Bible Verses On A Topic

Topics
God
Good Character
Bad Character
Sins
Life
Church
Mysteries
Angels and Demons
Math Signs
Additional
Sins: [Abortion]
Ngahaja Allah milih anu ku dunya dianggap bodo, pikeun ngera-ngera anu palinter. Ngahaja milih anu ku dunya dianggap lemah, pikeun ngera-ngera anu garagah perkasa.
Kolot teu meunang dipaehan ku lantaran kajahatan anakna. Kitu deui anak teu meunang dipaehan ku karana kajahatan kolot. Jalma kudu dipaehan teh ngan ku karana kajahatanana sorangan.
Ayeuna Bapa menta disaksian ku langit jeung bumi, mana anu rek dipilih ku maraneh ti PANGERAN, berkah-Na atawa panyapa-Na, rek milih hirup atawa rek milih paeh. Pilih anu pijamugaeun!
Tapi sihoreng ti samemeh dijurukeun oge sim kuring ku Allah nu sipat murah geus ditangtukeun kudu ngabdi ka Mantenna. Sanggeus ditangtukeun kitu,
Najan kitu Kami teh Allah anu daek ngahampura dosa-dosa maraneh, sabab kitu sipat Kami. Dosa maraneh ku Kami moal diinget-inget.
”Kami PANGERAN, jurusalamet maraneh. Nya Kami anu ngajadikeun maraneh. Kami teh PANGERAN, nu nyiptakeun saniskara. Nya Kami anu ngabeberkeun cakrawala. Kami ngajadikeun bumi teu dibantu ku sasaha.
anu dipasihkeun ka urang, sakitu jembarna! Kalawan bijaksana sarta pinuh ku ma’lum,
Timbalan PANGERAN ka anjeunna, ”Saha anu maparin letah ka manusa? Saha anu ngersakeun manusa torek atawa pireu? Saha anu ngersakeun manusa boga panenjo atawa merem? Nya Kami, PANGERAN.
Nanging nun PANGERAN, Gusti teh rama abdi sadaya. Abdi-abdi teh dadamelan Gusti, sapertos taneuh lempung ku panjunan.
”Maneh, ti memeh ku Kami dihirupkeun, ku Kami geus kapilih, geus ditangtukeun ti memeh dijurukeun keur pinabieun bangsa-bangsa.”
Embarkeun yen PANGERAN teh Allah. Mantenna geus ngadamel diri urang, urang teh kagungana-Na, urang umat-Na, domba-domba Mantenna.
Anak teh kurnia ti PANGERAN, eta teh ganjaran sajati.
[6] Sanggeus aya di Betlehem, Mariam teh nepi kana waktuna rek babar, [7] seug bae babar, nyikalan. Putrana pameget, tuluy dibedong ku lalamakan, sarta diebogkeun dina pamakanan, wadah parab domba. Nu matak nepi ka kitu lantaran di losmen teu kabagian tempat.
[3] Malah ti memeh dunya gumelar, urang geus dipilih baris dijadikeun milik kagungan Mantenna ku disatunggalkeun jeung Kristus, supaya suci jeung mulus di payuneuna-Na. Ku karana asih-Na, [4] Allah geus nangtukeun yen urang baris diangkat jadi putra-putra-Na, ku jalan Yesus Kristus. Kitu pangersa jeung tujuan Mantenna.
[19] Aranjeun kudu tarerang, raga aranjeun teh tempat tinggalna Roh Suci, Roh paparin ti Allah, dilinggihkeun di jero diri aranjeun. Diri aranjeun lain boga aranjeun, tapi kagungan Allah. [20] Aranjeun teh ku Allah geus digaleuh, dibayarna lunas, anu matak raga aranjeun kudu dipake ngamulyakeun Allah.
