Bible Verses On A Topic

Topics
God
Good Character
Bad Character
Sins
Life
Church
Mysteries
Angels and Demons
Math Signs
Additional
Sins: [Fornication]
Saenyana sim kuring meunang laporan yen di aranjeun aya anu boga kalakuan kabina-bina aebna, urang kapir oge moal kitu-kitu teuing, jinah jeung indung tere!
Aya anu ngomong, ”Dahareun keur eusi beuteung, beuteung eusianeun dahareun.” Bener, tapi duanana ku Allah bakal dieuweuhkeun. Raga lain pikeun sapatemon anu ingkar tina susila, tapi pikeun ngalalayanan Gusti, Gusti anu miara raga urang.
Tapi ku sabab loba gogoda, leuwih hade kawin, boga pamajikan sorangan, awewe boga salaki sorangan.
Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna.
Sabalikna lamun ngakukeun dosa ka Allah, urang bakal dipaparin bukti tina hal jangji-Na, nya eta dihampura dosa, jeung disucikeun tina sagala lampah urang anu salah.
Ku sabab kitu aranjeun kudu maehkeun kahayang-kahayang jasmani anu datang ngarobeda, kayaning lacur, nyieun kaaeban, ngumbar birahi, kahayang-kahayang jahat, jeung sarakah (sabab sarakah teh sarua jeung nyembah brahala).
Ku sabab aranjeun teh umat Allah, geus tangtu bae kalakuan anu cabul, atawa anu aeb, atawa sarakah, teu pantes aya di aranjeun, kecapna ge ulah disebut-sebut acan.
Ajenan perkawinan, laki rabi sing pada-pada satia. Anu nyelewer atawa jinah tangtu dihukum ku Allah.
Adonibesek ngarahuh, ”Tujuh puluh raja nu dibuntungan indung leungeun jeung indung sukuna, marulungan remeh di kolong meja aing. Kalakuan aing kitu ka maranehna ayeuna dibales ku PANGERAN.” Adonibesek dibawa ka Yerusalem sarta paeh di dinya.
Ayeuna ceuk Kami, lalaki anu nyerahkeun pamajikan lain ku sabab pamajikanana nyelewer, sarua jeung ngalantarankeun awewena ngaranyed. Lamun awewena kawin deui ka nu sejen, lalaki anu ngawinna oge kaasup ngaranyed.”
Nu matak Kaula ngabejaan: lalaki anu nyerahkeun pamajikan padahal pamajikanana henteu nyelewer, lamun kawin deui jeung awewe sejen, eta lalaki teh ngaranyed.”
Sabalikna anu jejerih ku paeh, anu hianat, anu murtad, anu maehan, anu tuna susila, tukang sihir, anu muja brahala, jeung tukang bohong, bagianana paeh kadua, nya eta lautan seuneu jeung walirang.”
[1] Dulur-dulur! Ku sabab Allah sakitu murah asih-Na ka urang, sim kuring menta ka aranjeun supaya ngabaktikeun diri ka Mantenna, jadikeun kurban hirup-hirup; kumawula ka Mantenna bae supaya sukaeun manah-Na. Kudu kitu ibadah teh, kakara bener. [2] Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya. Batin teh sina dianyarkeun ku Mantenna, supaya pikiran aranjeun barobah anyar sama sakali. Ari geus kitu mah tangtu bakal terang kana pangersa Allah, mana nu hade, nu sampurna, nu matak bisa nyukakeun manah-Na.
[41] Anu diturut ku maraneh mah kalakuan bapa maraneh.” ”Rama kaula taya deui lian ti Allah. Kaula kabeh putra-Na ku manten,” walon jalma-jalma. [42] Pilahir Yesus, ”Lamun enya Rama maraneh teh Allah, tangtu nyaraah ka Kami, sabab Kami asal ti Allah. Tah ieu Kami, datang teh lantaran diutus ku Mantenna, lain datang karep sorangan.
[16] Awewe anu migawe sihir kudu dipaehan. [17] Jalma anu ngajima sato kudu dipaehan.
