Bible Verses On A TopicTopics God Blessing Come As You Are Commandments Curse Financial Blessing Free Will God's Grace God's Love God's Will God's Timing I Will Never Leave You Miracles Names of God Offerings Plans Being Saved Trinity Time Unconditional Love Viruses / Diseases Who God Is Good Character Acceptance Abstinence Accountability Boldness Caring Cleanliness Commitment Confidence Contentment Courage / Brave Compassion Discipline Faith Grateful Hospitality Humble / Humility Honest Honor Integrity Kindness Love Modesty Mercy Patience Sanctification Self-Control Trust Bad Character Anger Betrayal Bullying Bitterness Complaining Conflict Fear Foolish Hypocrite Jealousy Judgmental Lazy Pride Revenge / Vengeance Vanity Violence Sins Abortion Addiction Adultery Apostasy Cursing Divorce Envy Fornication Gluttony Gossip Greed Hate Lust Lying Masturbation Procrastination Theft Life Aging Animals Adoption Birthday Beauty Being Alone Dating Death Depression Disappointment Discernment Exercise Ethics Fasting Finding Love Focus Family Food Guilt Health Happiness Hell Infertility Job Loss Loss Mental Illness Music Marriage Putting God First Pain Parenting Struggle Sex Trials Temptation Verse For Men Verses For Women War Wealth Widows Church Attending Church Birth Of Jesus Church Persecution Deacons False Teachers Going To Heaven Holy Spirit Messiah In The Bible Pastors Praising God Parables From Jesus Pentecost Speaking in Languages Tithing Worship Womens Roles Mysteries Aliens Cancer Destiny Dinosaurs Dragons Dreams Flat / Round Earth Giants in the Bible Last Days / Future Unicorns Angels and Demons Archangels Angels Beelzebub Demons Guardian Angels Lucifer Sorcerer / Magic Math Signs Number 3 Number 5 Number 7 Number 8 Number 10 Additional Alcohol Abundance Abomination Broken Heart Cannibalism Death Penalty Drugs Evil Emotions Halloween Helping the Poor Miscarriage Police Officers Piercings Polygamy Revival Sadness Science Self Defence Slavery Suicide Talent Tattoos Work Math Signs: [Number 8] WAHYU 13:18Ari angkana 666, lambang ngaran hiji manusa. Pikeun ngahartikeun eta angka perlu hikmah. Ku nu encer uteukna mah bisa kateguh.PAMINDO 6:4Kanyahokeun eh urang Israil! Nya PANGERAN, ngan PANGERAN, anu jadi Allah urang teh.IMAMAT 20:13Sing saha anu silih jima jeung papada lalaki, hiji kalakuan anu pikagirukeun, kudu dipaehan duanana. Kudu paraeh ku salahna sorangan.1 KORINTA 6:9-11[9] Sageuy aranjeun tacan tarerang, jelema jahat moal bisa jadi umat Karajaan Allah. Ulah ngabobodo maneh. Jelema anu ingkar tina susila, atawa anu nyembah ka brahala, atawa anu jinah, atawa lalaki sapatemon jeung lalaki deui, [10] atawa anu maling, atawa anu hawek, atawa bangsat — moal jadi umat Karajaan Allah. [11] Bareto sabagian aranjeun aya anu hirupna kitu. Tapi ayeuna aranjeun geus dinyatakeun beresih tina dosa, geus jaradi kagungan Allah, geus diangken bener ku Allah, lantaran percaya ka Gusti Yesus Kristus, jeung ku karana kakawasaan Roh Allah urang. WAHYU 11:2-3[2] Buruan luarna ulah diukur, sabab geus dibikeun ka jalma-jalma lain umat Allah, anu bakal ngaleyek Kota Suci lilana opat puluh dua bulan. [3] Kami rek ngutus saksi kami duaan. Di jero 1.260 poe tea maranehna bakal ngembarkeun amanat Allah bari marake pakean kasungkawaan.” IMAMAT 20:27Sing saha anu menta nasehat ka arwah-arwah jelema nu geus paraeh kudu dibaledogan ku batu nepi ka paeh, sabab kalakuan kitu teh manjing hukum paeh.”PAMINDO 18:10-12[10] Ulah ngaduruk anak dijieun kurban dina altar. Ulah aya bangsa maraneh anu metangan atawa nujum, ngajampe, [11] atawa neangan tanda-tanda galagat, atawa ngumaha ka arwah jelema anu geus paraeh. [12] PANGERAN Allah maraneh mikaijid ka jelema anu kalakuanana sarupa kitu. Eta sababna bangsa-bangsa itu ku Mantenna diusir, disingkahkeun ti hareupeun maraneh. 