[9] Ari pariuk atawa barang gagarabah lianna, wanieun ngalawan ka nu nyieunna? Ari taneuh liket sok nanyakeun ka panjunan rek dijieun naon? Ari pariuk sok nyawad ka nu nyieunna, nyebutkeun yen nu nyieunna euweuh kabisa? [10] Naha aya anu wani ngomong ka kolotna, ”Ku naon kuring dijieun kieu?” [11] PANGERAN, Allah Israil nu suci, nu iasa ngadamel mangsa pikahareupeun, nimbalan, ”Maneh taya kawasa nanyakeun ka Kami perkara putra-putra Kami, jeung taya hak nuduhkeun pidameleun Kami.
[22] Sabalikna lamun awewena nepi ka kumaonam, anu kalepasan neunggeul teh katempuhan: Nyawa bayar nyawa, [23] mata bayar mata, huntu bayar huntu, leungeun bayar leungeun, suku bayar suku, [24] tutung bayar tutung, bohak bayar bohak, benjut bayar benjut. [25] Lamun dunungan neunggeul kana panon badega anu lalaki atawa anu awewe, nepi ka panonna teu bisa dipake, badegana kudu dimerdikakeun, gaganti panonna.
[13] Gusti nu nyipta saban babagian raga abdi, Gusti nu merenahkeun, anu ngawangunna dina kandungan pun biang. [14] Abdi muji sukur ka Gusti, Gusti estu luar biasa sugri damel Gusti ajaib, pikahelokeun; eta abdi terang pisan. [15] Waktos tulang-tulang abdi dirakit, ati-ati diteundeun di jero kandungan pun biang, waktos abdi kalayan rasiah tumuwuh di dinya, Gusti uninga yen abdi aya di dinya. [16] Memeh abdi lahir ku Gusti parantos katingali. Poe-poe pikeun abdi parantos diserat dina kitab Gusti, samemeh eta poe-poe ngawitan.
[41] Barang Elisabet ngadangu salamna Mariam, bayi di jero kandunganana ngulisik. Elisabet dilebetan ku Roh Suci, [42] terus nyaur tarik, ”Nya Nyai anu pangdiberkahanana ti sadaya istri. Mugia wilujeng putra nu baris medal ti Nyai. [43] Karah naon ieu Ibu dugi ka kenging nugraha disumpingan ku Ibuna Gusti sembaheun Ibu? [44] Barang Nyai uluk salam, jabang bayi di jero kandungan Ibu dugi ka ajrug-ajrugan atoheun.
[1] Ti dinya Allah nimbalan, kieu timbalana-Na, [2] ”Kami teh PANGERAN Allah maraneh, anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir tempat maraneh dibudakkeun. [3] Ulah ngabakti ka aallahan salian ti ka Kami. [4] Ulah nyieun titironan saniskara anu aya di langit, atawa di bumi, atawa di cai sahandapeun bumi. [5] Poma ulah nyembah atawa ngabakti ka brahala. Sabab ieu Kami, PANGERAN Allah maraneh. Kami moal aya hampura ka sakur anu ngalawan. Kami bakal nyiksa ka sakur anu mikagiruk ka Kami, kitu deui ka turunanana, nepi ka turunan katilu jeung kaopat. [6] Sabalikna bakal mikaasih ka rebuan turunan, ka sakur anu mikanyaah ka Kami sarta ngestokeun hukum-hukum Kami. [7] Ulah nyebut jenengan Kami geusan teu puguh, sabab Kami, PANGERAN Allah maraneh, moal henteu nyiksa ka sakur anu nyumahkeun jenengan Kami. [8] Masing gumati kana poe Sabat, kudu disucikeun salalawasna. [9] Aya genep poe pikeun maraneh barang gawe, [10] ari poe nu katujuh eta teh poe reureuh, poe kagungan Kami. Dina poe eta ulah aya anu digawe, boh maraneh, boh anak, boh badega, boh sato, nya kitu keneh jalma asing anu ngadon hirup di nagri maraneh. [11] Di jero genep poe Kami PANGERAN ngadamel bumi, langit, laut, jeung saniskara eusina. Dina poe nu katujuh Kami reureuh. Ku sabab kitu poe Sabat diberkahan jeung disucikeun ku Kami, PANGERAN. [12] Masing hormat ka bapa jeung ka indung, supaya awet nya hirup di tanah anu rek dipaparinkeun ku Kami. [13] Ulah maehan.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991