Bible Verses On A TopicTopics God Blessing Come As You Are Commandments Curse Financial Blessing Free Will God's Grace God's Love God's Will God's Timing I Will Never Leave You Miracles Names of God Offerings Plans Being Saved Trinity Time Unconditional Love Viruses / Diseases Who God Is Good Character Acceptance Abstinence Accountability Boldness Caring Cleanliness Commitment Confidence Contentment Courage / Brave Compassion Discipline Faith Grateful Hospitality Humble / Humility Honest Honor Integrity Kindness Love Modesty Mercy Patience Sanctification Self-Control Trust Bad Character Anger Betrayal Bullying Bitterness Complaining Conflict Fear Foolish Hypocrite Jealousy Judgmental Lazy Pride Revenge / Vengeance Vanity Violence Sins Abortion Addiction Adultery Apostasy Cursing Divorce Envy Fornication Gluttony Gossip Greed Hate Lust Lying Masturbation Procrastination Theft Life Aging Animals Adoption Birthday Beauty Being Alone Dating Death Depression Disappointment Discernment Exercise Ethics Fasting Finding Love Focus Family Food Guilt Health Happiness Hell Infertility Job Loss Loss Mental Illness Music Marriage Putting God First Pain Parenting Struggle Sex Trials Temptation Verse For Men Verses For Women War Wealth Widows Church Attending Church Birth Of Jesus Church Persecution Deacons False Teachers Going To Heaven Holy Spirit Messiah In The Bible Pastors Praising God Parables From Jesus Pentecost Speaking in Languages Tithing Worship Womens Roles Mysteries Aliens Cancer Destiny Dinosaurs Dragons Dreams Flat / Round Earth Giants in the Bible Last Days / Future Unicorns Angels and Demons Archangels Angels Beelzebub Demons Guardian Angels Lucifer Sorcerer / Magic Math Signs Number 3 Number 5 Number 7 Number 8 Number 10 Additional Alcohol Abundance Abomination Broken Heart Cannibalism Death Penalty Drugs Evil Emotions Halloween Helping the Poor Miscarriage Police Officers Piercings Polygamy Revival Sadness Science Self Defence Slavery Suicide Talent Tattoos Work Sins: [Addiction] 1 KORINTA 10:13-14[13] Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna. [14] Ku sabab kitu dulur-dulur, omat ulah nyarembah ka brahala. 1 YOHANES 2:16Naon-naon anu aya di dunya, anu jadi panyileukan jelema dosa, anu narik ati jeung kahayang jelema, jeung saniskara bae anu aya di ieu dunya anu diugung-ugung ku jelema, sarupa ge taya anu asalna ti Rama, asal ti dunya keneh.1 KORINTA 15:33Aranjeun ulah kabobodo. Sabab, ”Pergaulan goreng ngaruksak sipat nu hade.”YAKOBUS 4:7Ku sabab kitu masing sumerah ka Allah. Iblis kudu dilawan, tangtu kabur ti aranjeun.1 KORINTA 6:12Aya anu ngomong, ”Kuring rek kitu rek kieu ge meunang.” Memang, tapi henteu kabeh anu dimeunangkeun aya mangpaʼatna. Sim kuring oge bisa ngomong kitu, rek kitu rek kieu meunang, tapi sim kuring mah embung dibudakkeun ku naon oge.1 PETRUS 5:10Lamun sangsara geus liwat, da moal lila, Allah nu kagungan saniskara sih kurnia, anu geus nyaur aranjeun sangkan milu kana kamulyaana-Na ku jalan satunggal jeung Kristus, bakal nyampurnakeun, nguatkeun jeung mageuhkeun kaayaan aranjeun.JABUR 50:15Upama meunang rerepit, sambat Kami, tan wande dijait sangkan maneh muji sukur ka Kami.”RUM 5:3-5[3] Hirup sangsara oge hate tetep senang, dumeh terang yen eta kasangsaraan teh bisa ngalantarankeun urang jadi sabar, [4] sarta eta kasabaran ngajadikeun urang tahan uji, ari anu tahan uji boga pangharepan. [5] Eta pangharepan moal matak kaduhung, sabab hate urang geus dieusian ku rasa asih Allah, nya eta Roh Suci, kurnia Allah ka urang. 1 KORINTA 6:9-11[9] Sageuy aranjeun tacan tarerang, jelema jahat moal bisa jadi umat Karajaan Allah. Ulah ngabobodo maneh. Jelema anu ingkar tina susila, atawa anu nyembah ka brahala, atawa anu jinah, atawa lalaki sapatemon jeung lalaki deui, [10] atawa anu maling, atawa anu hawek, atawa bangsat — moal jadi umat Karajaan Allah. [11] Bareto sabagian aranjeun aya anu hirupna kitu. Tapi ayeuna aranjeun geus dinyatakeun beresih tina dosa, geus jaradi kagungan Allah, geus diangken bener ku Allah, lantaran percaya ka Gusti Yesus Kristus, jeung ku karana kakawasaan Roh Allah urang. TITUS 2:12Eta nugraha Mantenna teh ngadidik sangkan urang miceun kabiasaan anu doraka jeung napsu kadunyaan, malar hirup di alam dunya teh bisa ngadalian diri, jujur, ibadah,YAKOBUS 1:2-3[2] Dulur-dulur, upama aranjeun meunang rupa-rupa gogoda, anggap eta saperti meunang rahmat bae, [3] sabab aranjeun tarerang, yen lamun aranjeun tetep palercaya ka Gusti dina sajeroning nandangan cocoba, aranjeun bakal leuwih tabah sarta mantep dina iman. IBRANI 4:15-16[15] Imam Agung urang teh lain imam anu tara ngaraskeun kahengkeran-kahengkeran urang. Sabalikna malah, lantaran Anjeunna ge geus nyorang nandangan sagala dodoja cara urang, ngan ari Anjeunna mah teu kagungan dosa. [16] Ku sabab eta hayu urang ngadeuheus bari reugreug hate ka Allah anu sipat kurnia. Mantenna tangtu mikawelas jeung maparin rahmat pitulung samangsa urang perlu ku pitulung Mantenna. YOHANES 3:16-17[16] Karana kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng. [17] Sabab Allah ngutus Putra-Na ka alam dunya teh lain pikeun ngahukum alam dunya, tapi pikeun nyalametkeun. PILIPI 4:13Kaayaan nu kumaha bae kuat nandanganana, lantaran dikuatkeun ku kakawasaan Kristus.JABUR 95:8”Ulah warangkelang cara karuhun maraneh di Meriba, jaman maranehna araya di gurun keusik di Masa.MATEUS 6:13Mugi abdi ulah diterapan cocoba anu abot, sawangsulna mugi di salametkeun ti panggoda Iblis. [Wirehi nya Ama nu jumeneng Raja, kawasa sareng mulya, salalanggengna. Amin.]ʼMATEUS 26:41Kudu nyaring, kudu neneda, supaya ulah keuna ku panggoda. Maraneh ari jiwa mah sumanget, tapi badan lahir hengker.” Sundanese Bible 1991 @LAI 1991