2 RAJA RAJA 21:6Geus kitu anjeunna ngurbankeun putra pamegetna, dijieun kurban durukan. Seug deui ngajalankeun elmu petangan, elmu sihir, jeung sok menta pituduh ka tukang-tukang manggil arwah. Lampah anjeunna anu pohara dorakana ka PANGERAN teh matak ngentab kana manah-Na.MIKA 5:12Arca-arca jeung pilar-pilar karamat maneh rek ditumpurkeun; maneh moal nyembah deui kana barang-barang buatan maneh sorangan.YESAYA 47:12Pek pake terus tumbal-tumbal jeung jampe-jampe nu dipake ti ngongora teh, pake ngagigila musuh.RASUL 8:11-24[11] Geus lila urang dinya kapangaruhan ku elmu sihirna. [12] Tapi sanggeus ku Pilipus diuaran Injil Kasalametan hal Karajaan Allah jeung hal Yesus Kristus mah tuluy palercayaeun kana wawaran anjeunna, nepi ka dibaraptis awewe lalaki. [13] Simon oge percayaeun, sarta sanggeusna dibaptis teu daekeun jauh ti Pilipus, ngarasa helok ku mujijat-mujijatna. [14] Rasul-rasul di Yerusalem ngadarangu warta yen urang Samaria geus daraekeun narima pangandika Allah, tuluy ngutus Petrus jeung Yohanes. [15] Sasumpingna ka Samaria aranjeunna terus mangnedakeun sakur anu geus palercaya supaya dipaparinan Roh Suci, [16] sabab saurang ge can aya anu nampa Roh Suci, kakara dibaraptis kalawan pajenengan Yesus. [17] Sanggeus ku Petrus jeung Yohanes ditarumpangan panangan, seug bae narampa Roh Suci. [18] Nenjo jelema-jelema anu palercaya narampa Roh Suci ku ditumpangan leungeun, Simon ngahaturanan duit ka Petrus jeung Yohanes, [19] bari piunjukna, ”Abdi oge hoyong gaduh kawasa kitu, supados anu ditumpangan leungeun ku abdi tiasa nampi Roh Suci.” [20] Tapi waler Petrus, ”Laʼnat eta duit teh, kitu deui anjeun, boga sangka kurnia ti Allah bisa dibeuli ku duit! [21] Anjeun teu meunang milu barang gawe jeung kaula, sabab hate anjeun serong ti Allah. [22] Buru-buru tobat, piceun eta pikiran goreng teh. Geura sasambat menta hampura ka Pangeran, lantaran geus boga pikiran anu sakitu nistana. [23] Sabab katilikna ku kaula anjeun teh pinuh ku kasirik, jadi budakna dosa.” [24] Simon ngalengis ka Petrus jeung Yohanes, ”Abdi nyuhunkeun dipangnedakeun ka Pangeran, mugi perkawis anu bieu disaurkeun ku anjeun teh ulah kantos tumiba.” KAJADIAN 1:24-31[24] Sanggeus dipidamel, ku Allah ditilik sarta kamanah. [25] Allah ngandika, ”Ayeuna Urang nyieun manusa, masing nyeples sarimbag jeung Urang. Urang sina murba ka bangsa lauk, ka bangsa manuk jeung ka bangsa sasatoan, boh sato piaraanana, boh sato leuweungna, nu galede, nu laleutik.” [26] Lajeng Allah ngadamel bangsa manusa nyeples Mantenna. Ngadamelna lalaki jeung awewe. [27] Geus kitu diberkahan, timbalana-Na, ”Masing loba anak, turunan maraneh sing nepi ka minuhan ieu bumi sarta murba ka eta. Maneh ku Kami dikawasakeun murba ka bangsa lauk, ka bangsa manuk, kitu deui ka bangsa sasatoan leuweung. [28] Maneh ku Kami geus disadiaan sagala rupa sisikian jeung bubuahan keur dahareun. [29] Ari bangsa sasatoan jeung bangsa manuk ku Kami dibere jujukutan jeung dangdaunan keur hakaneunana.” Nya kitu kajadianana. [30] Sakur anu geus dipidamel-Na tea kabeh ku Allah ditilik sarta pohara kamanah-Na. Peuting kaganti deui ku isuk: Poe nu kagenep. [31] Ku kituna jagat raya jadi lengkep sampurna. 1 KORINTA 6:9Sageuy aranjeun tacan tarerang, jelema jahat moal bisa jadi umat Karajaan Allah. Ulah ngabobodo maneh. Jelema anu ingkar tina susila, atawa anu nyembah ka brahala, atawa anu jinah, atawa lalaki sapatemon jeung lalaki deui,YOHANES 1:8Yohanes ku anjeun lain anu disebut caang tea; anjeunna mah anu mere terang hal eta caang,WAHYU 4:6-8[6] Di hareupeun tahta keneh aya nu siga lautan kaca herang ngalenggang kawas kristal. Eta tahta opat sisina dilingkung ku opat mahluk hirup, anu awakna bagian tukang jeung hareup pinuh ku mata. [7] Bangunna nu kahiji siga singa, nu kadua siga sapi jalu, nu katilu beungeutna siga beungeut jelema, nu kaopat siga manuk rajawali keur ngalayang. [8] Opatanana baroga jangjang genep-genep anu luar jerona katutup ku mata. Beurang peuting eta opat mahluk hirup teh teu eureun-eureun mumuji: ”Suci-suci, suci Gusti Allah Nu Maha Kawasa, nu aya, nu geus aya, nu aya saterusna.” KAJADIAN 3:15Maneh jeung eta awewe baris silih pikaceuceub. Bangsa manusa jeung bangsa oray baris mumusuhan sapapanjangna. Manusa baris ngaremukkeun hulu maneh, ari maneh mo weleh ngarah-ngarah rek macok keuneung manusa.”WAHYU 13:5Eta sato meunang idin ngahina ka Allah, meunang marentah sakarep-karep ka jalma-jalma lilana opat puluh dua bulan.BUDALAN 7:11Sabalikna raja nyaur jelemana anu palinter jeung tukang-tukang sihirna. Seug maranehna oge nyarieun anu sarupa kitu ku sihirna, Sundanese Bible 1991 @LAI 1991