Bible Verses On A Topic

Topics
God
Good Character
Bad Character
Sins
Life
Church
Mysteries
Angels and Demons
Math Signs
Additional
Sins: [Procrastination]
Tapi sagala prakprakanana kudu sing rapih, sing beres entep-entepanana.
Naon anu dipigawe, pigawe enya-enya, da ari geus paeh mah moal bisa obah-obah acan, moal bisa mikir, moal aya kanyaho, moal pinter. Pasti kasorang eta teh engke.
Lamun arek pepelakan ngadadago heula angin jeung musim bae mah atuh rek iraha bisa cebna, panen-panen pimanaeun.
Jadi ulah bosen-bosen nyieun kahadean, supaya dina waktuna ngala, upama urang teu eleh ku kabosen, kabeh hasilna tangtu kaala.
Memang keur dipeperih mah asa nalangsa, boro-boro bungah. Tapi sanggeusna, lamun urang tawekal nandanganana, tangtu karasa bagja jeung jamugana.
Tapi Kristus mah ngajalankeun kurbanna ngan sakali, kurban pamupus dosa, kurbanna laku pikeun salalawasna. Sanggeus ngajalankeun kurban Anjeunna linggih di tengeneun Allah,
Ku sabab kitu, saha-saha anu nyaho ka nu hade, anu wajib dilampahkeun tapi henteu dilampahkeun, eta teh dosa.
Meungpeung beurang keneh urang kudu ngalampahkeun gawe ti Mantenna, anu ngutus Kami. Ti peuting mah moal aya nu bisa baranggawe.
”Sing caringcing pikeun nyanghareupan sagala hal, sing saged barangpake pikeun digawe, jeung lampu kudu terus hurung, lir upama gandek nu keur nungguan dunungan mulang ti nu hajat kawinan. Sangkan ari dunungan datang keketrok, bisa buru-buru dipangmukakeun panto.
Petrus unjukan, ”Gusti, ieu piwulang teh keur abdi-abdi bae atanapi keur sadayana?”
Upayakeun heula diri tunduk kana parentah jeung pangersa Allah. Sagala kaperluan maraneh mah tangtu ku Mantenna dipaparin.
Kaayaan nu kumaha bae kuat nandanganana, lantaran dikuatkeun ku kakawasaan Kristus.
Nu kedul baris muluntu. Anu getol mah pibeunghareun.
[24] Wekel digawe matak boga kawasa. Nu kedul mah paling-paling jadi badega. [25] Ku kasusah mah jalma teh leungit kabagjaanana, tapi ku pangbeberah mah kasusahna paler.
Pangedulan sanajan loba kahayang ge moal laksana, sabalikna nu getol, sagala kahayangna tangtu kahontal.
Mun hayang nyapek kudu ngoprek, da ari ngobrol bae mah pimalarateun.
Jalma kedul sarua gorengna jeung jelema nu ngaruksak.
Lamun patani dina usum nyawah kedul ngawuluku, tangtu moal boga pibuateun.
Resep mewah, beuki mabok, dahar royal bae, matak moal beunghar-beunghar.
Ulah sok agul ku poe isuk, da moal nyaho ka nu baris kajadian isukan teh.
[20] Ku sabab anu dilampahkeun teh lain anu panuju jeung hate, ieu nandakeun yen anu ngalampahkeunana teh lain sim kuring, tapi dosa anu ngancik dina diri. [21] Jadi kacindekan sim kuring, dina hal ieu anu jadi bibit pangaruhna nya hukum tea: ana sim kuring hayang migawe anu hade, ari anu timbul dina hate ngan anu goreng.
[15] Ku sabab eta hirup teh kudu make temah wadi. Ulah cara anu burung, kudu cara anu pinter. [16] Saban aya kasempetan gunakeun sing hade-hade, sabab ayeuna teh jaman goreng. [17] Nu matak ulah bodo, sing awas kana pangersa Gusti.
[59] Ari ka nu saurang deui kieu lahir-Na, ”Tuturkeun kami.” Tapi ngajawabna teh, ”Nyuhunkeun permios heula bade ngaruang pun bapa.” [60] Saur Yesus, ”Keun nu maot mah sina nguburkeun nu maotna sorangan, ari maneh kudu ngawartakeun Karajaan Allah anu bakal ngadeg di ieu dunya.” [61] Aya deui saurang, mihatur kieu, ”Abdi sumeja ngiring, Juragan! Mung bade pamitan heula ka kulawargi.” [62] Saur Yesus ka manehna, ”Lamun geus prak ngawuluku masih sumoreang mah teu pantes jadi warga Karajaan Allah.”
[30] Pareng kami ngaliwat ka hiji lahan anggur bogana jelema kedul. [31] Mani pinuh ku ruyuk cucuk jeung daun eurih, pagerna pasolengkrah. [32] Seug ku kami kapikir, nya ieu pituahna. Kieu: [33] Pek kekedengan, pek sare, pek nangkeup tuur ngaso sakeudeung. [34] Sabot kitu, gurudag kamalaratan narajang. Lir rampog mawa pakarang.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991