Bible Verses On A TopicTopics God Blessing Come As You Are Commandments Curse Financial Blessing Free Will God's Grace God's Love God's Will God's Timing I Will Never Leave You Miracles Names of God Offerings Plans Being Saved Trinity Time Unconditional Love Viruses / Diseases Who God Is Good Character Acceptance Abstinence Accountability Boldness Caring Cleanliness Commitment Confidence Contentment Courage / Brave Compassion Discipline Faith Grateful Hospitality Humble / Humility Honest Honor Integrity Kindness Love Modesty Mercy Patience Sanctification Self-Control Trust Bad Character Anger Betrayal Bullying Bitterness Complaining Conflict Fear Foolish Hypocrite Jealousy Judgmental Lazy Pride Revenge / Vengeance Vanity Violence Sins Abortion Addiction Adultery Apostasy Cursing Divorce Envy Fornication Gluttony Gossip Greed Hate Lust Lying Masturbation Procrastination Theft Life Aging Animals Adoption Birthday Beauty Being Alone Dating Death Depression Disappointment Discernment Exercise Ethics Fasting Finding Love Focus Family Food Guilt Health Happiness Hell Infertility Job Loss Loss Mental Illness Music Marriage Putting God First Pain Parenting Struggle Sex Trials Temptation Verse For Men Verses For Women War Wealth Widows Church Attending Church Birth Of Jesus Church Persecution Deacons False Teachers Going To Heaven Holy Spirit Messiah In The Bible Pastors Praising God Parables From Jesus Pentecost Speaking in Languages Tithing Worship Womens Roles Mysteries Aliens Cancer Destiny Dinosaurs Dragons Dreams Flat / Round Earth Giants in the Bible Last Days / Future Unicorns Angels and Demons Archangels Angels Beelzebub Demons Guardian Angels Lucifer Sorcerer / Magic Math Signs Number 3 Number 5 Number 7 Number 8 Number 10 Additional Alcohol Abundance Abomination Broken Heart Cannibalism Death Penalty Drugs Evil Emotions Halloween Helping the Poor Miscarriage Police Officers Piercings Polygamy Revival Sadness Science Self Defence Slavery Suicide Talent Tattoos Work Mysteries: [Cancer] 2 KORINTA 4:16-19[16] Nya ieu sababna nu matak sim kuring tara nepi ka leutik hate teh. Sanajan raga badag beuki lila beuki ruksak, ari batin mah unggal-unggal poe oge teu weleh dianyarkeun deui. [17] Kasangsaraan ieu nu henteu pira tur ngan pikeun saheulaanan, bakal jadi jalan geusan ngahontal hirup anu langgeng, anu bagjana tanpa tanding, leuwih ti batan kasangsaraanana. [18] Jadi sim kuring mah neuteup teh museur ka anu teu katembong, lain ka nu katembong. Sabab anu katembong mah umurna moal lila, sabalikna anu teu katembong mah umurna langgeng abadi. [19] Sabab sim kuring geus terang, yen lamun imah urang di dunya, nya eta badan kasar geus ruksak, ku Allah bakal disadiakeun imah di sawarga, damelan Allah ku manten anu sipatna langgeng. JABUR 107:20dicageurkeun ku timbalana-Na, sarta dijait tina liang kubur.YESAYA 40:31Tapi sing saha anu muntang ka PANGERAN sarta nyambat pitulung-Na, tangtu jagjag seger deui, lir galudra mentang jangjang, lumpat moal cape, leumpang moal mopo.PAMINDO 31:6Sing galede hate, sing warani! Ulah sieun ku maranehna, sabab PANGERAN Allah maraneh ku manten anu baris nulungan ka maraneh. Mantenna moal nguciwakeun maraneh, sarta moal nilarkeun.”MATEUS 11:28-29[28] Hiap datang ka Kami, sakur nu maropo jeung nu kalempohan sarta nu ngarasa beurat ku momotan, ku Kami rek direureuhkeun. [29] Turut parentah Kami sarta diajar ka Kami. Kami teh lemah lembut jeung rendah hate, sarta maraneh bakal