Bible Verses On A TopicTopics God Blessing Come As You Are Commandments Curse Financial Blessing Free Will God's Grace God's Love God's Will God's Timing I Will Never Leave You Miracles Names of God Offerings Plans Being Saved Trinity Time Unconditional Love Viruses / Diseases Who God Is Good Character Acceptance Abstinence Accountability Boldness Caring Cleanliness Commitment Confidence Contentment Courage / Brave Compassion Discipline Faith Grateful Hospitality Humble / Humility Honest Honor Integrity Kindness Love Modesty Mercy Patience Sanctification Self-Control Trust Bad Character Anger Betrayal Bullying Bitterness Complaining Conflict Fear Foolish Hypocrite Jealousy Judgmental Lazy Pride Revenge / Vengeance Vanity Violence Sins Abortion Addiction Adultery Apostasy Cursing Divorce Envy Fornication Gluttony Gossip Greed Hate Lust Lying Masturbation Procrastination Theft Life Aging Animals Adoption Birthday Beauty Being Alone Dating Death Depression Disappointment Discernment Exercise Ethics Fasting Finding Love Focus Family Food Guilt Health Happiness Hell Infertility Job Loss Loss Mental Illness Music Marriage Putting God First Pain Parenting Struggle Sex Trials Temptation Verse For Men Verses For Women War Wealth Widows Church Attending Church Birth Of Jesus Church Persecution Deacons False Teachers Going To Heaven Holy Spirit Messiah In The Bible Pastors Praising God Parables From Jesus Pentecost Speaking in Languages Tithing Worship Womens Roles Mysteries Aliens Cancer Destiny Dinosaurs Dragons Dreams Flat / Round Earth Giants in the Bible Last Days / Future Unicorns Angels and Demons Archangels Angels Beelzebub Demons Guardian Angels Lucifer Sorcerer / Magic Math Signs Number 3 Number 5 Number 7 Number 8 Number 10 Additional Alcohol Abundance Abomination Broken Heart Cannibalism Death Penalty Drugs Evil Emotions Halloween Helping the Poor Miscarriage Police Officers Piercings Polygamy Revival Sadness Science Self Defence Slavery Suicide Talent Tattoos Work Sins: [Masturbation] 1 KORINTA 9:27Awak kudu dipolah, dilatih, disayagakeun, kudu geus apal kumaha molahkeunana; ulah hanas ka batur ngajak, tapi bari sorangan teu kapake lantaran teu nyumponan sarat.1 KORINTA 10:13Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna.1 YOHANES 2:16Naon-naon anu aya di dunya, anu jadi panyileukan jelema dosa, anu narik ati jeung kahayang jelema, jeung saniskara bae anu aya di ieu dunya anu diugung-ugung ku jelema, sarupa ge taya anu asalna ti Rama, asal ti dunya keneh.1 PETRUS 2:11Dulur-dulur! Kaula rek mepelingan. Aranjeun di dunya teh ibarat anu ngumbara! Ulah nurutkeun pangajak napsu, anu salawasna ngalawan kana budi rasa.1 KORINTA 6:18Pahing lacur! Dosa-dosa sejen anu dipigawe ku jelema, dosana ka nu aya di luareun ragana sorangan. Tapi dosa tina lacur mah dosa ka ragana sorangan.2 TIMOTEUS 2:22Hidep ulah nurutkeun perbawa kangoraan. Hirup teh pake ibadah, percaya ka Allah, nyaahan, tiis pikiran, barengan dulur-dulur nu aralus hate, anu ngarepna pitulung ka Gusti.GALATA 5:16Anu dipimaksud ku sim kuring teh nya eta, sing narurut kana panuyun Roh Allah, ulah nurut kana kahayang napsu.RUM 8:6Pikiran anu dipurba ku tabeat sorangan nungtun kana maot; pikiran anu ditungtun ku Roh Allah nungtun kana hirup jeung kanugrahaan.RUM 13:14Cekel pakarang ti Gusti Yesus Kristus, ulah ngumbar pidosaeun ngalajur napsu.YAKOBUS 1:13-14[13] Jalma beunang kagoda teh lantaran kapincut ku napsuna sorangan. [14] Hawa napsu anu dijujur ngabalukarkeun dosa; lamun dosa geus meujeuhna gedena, bakal ngabalukarkeun maot. GALATA 5:19-21[19] Napsu badan ngajakna kana rucah, aeb, teu uni, [20] muja brahala, sihir, ngamusuh, gelut, dengki, ngumbar amarah, mentingkeun sorangan, papecah, [21] sirik-pidik, beuki kana mabok, ria-ria, jeung salian ti eta. Sim kuring rek ngingetan deui cara nu enggeus-enggeus yen anu kalakuanana kitu moal meunang tempat di Karajaan Allah. 1 KORINTA 7:3-5[3] Salaki kudu nyumponan kawajiban ka pamajikan, pamajikan kudu nyumponan kawajiban ka salaki, duanana kudu silih sugemakeun. [4] Pamajikan taya hakna ka dirina, dirina hak salakina. Salaki ge taya hakna ka dirina, dirina hak pamajikanana. [5] Sare ulah papisah, kajaba sawaktu-waktu upama arek tapakur, tapi masing-masing kudu satuju heula. Sanggeusna mah kudu raket reujeung deui, netepan kawajiban laki rabi, supaya henteu kagoda ku Iblis ku lantaran henteu kuat ngabendung napsu. 1 TESALONIKA 4:3-5[3] Aranjeun ku Allah diperih kudu hirup suci. Kade, lamun sapatemon ulah ingkar tina susila. [4] Salaki, ari ngagaulan pamajikan kudu suci pikiran make tatakrama anu pantes, [5] ulah make polah anu cabul cara jelema anu can nyaho ka Allah. MATEUS 5:27-30[27] ”Maraneh geus ngadenge yen aya timbalan kieu: ʼUlah ngaranyed.ʼ [28] Ayeuna ceuk Kami, lalaki anu melong ka awewe bawaning ku bogoh, hatena geus ngaranyed. [29] Nu matak lamun panon katuhu pidosaeun, cokel, piceun! Mending lapur panon hiji tinimbang sakujur awak dipiceun ka naraka. [30] Lamun leungeun katuhu pidosaeun, teukteuk, piceun! Mending lapur leungeun hiji tinimbang awak sakujur nyemplung ka naraka.” Sundanese Bible 1991 @LAI 1991