Urang terang, sagala perkara ku Allah diatur sina alus pijadieunana pikeun sakur anu cumantel ka Mantenna, anu ku Mantenna geus disalaur sakumaha tujuan Mantenna.
Kami henteu samar kana sagala pikersaeun ka maraneh. Nya eta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamugaeun ka hareup.
[6] Tong salempang naon-naon. Naon bae pangabutuh, unjukkeun ka Allah saban neneda, suhunkeun bari hate tumarima. [7] Katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate jeung pikiran aranjeun nu geus ngahiji jeung Kristus Yesus.
Yudas anak Yakobus, jeung Yudas Iskariot anu engkena ngahianat.
Mun jalma bener nyambat ka PANGERAN, ku Mantenna tangtu didangu, jeung dijait tina kasusahna.
[28] Na maneh tacan nyaho? Tacan ngadenge? PANGERAN teh Allah nu langgeng, sakubeng jagat Mantenna nu ngajadikeun. Mantenna tara cape tara lungse. Taya pisan anu nyaho kana eusining manah-Na. [29] Sakur nu cape jeung lungse, ku Mantenna disegerkeun. [30] Sanajan nu ngarora ge sok leuleus, barudak remaja sok ngudupruk beak tanaga. [31] Tapi sing saha anu muntang ka PANGERAN sarta nyambat pitulung-Na, tangtu jagjag seger deui, lir galudra mentang jangjang, lumpat moal cape, leumpang moal mopo.
Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan.
Ku naon kaula sakieu nalangsana? Ku naon sakieu sedihna? Kaula neundeun harepan ka Allah, jeung sakali deui rek muji ka Mantenna, jurusalamet jeung Allah kaula.
[23] Ngalampahkeun parentah dunungan kudu enya-enya, lir gawe keur Gusti lain keur jelema. [24] Inget, Gusti kagungan ganjaran keur umat-Na, keur aranjeun. Sabab anu saenyana jadi dunungan aranjeun mah Kristus. [25] Jeung deui anu salah mah saha bae ge bakal nanggung balukarna, sabab Allah mah ngahukumna teh henteu ngabeda-bedakeun jelema.
Mubadir, mubadir, saur Ki Pandita. Hirup teh sihoreng mubadir, saniskarana mubadir.
Mubadir, mubadir, saur Ahli Pikir, kabeh mubadir.
Taya saurang-urang acan jelema anu dipikaseneng ku Allah teu karana kapercayaanana. Sabab saha-saha anu datang ka Allah kudu percaya yen Allah teh aya, kudu percaya yen Allah tangtu ngaganjar ka jelema anu neangan Mantenna.
Kana duit ulah nepi ka kaedanan, tarimakeun milik anu geus aya. Sabab dawuhan Allah, ”Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun.”