atawa anu maling, atawa anu hawek, atawa bangsat — moal jadi umat Karajaan Allah.
Sabab beuki kana duit teh sumberna sagala kajahatan. Aya anu ku moho-mohona kana duit nepi ka pecat iman, hatena ajur ku rupa-rupa aral.
Anu geus biasa maling ulah maling deui, anggur singkil digawe nyiar napkah anu jujur, keur sorangan tur bisa dipake nulung ka batur anu eukeur kakurangan.
Ulah maling.
Lamun aya dua jelema hoghag parebut banda, silih aku yen eta banda teh anuna, naha sapi, naha kalde, domba, pakean, atawa naon bae, duanana kudu dibawa ka tempat ngabakti. Mana-mana anu ku Allah disalahkeun kudu ngaganti dua kalieun ka nu saurang deui.
Maranehna gampang jangji, tapi gampang cidra. Ngabarohong, maraehan, maraling, jararinah. Kajahatan nerekab, jeung rajapati pasusul-susul.
Bangsat datangna ngan arek maling, ngarogahala, jeung ngabinasa. Ari Kami mah malar supaya umat harirup sarta carukup.
[11] Ulah maling, ulah nipu, ulah cidra. [12] Ulah jangji nyebut jenengan Kami ari baris jalir mah, sabab nganistakeun jenengan Kami. Kami teh PANGERAN Allah maraneh. [13] Ulah miboga atawa ngarampas barang batur. Ulah nunda kulian jelema anu buburuh, ulah dipeutingkeun nepi ka isukna.
Sakeus unjukan ka Yesus, nangtung ajeg, ”Juragan, harta banda abdi satengahna bade dihajatkeun ka nu mariskin. Sareng upami harta abdi aya anu kenging nipu, bade dipulangkeun opat kalieun.”
Hidep tangtu nyaho parentah-parentah anu kieu: Ulah maehan; ulah ngaranyed; ulah maling; ulah jadi saksi bohong; ulah nipu; sing hormat ka indung bapa.”
”Parentah anu mana?” carekna deui. Waler Yesus, ”Ulah maehan, ulah ngaranyed, ulah maling, ulah jadi saksi palsu,
Harta banda beunang teu jujur, moal aya berekahna. Ari jujur mah matak rahayu.
PANGERAN ngewa ka tukang bohong, sabalikna misuka ka nu nedunan jangjina.
Barang beunang teu jujur, mimiti mah karasana lir kadaharan anu pohara ngeunahna, tapi lila-lila mah asa neureuy keusik.
Kabeh manusa lir sarenghap napas, menakna, cacahna, sarua taya ajenna. Mun ditimbang, ngoleang taya bobotna, leuwih hampang manan ambekan sarenghap.
Jadi, bayar sakur anu kudu dibayar ka pamarentah, boh pajeg lamun kudu mayar pajeg, boh cuke lamun kudu mayar cuke. Hargaan pamarentah, ajenan.
Parentah-parentah anu ungelna, ”Maneh ulah jinah, ulah maehan, ulah maling, ulah bogoh ka barang batur,” kitu deui parentah-parentah sejen salengkepna, diringkeskeun jadi hiji parentah anu ungelna, ”Maneh kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan.”
[2] Jelema anu boga dosa ka PANGERAN lantaran miboga barang baturna papada urang Israil, boh beunang manggih boh beunang maling atawa beunang nipu, atawa ngangles nepi ka susumpahan majar teu manggihan eta barang, eta jelema kudu dipangnyieunkeun kurban. [3] Anu boga dosa saperti kieu, barang naon bae anu dipibogana ku jalan teu jujur tea kudu dibayar. Lamun dosana geus kabitur, barang tea kudu dibayar sahargana ka nu boga hakna, ditambah uang dengda saperlimana tina harga barang papanggihanana. [4] Tuluy kudu nyerenkeun domba atawa embe jalu anu mulus ka imam, sina dikurbankeun ka PANGERAN. Satona kudu ditaksir heula pihargaeunana nurutkeun patokan Kemah PANGERAN.
[1] ”Jelema anu maling sapi atawa domba heug dipeuncit atawa dijual, kudu ngagantian, sapi hiji gantina lima, domba hiji gantina opat. [2] Pasti nu maling mah kudu ngagantian barang anu dipalingna. Lamun jinisna taya kaboga, dirina kudu dijual jadi badega, keur mayar nu dipalingna. Lamun sato anu dipalingna kapanggih aya keneh di manehna, boh sapi boh kalde atawa domba tur hirup keneh, kudu ngagantianana teh dua kana hiji. Bangsat anu kacerek keur ngabobok imah ti peuting terus dipaehan, anu maehanana teu kaasup maehan. Tapi lamun kajadianana ti beurang, anu maehanana manjing hukum maehan. [3] Lamun aya sapi diabur asup ka kebon batur, upamana ka lahan anggur, terus ngaranjah pepelakanana, dunungan eta sato kudu ngaganti ku hasil tina lahanna sorangan, atawa tina hasil kebon anggurna. [4] Lamun aya jelema ngadurukan dina lahanna heug seuneuna ngarambat kana jukut anu aya di kebon batur, nepi ka ngahuru pelak gandumna anu keur jadi, atawa ngahuru tumpukan gandumna beunang mibuatan, anu ngadurukanana kudu ngaganti anu ruksak ku seuneu tea.