ngarasa reureuh. JABUR 18:6Kaula geus dirubung ku bahya pati, geus ditaheunan ku kubur.PANDITA 3:1Sagala perkara di dunya aya waktuna. Naon bae anu kajadian di kolong langit boga dawuhna.YERMIA 29:11Kami henteu samar kana sagala pikersaeun ka maraneh. Nya eta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamugaeun ka hareup.YOHANES 14:1-4[1] ”Maraneh ulah salempang,” saur-Na deui. ”Sing percaya ka Allah, sarta sing percaya ka Kami. [2] Di bumi Rama Kami loba kamar, sarta ayeuna Kami rek ka ditu nyadiakeun pitempateun maraneh. Lamun teu kitu ku Kami moal diomongkeun ka maraneh. [3] Sanggeus nyadiakeun pitempateun maraneh, Kami ti ditu tangtu bakal datang deui nyokot maraneh, supaya maraneh oge aya di tempat Kami. [4] Maraneh geus nyaraho jalanna ka tempat anu ku Kami rek diteang.” RUM 8:16-25[16] Roh Allah ku manten jeung roh urang bareng nganyatakeun yen urang teh putra-putra Allah. [17] Ku sabab urang teh putra-putra-Na, urang bakal narima berkah anu ku Mantenna disayagikeun pikeun umat-Na. Sarta sakumaha Kristus, urang oge bakal narima anu ku Allah geus disayagikeun pikeun Kristus. Sabab lamun urang geus milu kana sangsara Kristus, tangtu oge bakal milu dimulyakeun jeung Anjeunna. [18] Dina kayakinan sim kuring, kasangsaraan anu kasorang ku urang ayeuna, lamun dibandingkeun jeung sagala kamulyaan anu bakal diebrehkeun ka urang mah taya pisan hartina. [19] Saalam dunya kacida ngarep-ngarepna kana wancina Allah ngebrehkeun kamulyaan putra-putra-Na. [20] Sabab dunya jadi ruksak teh lain kahayangna sorangan, tapi geus kitu kersana Allah. Najan kitu aya keneh anu jadi pangharepan, nya eta: [21] Hiji waktu dunya teh bakal dileupaskeun tina genggeman anu ngaruksakna, bakal nampa kamerdekaan anu agung babarengan jeung putra-putra Allah. [22] Urang terang, nepi ka wanci ieu saalam dunya humarurung ku kanyeri lir nyerina awewe nu ngajuru. [23] Anu humarurung kitu teh lain dunya bae, urang oge, anu geus nampa Roh Allah (kurnia Allah anu katampa pangheulana), humaregung sajeroning batin, ngarep-ngarep sangkan diri urang sakujur gancang-gancang dibebaskeun ku Allah sarta dijadikeun putra-putra-Na. [24] Sabab pang urang bisa disalametkeun teh ku lantaran nyekel pangharepan. Tapi lamun anu diarep-arep geus breh mah, lain ge pangharepan deui. Da saha atuh anu ngarep-ngarep keneh anu geus breh? [25] Urang henteu weleh ngarep-ngarep lantaran anu diarep-arep tacan breh. 1 PETRUS 1:3Puji jeung sukur kasanggakeun ka Allah, Ramana Gusti urang Yesus Kristus! Allah teh ku bawaning mikawelas geus midamel urang jadi manusa anu anyar dina hirup anu anyar, anu geus boga hiji pangharepan anu moal pareum-pareum, ku jalan Mantenna ngahirupkeun deui Yesus Kristus tina pupus-Na.2 KORINTA 1:3-6[3] Puji kasanggakeun ka Allah, Ramana Gusti urang Yesus Kristus, Rama anu maha welas, sarta anu maparin kategeran hate ka manusa. [4] Dina kasusahan anu kumaha bae oge batin sim kuring ku Allah disina teger, sarta ku sabab ditegerkeun ku Mantenna, sim kuring oge bisa negerkeun ka batur anu eukeur nandang kasusah. [5] Ku lantaran sim kuring sering nandang kasangsaraan anu karandapan ku Kristus, nya ku karana Kristus oge batin sim kuring kacida ditegerkeunana ku Allah. [6] Upama sim kuring nyandang sangsara, eta teh pikeun aranjeun, pikeun pijamugaeun aranjeun; saupama sim kuring meunang pitulung, aranjeun oge jadi katulungan, bisa sabar jeung kuat nandangan sangsara saperti anu kasorang ku sim kuring. Sundanese Bible 1991 @LAI 1991