 Petrus 3:1-2[1] Ari aranjeun, istri-istri, kudu ngesto ka salaki. Malakmandar lamun salaki tacan percaya ka Gusti bisa kabawa percaya, ari aranjeun ngesto mah. Teu kudu diajak-ajak deui, [2] da geus katarik ku kasujudan aranjeun. Ef 5:22-23[22] Pamajikan kudu tunduk ka salaki cara ka Kristus. [23] Sabab salaki teh wenang ka pamajikan, sakumaha Kristus wenang ka gareja, tur jadi Jurusalametna gareja anu jadi salira-Na ku anjeun. Amsal 31:16-17[16] Ana hayang lahan geuwat bae meuli, tuluy dikebonan dipelakan anggur, binihna beunang meuli ku duit ladang beubeunangan digawena. [17] Digawena rajin, taya kacape nepi ka anggeus. Titus 2:3-5[3] Awewe anu geus karolot papatahan yen tingkah polahna kudu sing sakumaha tingkah polah wanita anu ibadah, ulah upatan, ulah katagihan ku inuman keras, tina perkara nu hade kudu itung-itung jadi guru, [4] ka papada awewe anu ngarora kudu daek papatah yen kudu nyaah ka salaki jeung anak, [5] kudu bisa mawa diri, hirup kudu beresih, kudu jaradi ibu rumah tangga anu hade, ngesto ka salaki, supaya ulah aya anu nepi ka ngagogoreng warta ti Allah tea. Kejadian 2:18-24[18] GUSTI Allah ngandika, ”Teu hade manusa hirup sorangan. Ku Kami rek dibere batur anu pantes, sina ngabaturan.” [19] Tuluy Mantenna ngadamel sagala rupa sasatoan jeung rupa-rupa manuk tina taneuh, geus kitu sina daratang ka manusa tea. Mantenna palay uninga kumaha rek dingarananana eta sasatoan teh. Ku jalan kitu kabeh sasatoan teh sina baroga ngaran masing-masing. [20] Seug eta sagala rupa manuk jeung sasatoan teh ku manusa dingaranan. Tapi sahiji ge taya nu pantes geusan jadi batur hirupna. [21] Ti dinya eta manusa ku GUSTI Allah disina sare tibra. Sabot sare, tulang igana dicabut sahiji, ari urutna ditutupan ku daging. [22] Eta tulang iga ti lalaki teh diwangun sina mangrupa awewe, tuluy dibawa ka eta manusa. [23] Seug eta lalaki teh ngucap kieu, ”Tah geuning, ayeuna mah aya anu sabangsa jeung aing. Tulangna asal ti aing, dagingna nya kitu keneh. ’Awewe’ bakal disebutna, sabab asal ti lalaki.” [24] Eta sababna, lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal. 1 Timotius 2:9-15[9] Mun awewe, kudu hade pake, kudu pantes jeung merenah, sing sameujeuhna ulah kaleuleuwihi, buuk tong dimodel-model, pakean tong nu mararahal, awak ulah reuceum ku perhiasan emas atawa mutiara. [10] Anggur dangdanan ku kaampuhan, sakumaha pipanteseunana awewe nu ibadah ka Allah. [11] Awewe mah kudu lungguh andalemi, [12] ka salaki ulah kumawani, ulah marentah atawa mamatahan. [13] Sabab anu dipidamel ku Allah teh Adam heula, kakara Hawa. [14] Tapi anu kawujuk jeung ngarempak larangan Allah teh Hawa, lain Adam. [15] Tapi awewe teh kudu ngajuru sangkan bisa disalametkeun. Kitu ge kudu reujeung pengkuh kana ibadah, boga kanyaah, beresih lampah, basajan pamolah. Amsal 31:1-31[1] Ieu pitutur ti ibuna Raja Lemuel, waktu ngawurukan ka anjeunna. Saurna, [2] ”Anaking, buah ati ibu beunang ibu neda-neda ka PANGERAN! Rek ngomong naon cik, ibu ka hidep teh? [3] Ulah miceunan tanaga ngalajur pangajak birahi, ulah ngawur-ngawur artos ka istri. Geus rea raja anu ragrag ku istri teh. [4] Regepkeun Lemuel, anaking! Raja henteu sae sedep anggur atawa katagihan arak. [5] Sabab ana raja mabok, lali kana hukum, ngalalaworakeun hak rahayat nu walurat. [6] Arak mah ngan keur nu sakarat atawa keur nu katalangsara, [7] sangkan poho kana kamiskinanana, paler kasedihna. [8] Sing bisa jadi wawakil rahayat anu teu mampuh cumarita sorangan. Tangtayungan hak rahayat nu taya daya. [9] Pangnepikeun kapentinganana. Sing jadi hakim nu adil, kersa nangtayungan hak rahayat nu balangsak jeung walurat.” [10] Wanita binangkit keur pibojoeun teh langka, bangga meunangkeunana. Bojo kitu pangajina ngungkulan batu permata. [11] Salakina bisa numplekkeun kapercayaan ka manehna, nu matak salakina babari meunang rejeki. [12] Ka salaki sumujud saumur hirup, moal nganyenyeri. [13] Tara daek reureuh, ngagintir kapas atawa bulu domba, nyieun pakean. [14] Ngadatangkeun rejeki, ibarat kapal sudagar ti tempat jauh. [15] Subuh-subuh geus kerah-kerih, nyadiakeun dahareun keur sakulawarga, bari metakeun badega-badega awewe kana gawe. [16] Ana hayang lahan geuwat bae meuli, tuluy dikebonan dipelakan anggur, binihna beunang meuli ku duit ladang beubeunangan digawena. [17] Digawena rajin, taya kacape nepi ka anggeus. [18] Kana barang bubuatanana bisa ngahargakeunana, dipigawena nepi ka peuting. [19] Papakeanana nyieun sorangan, ti nganteh nepi ka ninunna pisan. [20] Ka nu walurat balabah, ka nu kekere resep mere. [21] Ku usum tiris teu inggis, kawantu baju haneut keur anak jeung salaki geus sadia. [22] Tilam kasur ge nyieunan. Barang pakena tina lawon lenen wungu anu lemes. [23] Salakina jadi kawentar, jadi salah saurang warga kota anu penting. [24] Sajaba ti keur pakeeun, eukeur jualeun ge nyieunan, boh papakean boh angkin. [25] Awakna jagjag waringkas. Dirina kaajen, tur teu salempang ku pikahareupeun. [26] Ngomongna lemah lembut, ucapanana bijaksana. [27] Salilana resep kana digawe, sagala kaperluan kulawargana ditalingakeun. [28] Ku anakna dihormat, ku salakina dipuji. [29] Ceuk salakina, ”Istri hade keur pibojoeun teh rea. Tapi Euis mah pangutamana.” [30] Rupa endah teu jadi andelan, kageulisan bisa leungit, tapi ari istri ajrih ka PANGERAN mah jadi pamujian. [31] Sagala lampah katut pagaweanana wajib dihargaan. Manehna layak dihormat ku sarerea. Sundanese Bible 1991 Indonesian Bible Society