[3] Aranjeun ku Allah diperih kudu hirup suci. Kade, lamun sapatemon ulah ingkar tina susila. [4] Salaki, ari ngagaulan pamajikan kudu suci pikiran make tatakrama anu pantes,
[9] Sageuy aranjeun tacan tarerang, jelema jahat moal bisa jadi umat Karajaan Allah. Ulah ngabobodo maneh. Jelema anu ingkar tina susila, atawa anu nyembah ka brahala, atawa anu jinah, atawa lalaki sapatemon jeung lalaki deui, [10] atawa anu maling, atawa anu hawek, atawa bangsat — moal jadi umat Karajaan Allah. [11] Bareto sabagian aranjeun aya anu hirupna kitu. Tapi ayeuna aranjeun geus dinyatakeun beresih tina dosa, geus jaradi kagungan Allah, geus diangken bener ku Allah, lantaran percaya ka Gusti Yesus Kristus, jeung ku karana kakawasaan Roh Allah urang. [12] Aya anu ngomong, ”Kuring rek kitu rek kieu ge meunang.” Memang, tapi henteu kabeh anu dimeunangkeun aya mangpaʼatna. Sim kuring oge bisa ngomong kitu, rek kitu rek kieu meunang, tapi sim kuring mah embung dibudakkeun ku naon oge. [13] Aya anu ngomong, ”Dahareun keur eusi beuteung, beuteung eusianeun dahareun.” Bener, tapi duanana ku Allah bakal dieuweuhkeun. Raga lain pikeun sapatemon anu ingkar tina susila, tapi pikeun ngalalayanan Gusti, Gusti anu miara raga urang. [14] Allah geus ngahirupkeun deui Gusti tina maot, kakawasaana-Na bakal ngahirupkeun urang oge. [15] Aranjeun tarerang, raga urang teh jadi bagian anggahota tina salira Kristus. Wenang sim kuring make salah sahiji anggahota salira-Na, dipake sapatemon jeung awewe palacuran? Paliyas! [16] Atawa bisi aranjeun tacan tarerang, lalaki anu sapatemon jeung awewe palacuran teh badanna jadi hiji jeung awewena. Hal ieu eces diterangkeunana dina Kitab Suci, ”Duanana jadi sadaging.” [17] Tapi saha-saha anu nyatunggalkeun diri ka Gusti, rohna jeung Roh Anjeunna jadi ngahiji. [18] Pahing lacur! Dosa-dosa sejen anu dipigawe ku jelema, dosana ka nu aya di luareun ragana sorangan. Tapi dosa tina lacur mah dosa ka ragana sorangan. [19] Aranjeun kudu tarerang, raga aranjeun teh tempat tinggalna Roh Suci, Roh paparin ti Allah, dilinggihkeun di jero diri aranjeun. Diri aranjeun lain boga aranjeun, tapi kagungan Allah. [20] Aranjeun teh ku Allah geus digaleuh, dibayarna lunas, anu matak raga aranjeun kudu dipake ngamulyakeun Allah.
[19] Napsu badan ngajakna kana rucah, aeb, teu uni, [20] muja brahala, sihir, ngamusuh, gelut, dengki, ngumbar amarah, mentingkeun sorangan, papecah, [21] sirik-pidik, beuki kana mabok, ria-ria, jeung salian ti eta. Sim kuring rek ngingetan deui cara nu enggeus-enggeus yen anu kalakuanana kitu moal meunang tempat di Karajaan Allah.
[20] Sabab anu asal ti jero bijil kaluar mah kaluarna ti jero hate, nya eta rupa-rupa pikiran goreng anu mawa kana lampah tuna susila, maling, maehan, [21] ngaranyed, hawek, migawe rupa-rupa kajahatan, nipu, nyieun kaaeban, mitenah, dengki, gede hulu, teu bisa diwarah. [22] Ieu sipat-sipat jahat, kabeh bijilna ti jero hate, matak najis ka diri.” [23] Ti dinya Yesus angkat ka hiji daerah deukeut kota Tirus, lebet ka hiji imah hoyongeun ulah kanyahoan aya di dinya. Tapi sumping-Na teh teu bisa disumput-sumput.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991